Dinni Ariani

A grateful wife (Insya ALLAH), A Mother of 3 kids, An English Teacher in SMPN 15 Sukabumi, a Learner. ...

Selengkapnya
Navigasi Web
Carita Ucing Batur

Carita Ucing Batur

Aya sobat-sobat kuring nu miara ucing di imahna. Ucing asli piaraan nu lalindeuk, jalabrig, saropan, tara tataekan kana nuhur meja makan. Lain ucing kampung kawas nu aya di tepas imah kuring. Kapaksa eta mah da dipikaresep ku barudak jeung salaki kuring. Rupa-rupa carita babaturan kuring jeung ucingna teh. Ningali dina status facebook Bu Tina, babaturan kuring nu jadi guru di Garut, aya foto ucingna diperban bari keur ngalempreh dina jok mobil. Cenah ucingna eta kakarak beres dioperasi jadi masih keneh aya pangaruh biusan. “Naha kunaon atuh dioperasi Bu?” kuring nanya ka manehna. Cenah mah gering prostat. 

 

Aya oge Euis, babaturan kuring di Cimahi, nu sedih naker sabab ucingna karak ngajuru teh kudu dioperasi, diangkat rahimna. Cenah mah alatan aya infeksi. 

“Kudu wae diangkat rahimna, Cin, bisa bahaya mun diantep ceuk dokter mah,” Euis ngajawab pananya kuring dina Whatsapp.

 

Sobat kuring nu lain, Wida ngaranna urang Bandung. Manehna remen ngunggah poto ucing nu ngaranna Bobby jeung Shadow. Bobby teh ucing nu jalu, warnana oranyeu, Shadow nu bikang buluna hideung abu-abu. Hiji mangsa kungsi Shadow teh ngajuru. Aya opat anakna, rupa-rupa bulu jeung beungeutna, ngarah ka indung bapa weh. Tapi karek ge sababaraha poe, eta anak ucing teh hiji-hiji paraeh. Geus satekah polah sobat kuring ngupayakeun anak-anak ucing panjang umur, ti mimiti ngadatangkeun dokter hewan nu mariksa ka imah nepi keun ka meuli susu pormula khusus orok ucing nu hargana ge nepi ka tilu ratus rebu sakaleng. Merekna royalcanine. Qodarullah, umur ditangtukeun ku Gusti Alloh, sakabeh anak ucingna teu bisa disalametkeun. Mun maca status sobat kuring nu harita keur sedih naker, kuring ge jadi osok milu sedih. Kabayang da manehna mah nyaah pisan ka ucing teh, teu siga kuring.

 

Pernah oge manehna ningalikeun video si Shadow, indung ucing tea bangun keur neangan anak-anakna, da terus weh “meong,... meong” dina lawang kandang. Watir ngadenge sorana ge. Nyayat kana hate saha wae nu pernah jadi indung. 

 

Ari si Bobby mah jaluna kaciri cuek weh, anteng ulin siga biasa. Ceuk sobat kuring, Bobby mah kawinna teh da lain ngan ka si Shadow hungkul. Salila ieu, si Bobby teh geus kungsi kawin jeung Alexa, Clara, Luna, Bella, Pritty oge jeung Diva. Ucing-ucing bikang eta teh ngahaja dibawa ku nu barogana ka imah Wida, kulantaran hayang dikawinkeun jeung Bobby. Biasana sina ngendong sababaraha peuting, da cenah kudu pendekatan heula nepika nu bikangna daekkeun ka si Bobby.

 

Geus sababaraha bulan ti harita, Shadow teh hamil deui. Wida osok mawa Shadow ka dokter hewan, dipariksa kandunganna nepika di-USG. Kaciri orok-orokna uyek dina jero beuteung. Aya lima cenah mah. Teu kungsi lila ti harita, Wida ningalikeun poto-poto Wida geus ngajuru. Enya weh orokna aya lima, rupa-rupa warnana keur kaciri parebut cai susu indungna. Ngan anu hiji mah teu milu parebut, kacirina keur dikeukeupan weh ku indungna. Ucing nu bodas eta, sababarha poe ti harita teh gening leungit nyawana. Paeh. Atuh Wida sobat kuring ceurik deui. Dina WA reumbay cimata, tapi tetep tawakkal sumerah ka Gusti nu Maha Kawasa. 

 

Ayeuna geus rek sabulan, Alhamdulillah ucing-ucingna nu opat masih jagjag waringkas. 

“Cinta, ieu yeuh ngaran ucing kuring nu ayeuna,” ceuk Wida dina obrolan WA.

“Louisa May Alcott, Charles Dickens, Robert Parker, Jane Austen.”

Manehna teh beuki pisan maca, komo deui novel-novel klasik, matakan ngaran ucing-ucingna ge make ngaran pangarang kahot. Sok hayang seuri nempo bilatung dina poto atawa video Instagram Wida, bari ku manehna ditataan ngaran-ngaranna. Lucu ningali roman jeung polahna, tapi ngabayangkeun ngurusna mah ah kuring teh teu kabita.

 

“Cintaaa, ieu si Shadow gering. Geus 3 poe teu asup dahareun, ari anak-anakna nyusu wae geura. Meni hariwang Wida mah, “ ceuk Wida dina Whatsapp.  

“Euleuh, kumaha atuh. Geus dibawa ka dokter?” ceuk kuring.

“Kamari ka dokter teh, cenah mah aya infeksi. Ayeuna ambeh si Shadow bisa istirahat teh anak-anakna kudu diajar dahar, ulah ngan saukur nyusu ka indungna. Da geus sabulan umurna ge. Do’akeun nya Cin. Ieu Shadow sing geura sehat deui,” ceuk Wida.

 

Narima WA kitu kuring jadi milu sedih, meureun mun jelema mah Shadow teh geus ngalakukeun jihad, tibarang kakandungan nepi ka ngajuru tuluy nyusuan. Ayeuna gering nepika teu bisa dahar tilu poe. Mugi Gusti manjangkeun umurna tur sehat deui. Jadi inget ka si Miko, ucing nu dipiara ku anak-anak kuring. Pernah oge gering nepi ka leuleus taya pangawasa. Biasa lingas newak oray, kadal, jeung sajabana. Keur gering mah sare wae bari dahar ge teu sumanget kawas biasana. Nepika pernah ceuk salaki teh, “Si Miko tereh paeh sigana, muyung wae, jaba tadi mah nyampak geus aya di solokan deukeut pos.”

 

Ceuk kuring, “bere propolis weh atuh, ieu yeuh geura lumayanlah doping.” Sok dibikeun ka bapana, ku barudak ucing teh dicekelan bari sina calangap. Keclak propolis sababaraha kali, geus kitu mah ucing teh sare deui. Cai nginumna atuh ku kuring ditambahan madu. Lain nanaon, sieun jadi dholim lamun ngantep teu ikhtiar teh. Aya umurna keneh ucing teh gening, sanggeus sababaraha poe mah cenghar deui. Barudak surak, komo bapana. Alhamdulillah.

 

Cag.

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post