BUDHI SLAMET SAEPUDIN

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

MAMAH

Ingetwé harita bulan Rajab di taun 2012, peuting geus asup wanci sareureuh budak waktu aya BBM asup ngabéjaan yén nini kawalon di Cirebon asup ICU. “Dipundut dungana wiréh mamah Cirebon dirawat di ICU RS. Gunung Jati nembé kinten tabuh tujuh” kitu eusi BBM nu dikirim ku pun Paman kana HP Blackbarry Bold kameumeut. Apanan nini kawalon di Cirebongé disarebut mamah ku sakabéh kulawarga, matak lamun sakalieun nganjang ka Cirebon sakapeung sok salah harti, maksud nyalukan mamah indung kuring tapi nu ngalieuk mamah nini nu di Cirebon. Gasik kuring nelepon si mamah di Cikalongwétan maksud rék méré iber yén nini di Cirebon katarajang gering parna nepi ka kudu asup ICU. Pok téh si mamah ngajawab di tungtung telepon “Muhun mamahgé nembé diwartosan ku Amang di Cirebon, nya tatan-tatanwé bilih aya nanaon mah” ceuk si mamah, sihoréng sarua geus meunang béja ti pun paman.

Gégéléhéan hareupeun tivi jeung si cikal teu karasa kuring kapulesan. Jam dualas peuting Hapé réang disarada, nu kuring boh kitu deui nu pamajikan. Gancang diangkat, “Dé, mamah Cirebon nembé ngantunkeun, hapunten bilih salami kumelendang almarhumah aya kalepatan ka wargi sadayana di Bandung, dipundut dungana mugia amal kasaéan almarhumah ditampi ku Allah SWT, dinten énjing badé dikurebkeun di Cirebon. Nyungkeun bantosan ogé pangdugikeun ka wargi-wargi nu sanésna di Bandung” ceuk Paman kuring di tungtung telepon semu dareuda. Geuwat nelepon ka si mamah deui, rada lila karék bisa nyambung, “Mah, mamah Cirebon ngantunkeun nembé!” ceuk kuring hariweusweus. “Nya atuh énjing subuh urang kaditu, mamah sampeur kadieu ieu rada teu raraos” jawab si mamah.

“Ari si Aa sareng tétéh dimana?” kuring nanyakeun ki lanceuk anu salila ieu cicing bareng jeung si mamah di imah.

“Si Aa nuju ka bumi mitohana sadayana sareng barudakna apan énjing libur” ceuk si mamah deui. Kuring teu loba cacarita deui, gasik neleponan ki adi jeung ki lanceuk katut kulawarga séjéna pikeun méré iber ngeunaan mamah Cirebon nu geus tilar dunya. Ku hésé neleponan ki adi jeung ki lanceuk, lebeng hésé nyambung teu diangkat, haté rada mentegeg ogé. Palinggé keur parules saré sok komo harita geus asup wanci janari.

Waktu ka subuh karasa ngan sakocépat, jam opat subuh kuring neleponan ki adi jeung ki lanceuk bisi arék indit bareng ka Cirebon. “Yoga sareng Aa paling nganggé motor, boncéngan langsung ti Bandung méh ngudag waktos” ceuk ki Adi nu nganjrek di Jati Handap Cicaheum. Satengah lima kuring nelepon si mamah deui, masinikeun rék ngajemput, “Muhun mamah badé netepan heula sareng beberesih ke pami tos sayagi diwartosan” ceuk si mamah. Satengah jam euweuh béja, waktu sajam campleng geus kaliwat euweuh sms sumawona telepon. Gura giru kuring nelepon pun bibi nu imahna teu jauh ti padumukan si mamah, sangkan pangningalikeun ka imah. Teu lila HP kuring disada, “Dé geuwat kadieu, mamah ngantunkeun!” sora pun bibi bari ceurik gogoakan. “Mamah!” sora teu bisa kebat, asa teu percaya nu jadi indung ngantunkeun, padahal cikénéh masih teteleponan jeung kuring.

Neger-neger haté nelepon deui ka ki lanceuk, “Aa mamah ngantunkeun” ceuk kuring nahan

Nepi ka Cikalongwétan si mamah dirariung geus jadi layon, tadi isuk kapireungeuh ku bibi di musholla ngantunkeun dina kaayaan sujud masih lengkep nganggé mukena.

#Pangémut-ngémut pun biang Hj. T. Sumarni

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post