Cucu Ratnaningsih

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web
POHO

POHO

Bagian 1

"Kantong"

Panon Poe geus lingsir, waktu maju ka magrib.Bu Ratna lieuk deui lieuk deui nempo ka luar.

"Si bapa teh ku naon can datang wae, nyiar-nyiar pikahariwangeun", Bu Ratna ngagerendeng.

"Cik atuh nelepon atawa nga WA ari aya kaperluan heula mah", gerendengna Bu Ratna deui.

Adzan Maghrib Pak Rido salakina Bu Ratna kakara jol.

"Assalaamu'alaikum", Pak Rido uluk salam.

"Wa'alaikumussalaam", Bu Ratna ngajawab bari rada bangkenu.

Tapi bari jeung rada keuheul, Bu Ratna tetep cium tangan ka Pa Rido.

"Hampura bu, bapak telat. Bieu ka konter heula, hp bapa eror teu bisa dipake nelepon jeung nga WA", Pak Rido ngajelaskeun sabab musabab balik telat.

Bu Ratna unggeuk, sabab ngarti nungalantarankeun salakina balik telat.

Saba'da Isya, Bu Ratna jeung barudakna lalajo tv. Biasa lalajo film si Upin jeung Ipin. Ari Pa Rido ngabaheuhay di ruang tamu.

Teu sawatara lila Pa Rido nyalukan Bu Ratna.

"Bu, pangnyandakkeun kantong bapa! Ceuk Pa Rido.

Koloyong Bu Ratna ka kamar tempat biasa nyimpen kantong Pa Rido.

"Dimana kantong na pa?" Bu Ratna nyeleungkeung ti kamar.

"Nya biasa atuh bu di dinya", ceuk Pa Rido.

"Di mana pa?" Ceuk Bu Ratna deui.

"Ari si ibu kawas nu kakara, nya nu biasa bapa nyimpen". Ceuk Pa Rido bari rada nyeuneu.

"Teu Aya pa, sok kadieu bapa na", tembal Bu Ratna kesel.

Bari rada jamedud Pa Rido nyampeurkeun Bu Ratna.

"Mana di tempat biasa teh?" Tanya Bu Ratna semu puas.

Pak Rido ngahuleng. Teu lila ngajewang konci motor nu ngagantung na paku. Satuluyna kaluar naek motor baru teu carek teu carita.

Bu Ratna aub deui jeung anak-anak maturan lalajo tv.

Kira-kira 10 menit ti harita, kadenge sora motor eureun di buruan NU nandakeun Pa Rido datang. Ceklek panto muka. Bu Ratna jeung barudakna kompak ningali ka panto. Pa Rido datang bari nengteng kantong nu diteangan tadi.

"Har eta gening kantong bapa Aya? Kapendak di mana?" Tanya Bu Ratna bari kerung.

Pa Rido ngajawab bari seuri koneng: "Tinggaleun di konter".

Hahahaha... Bu Ratna jeung barudakna ngabarakatak

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Hehe.. Sae Bu, lucu.

18 Jun
Balas

Judulnya buat kaget dan penasaran

18 Jun
Balas

Sunda maning...kudu belajar nampaknya

18 Jun
Balas



search

New Post