Keur Naon Sakola
Keur naon kuring sakola
Mun nu diudag ukur angka-angka nu ditulis na kertas
Keur naon kuring diajar
Mun nu dipaluruh ukur kecap-kecap nu bakal dipopohokeun
Dua welas taun kuring sakola
Ukur kabendu guru nu eunteup na emutan
Ukur landihan nu jadi bahan caritaan
Silih poyok, silih dedetkeun dipungkas ku seuri bangun bungah
Keur naon kuring diajar soson-soson
Mun kapinteran teu bisa jadi patokan kasuksesan
Peunteun aralus ngahias rapor
Piala minuhan lomari kaca
Geus lulus mah geuning angger hese neangan gawe
Keur naon kuring sakola luhur-luhur
Geus puguh gelar teh sarjana pendidikan
Kuliah di paguron nu cenah geus kakoncara
Ngabdikeun diri ngajar geus mang taun-taun
Tapi naha bet teu diaku guru profesional
Pedah can miluan nu tilu minggu
Jadi, keur naon atuh sakola teh?
Atawa ajen sakolana anu memang can sawawa?
Kuring ukur ngahelas
Waktu ningal kolot budak
Leuwih ngajenan bembel tibatan sakola.
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan
Komentar