Asep Saefur

Menulis adalah berkomunikasi dengan rasa. Menulis adalah ungkapan rasa tak bertepi. Tak ada batas ruang. Tak ada batas waktu. Menulis adalah berkomunikasi a...

Selengkapnya
Navigasi Web

Sangu Haseum

Kayungyun budak teh. Enung ngaranna. Enya ge budak keneh, tapi babasaanana mani sopan tur lemes. Jaman kiwari bari jeung di kota asa geus jarang aya budak anu make basa sunda sakitu alusna. Lolobana mah marake basa Indonesia we, basa “malayu” ceuk kolot baheula mah.Nya eta atuh sok araraneh ngabandungan kolot jaman kiwari. Ari maranehna ngalobrol teh teu weleh make basa Sunda, naha ari ngobrol jeung anakna bet kudu make basa Indonesia. Geus puguh kana kakawihan jeung kasenian mah, kabudayan sunda teh sigana geus diapilainkeun. Mun geus diaku ku batur kakara rariweuh."Teh Eni, aya sangu sesa?" Si Ema nyampeurkeun ka dapur."Kangge naon Ema?" pamajikan ngagorowok ti kamar mandi."Eta si Enung isuk keneh geus neangan sangu, keur hayam cenah mah."

“Tos dipiceun, Ma!” tembal pamajikan.

“Ke deui mah tong dipiceun, asupkeun we kana keresek. Gantungkeun we dina pager.” ceuk Si Ema bari ngoloyong mulih ka bumina.

Ti harita sangu sesa teh geus tara di piceun, da aya anu mulungan. Meunang mereun sawatara bulan mah. Hiji mangsa pamajikan cumarita, “apal teu Si Enung?”

“Apal, kumaha kitu?” cekeng teh.

“Unggal isuk pan sok mentaan sangu sesa ka Si Ema.”

“Enya, keur hayam lin? Kumaha kitu?” Rada aneh naha pamajikan bet nyarita kitu.

“Eta sangu sesa teh lain keur hayam geuning.”

“Maksudna?” kuring kerung.

“Sangu sesa teh, sok digoreng deui. Disangray meureun pantesna mah, da teu make minyak. Kadang-kadang sok diseupankeun deui.”

“Terus?” kuring bingung beuki kerung.

“Enya terus didalahar ku maranehna.”

“Nu bener ah? Tong sok ka mana wae nyarita teh”

“Enyaan!” pamajikan tandes. “Yeuh, kadang-kadang sapopoe teu maranggih sangu. peupeuriheun aya deungeuna mah.”

“Piraku, ah. Jaman kiwari masih aya nu kitu?” ceuk kuring reuwas, teu percaya.

“Angger ari geus teu percayaan teh.” ceuk pamajikan. “Si Ema anu kungsi ngawenehan teh. Teu ngahaja harita teh nganjang ka imahna. Mangkaning di imahna teh aya ninina Si Enung, geus sepuh. Keur ngariung we balakecrakan ngadahar sangu sesa tea.”

Deudeuh teuing. Hate ngeleketey. Lima taun cicing di ieu lembur nepi ka teu apal aya tatangga kalaparan, sakalieun dibere sangu sesa. Leuheung mun kasebutna sangu sesa tea mah, ieu mah sasat geus jadi runtah da sugan teh enya we keur hayam. Ya Allah hampunten sim kuring sakulawarga tambelar ka tatangga, ka dulur salembur. Teu karasa panon ngarakaca, siga aya cai nu rek ragrag maksa nyakclak tina sela-sela. Sok inget ka jaman sangsara baheula.

“Sigana eta meureun nya, nu matak rejeki urang rada seuseut teh. Teu malire kasusah tatangga.” ceuk pamajikan deui semu ngaheruk.

“Enya meureun. Kumaha atuh mantuanana, da maenya ari kudu unggal poe dibere mah. Lain embung mere, ngan asa teu lucu we. Da lain kitu meureun carana mantuan nu susah kitu mah.” ceuk kuring.

Sajongjongan mah kuring jeung pamajikan pahuleng-huleng.

“Kumaha mun dititah mantuan nyeuseuh we atuh?” Kuring mere usul.

“Nyeuseuh mah kabedag keneh ku kuring ge, teu kudu dibantuan.” pamajikan nembal.

“Lain kitu.” ceuk kuring. “Ieu mah pan judulna oge kumaha carana ngarah bisa mantuan kulawarga Si Enung. Lain rek teangan rencang keur mantuan nyuseuh.”

