Dewi Fitrianti

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

Kawung Ratu (Reviu)

Review Buku Tipe AIH

Judul Buku : Sawidak Carita Pondok “Kawung Ratu”

Penulis : Wahyu Wibisana

Penerbit : CV Rahmat Cijulang

Tanggal Reviu : Karawang, 8 Mei 2017

Sumber : Mangle no 67 Bulan Mei 1963

Alasan :

Kawung Ratu saya pilih karena menceritakan contoh kecintaan manusia pada mahluk hidup berupa tumbuhan dan meyakini ada kehidupan lain yang secara berlebihan. Dan berakibat tidak baik dalam memecahkan masalah di kehidupan manusia itu. Kawung Ratu ditulis dengan bahasa sastra Sunda yang harus dilestarikan keberadaannya untuk dipekenalkan kepada generasi muda Indonesia, bahwa ini merupakan aset bangsa Indonesia. Oleh karena itu, saya akan mereviu isi buku ini dalam bahasa Sunda.

Isi:

Carita buku dina Kawung Ratu, dilalakonan ku sababaraha rupa karakter jeung ngaran nu hade. Diantawisna: Aki Sukarma, Kuring (budak aki/Incu aki), Ujang, Nyai, Kawung Ratu, Nyimas Pohaci Jubleg Ireng, Juragan Camat, Juragan Kuwu, Bapak Camat, Aki Tasrip, Kawung Juuh, Kangjeng Dalem Wira Tanu Ninggrat, Ratu, Ki Junsi, Nyi Parawan Mandalasari sareng Ki Punduh Cakra.

Wewengkon nu kacaritakeun dina buku Kawung Ratu nyaeta: di Desa Mandalasari, Walungan Cilonggan, Handapeun tangkal kawung, Babakan Kiara, Tasikmalaya, Wewengkon Taraju, Wewengkon Salawu, Kebon kawung, dayeuh, jeung deukeu tangkal Kawung.

Waktu nu kacaritakeun dina Kawaung Ratu nyaeta: poe ieu pisan, isuk bae, tadi isuk-isuk, beulah kamari, sapoe sapeuting, isukan, harita, waktu lahang ditaheur, ti harita, malem jumaah, wanci janari leutik, isukna, rebun-rebun keneh, kacaritakeun isukna.

Naon anu dicaritakeun dina Kawung Ratu:

katresna hiji manusa ka pidamelannana nyaeta nyadap lahang kawung, katresna manusa ka ciptaan Maha Kawasa nyaeta tutuwuhan, katresna manusa ka alam salian ti alam dunya nyaeta alam ghoib, mikawanoh aya alam salian ti alam dunya pangabdian manusa nu melak tangkal kawung nitenan mangpaat tangkal kawung keur kahirupan manusa hususna widang ekonomi paripolah hiji manusa nyaeta Aki Sukarma anu kedah ngalaksanakeun pimundut pamarentah nuar tangkal kawung nu dipikadeudeuh ku lantaran nyadap kawung teh pacabakannana, padamelannana nu ngahasilkeun rasa katresna ka alam salian ti alam dunya. Paripolah timburu manusa nu teu menang hadiah ti Ratu

Paripolah Aki Sukarma nu bingung ku sabab tangkal kawung nu dipikadeudeuh na teh nyaeta titisan Nyimas Jubleg Ireng nu asalna tina daging getih Dewi Sri urang kayangan kedah dituar kanggo pimaksadan pamarentah, “guru ratu wong atua karo”. Ku sabab teu wasa hate na nuar tangkal kawung, janten Aki Sukarma bunuh diri ngagantung maneh di tangkal sigay kawung. Suku Aki Sukarma geus ngagulayun. Kumaha ngawitanna? Mangga urang lajengkeun.

Aku Sukarma melak tangkal kawung baheula, keur ngora keneh can jaman merdeka. Tangkal kawung teh ku Aki Sukarma jadi angen-angen sangkan eta kawung bisa mere pakasaban anu lumayan. Aki Sukarma sok ngajak nyarita ka eta tangkal kawung, ngibaratkeun kawung teh sarupa jeung parawan Mandalasari nu ngadeg di sisi jalan liliwatan. Di pusti-pusti, didu’aan dugi ditahajudan, tahajud hayang dibere ngimpi ku Pangeran Gusti Alloh SWT. Aki ngimpi jeung Aki percya pisan kana eta impian teh. Unggal ay akahayang ti tangkal kawung, Aki Sukarma kedah wakca, siga nu nyungkeun kanu aya di lebet tangkal kawung nyaeta Nyimas Jubleg Ireng tea.

Cunduk waktu ninggang mangsa dugi aya pamundut ti Ratu di nagara Punduh Cakra, dina hiji poe datang ka Aki, cenah Kangjeng Dalem Wira Tanu Ningrat mundut dipangdamelkeun gula ka unggal somahan ti wewengkon di Taraju jeung Salawu nu sok nyadap. Di Desa Mandalasari nu kapeto pisan teh nya Aki pisan. Aki teh dipundutan ku Ratu, kudu nyieun gula sireum jeung gula kerenceng. Pagaweuan nu bangga eta teh, tapi sakumaha bangga na oge da dawuh Ratu kedah ditedunan ke Aki. Ku sabab aki nyepeng wakca ““guru ratu wong atua karo, wajib sinembah”.

Aki midamel pamundut Ratu, teras gula nu dikintun ka Ratu ditampi pisan. Katampi sarta kapuji hadena. Aki dipaparin hadiah duit sabenggol, teu kurang teu leuwih, buktos citresna ti nu jadi Ratu, bungah nu aya. Ti saprak eta Aki Sukarna maparin asma. Ti harita kawung teh dibere ngaran “Kawung Ratu”.

Perkara dipaparin hadiah ku Ratu teh ngaliarkeun timburu ka nu patani sadap kawung ti desa nu sejenna nyaeta Aki Tasrip, Kawung Juuh nu jadi kaagulannana. Juuh ku lantaran eta meureun lahangna juuh pisan, jugrah. Dugi ka Aki Tasrip ngagantung maneh di Kawung Juuh, lantaran aya kawung nu leuwih hade gula na ti manehna. Kuciwa. Ieu oge kajantenan ku Aki Sukarma namung benten perkarana. Aki Sukarma teu panuju sareng pamarentah anyar kadieunakeun nu kedah nuar Kawung Ratu, ku lantaran mikadeudeuh pisan ka Kawung Ratu. Beurat nu karasa ku Aki Sukarma, disampakeun persualan pribaddi nu kacida teu kapikir ku Aki Sukarma. Pok weh Aki Sukarma teh nyarita ka para putrana, Ujang jeung Nyai. Nyaritan asetu binarung rasa jeung dareuda hate. Persualan nu disanghareupanana pohara beuratna. Kudu aya putusan. Aki Suakrma geus ngajawab persualan pribadina. Jiga nu meunang mikir sapeupeuting. Yen kudu kitu. Aki Sukarma ngagantung maneh di tangkal Kawung Ratu nu dipikadeudeuh pisan saumur hirupna.

Hikmah:

Rasa tresna kudu dibarengan ku rasa ikhlas yen sagala rasa nu nyaliara dina hate manusa ngan kagungan Alloh SWT. Pasrahkeun saneskanten persualan hidup, da ngan ka MantenNa urang gumantung salawasna.

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Salam kenal pasti buku ini penuh dengan falsafah Sunda Sayang saya kurang fasih berbahasa Sunda

10 Dec
Balas



search

New Post