“Enya sih.” Pamajikan ngahuleng sakeudeung. “Tapi da nyeuseuh mah kabedag keneh.”

“Ehmm angger” ceuk kuring dina jero hate. Dasar awewe.

Hiji mangsa, sawatara poe ti saprak obrolan kuring jeung pamajikan, indung budak nyaritakeun yen di para aya sayang engang. Paingan cekeng teh sok aya engang hiber ka jero. Palaur teuing, sieun kaseureud.

“Ala atuh!” ceuk pamajikan.

“Embung ah.” rada sieun oge ku engang teh, kituna mah kungsi kaseureud tah ku engang nurus tunjung teh nepi kaparanas tiris.

“Enya atuh ke ka Si Ema sugan aya nu bisaeun.” ceuk pamajikan surti.

Balik gawe, bada shalat magrib pamajikan hariweusweus nyaritakeun kajadian tadi sore. “Tadi Teh Nyai ngobrol,” ceuk pamajikan bari ngasongkeun piring nu geus dieusian sangu. Teh Nyai teh anakna Si Ema.

“Aya naon?” Kuring ngarongkong nyokot lalab terong.

“Eta nyaritakeun indungna si Enung. Tadi teh nu ngala sayang engang teh manehna.”

“Wanian geuning?”

“Eta ge ku Si Ema ditanya wani henteuna. Dijawabna teh, ‘maenya nu kitu bae,’ cenah bari tuluy nyokot korsi jeung pangajul. Duka dikumahakeun cenah, da Si Ema jeung Teh Nyai ge sieuneun rek ningal teh. Teu lila eta teh, sayang engang geus diala.” ceuk pamajikan deui bari ngahuapan si bungsu.

“Bener wanian” cekeng teh. “Tah eta nu ngaranna awewe perkasa teh.” ceuk kuring deui bari seuri leutik.

“Heueuh nya” pamajikan milu seuri.

“Dede ieu sahuap deui!” pamajikan ngudag si bungsu nu mimiti embung dihuapan. Nya eta atuh keur hese dahar budak teh. Si lima huap we sugan mah, geus lima huap mah mugen embung dihuapan deui.

“Enggeus dibere indungna Si Enung teh?” ceuk kuring rada ngagorowok da pamajikan keur nutur-nutur si bungsu nu embung cicing.

“Enggeus, dibere lima puluh” tembalna bari ngabebenjokeun si bungsu ngarah daek ngahuap deui.

“Eta mah atohna indungna si Enung, yarita ka Teh Nyai, ‘Uing meunang rejeki gede siah. Di bere ku Teh Eni lima puluh rebu.’ Pamajikan nyapertikeun omongan teh Nyai. Cenah mah duit anu lima puluh rebu teh dibeulikeun beas jeung bisa mere bekel keur si Aa sakola. Karunya cenah budak teh geus saminggu teu sakola da euweuh keur ongkos-ongkos acan.

“Lain, ari bapana si Enung aya keneh?” kuring nanya ka pamajikan. Maklum enya ge geus rada lila ngumbara di eta lembur tapi can pati wanoh jeung tatangga. Perbawa budaya kota kituna mah, hese hayang wawuh jeung pangeusi lembur teh ari lain tatangga deukeut imah mah.

“Pan, eta Si Kang Duleh bapana Si Enung mah. Grup Si Idoy ceuk si Ema mah.”

“Baruk Kang Duleh?” kuring hookeun, teu percaya. Jeung Kang Duleh mah apal pisan atuda mindeng panggih di Pos Ronda nu sok kaliwatan. “Naon grup Si Idoy teh?” ceuk kuring deui teu ngarti.

“Heueuh ari pamajikan digarawe, salaki-salakina gadon ruang-riung we di pos ronda.”

“Kutan, teu boga gawe Kang Duleh teh?” kuring teu percaya.

“Heueuh sakalieun aya anu nawaran jadi sopir pribadi oge embungeun, gajihna leutik majarkeun teh.”

Ehm, sugan teh. Rada heneg oge ngadenge kitu mah. Nu leutik embung, nu gede euweuh. Anak pamajikan weh di lapurkeun. Rek ngabantu oge rada merod deui, sok sieun dianggap ngahinakeun. Maksud alus ge ari katarimana goreng mah, kalahka jadi goreng. Kumaha atuh? Deudeuh teuing Enung, sing sabar, sing gede milik, sing kasampeur kabagjaan hidep engke jaganing geto. Cag.

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post