Efi Sufiah

Seorang pensiunan guru yang sedang asyik menggeluti hobby sebagai crafter sambil mengasuh cucu. Tertantang untuk menaklukan ketidakmampuan menulis, dengan mula...

Selengkapnya
Navigasi Web

Di Satukangeun Gunung Puntang

Ngarabut Wortel

Isuk-isuk tirisna teu katulungan. Mandi teh di pancuran luhureun balong nu ditutupan ku sarigsig awi, minangka pantona tina urut karung bagor. Jaba aya dijajalaneun, atuh mandi teh kudu cingogo. Nonggeng saeutik ngahontal anduk ge bujur katempo kunu ngaliwat. Caina ngagolontor tina pancuran, cenah mah langsung cai ti gunung. Caina tiis nyecep siga cai kulkas, nyikat gigi ge mani baal, keur nu nyeri huntu mah matak nyanyautan.

Bari siduru bari nungguan sangu asak, ngadongeng jeung nu boga imah. Horeng kuring teh aya di hiji lembur nu aya di tutugan gunung , cenah tukangeun Gunung Puntang. Teu jauh ti Gunung Papandayan, nu katukang pernah ngaluarkeun lahar panas, nepi ka pendudukna ngungsi ka lembur lain. Pendudukna hirup tina tatanen sayuran, barudak ngorana mah khususna wanoja, garawe jadi TKW di Arab Saudi.

Kuring jalan-jalan nuturkeun indung suku tumpa-tempo kaayaan lembur. Sakurilingeun kebon sayur, bawang beureum, bawang daun, jeung wortel nu katingali deukeut imah mah. Kandang domba ampir unggal imah, aya nu dihareupeun imah, di tukangeun imah aya oge digigireun pisan jandela kamar sare. Cai cur-cor herang, ngagolontor ka pancuran imah, jeung ka balong. Ampir unggal imah aya balong.

Sabada bubar Jumatan, kuring ngaprak rada jauh. Kabeneran nu boga imah keur nepungan dulurna. Nepi ka tungtung jalan buntu, belok ka katuhu kuring nuturkeun jalan satapak , teu karasa jalan teh beuki naek. Bras ka kebon sayur upluk aplak, satungtung deuleu hejo ku kebon sayuran. Sabot kuring tumpa tempo, katingali di hareupeun aya aki-aki ngarit jukut. Diajak ngobrol, cenah ngarit keur parab domba. Ku kuring ditaksir umurna kira-kira tujuh puluh tahun-an, tapi ceuk anjeuna mah genep puluh. Aki-aki pamit rek ka tonggoh, cenah aya nu keur panen wortel, daunna alus keur parab domba. Kuring nyarita, hayang milu. Ceuk anjeuna jauh ka luhur, bari nunjuk ka tonggong lalaki nu katonggohkeun mawa tanggungan kosong. Ceuk kuring sawios tebih ge, ngiring wae. Si Aki ngahayukeun.

Enya we jalanna beuki nanjak jeung tarahal, ngahegak napas teh, tapi si aki mah siga leumpang di jalan lempeng. Ari kuring sok elodan, ningali aya nu keur nyebor wortel , bet nyimpang ngajak ngawangkong, tunyu-tanya. Daun wortel teh siga daun peterseli. Melakna diawurkeun, teu diatur, saawurna, sajadina, aya nu kerep aya nu carang. Teu meunang dipindahkeun, ceuk pikir kuring mun melakna kerep teuing atuh beutina moal sarua gedena, da rek ngagedeana kahalangan meureun. Da kitu cenah, kuduna. Wortel diceboran tilu jam sakali da kabeneran masih kaasup halodo, dipanen na kira-kira tilu bulan sakali. Keur kitu aya nu ngaliwat ngabengkot nanggung wortel. Ceuk manehna eta teh nu buburuh nanggung hasil panen ti tonggoh, masing-masing mawa kira-kira 80 kg dugi ka sakintal sabalikan. Biasana mah saurang kabagean dua balikan sewang.

Di tonggoh, kadenge eak-eakan ngagonjak si aki, nu geus aya di tonggoh. Kadenge nyalindiran kuring, naha meureun aya awewe nutur-nutur si aki. Ajak kadieu cenah ka aki-aki teh, ah kuring nekad nyampeurkeun, panasaran keur naraon maranehna teh. Kuring pamit ka si bapa nu keur nyebor. Neangan jalan hayang bisa nepi ka tonggoh. Lumayan kudu ngaloncatana susukan leutik, kudu naek muntang ruwal rawel tatangkalan keur panyekelan, ngesod naek. Bari titatarajong ge nepi ka tempat maranehna, aya genepan lalaki keur eak-eakan gogonjakan bari terus ngarabutan wortel. Ari kuring geus aya hareupeun mah jarempling. Kuring menta ijin hayang miluan ngarabutan wortel, maranehna nyaluyuan.

Kuring miluan, nonggeng, ngarabutan terus marieuskeun daunna, gampang, da taneuhna muruhpuy. Enya we tina sakali ngarabut teh, nu gedena mah bisa diitung. Lolobana laleutik. Ceuk maranehna, nu leutikna mah engke teh jadi BeEs atawa keur parab domba. Atuh sehat domba garut mah nya, da parabna ge vitamin A,C. Wortel diasupkeun kana karung, terus ditanggung dibawa ka lembur ka pangumbahan, dikumbah heula samemeh dikilo ku bandar.

Ti luhur kadenge sora pengeras suara ngoncrang ti lembur, pengumuman “ kanggo Ma Ening diantos di ..... enggal aya bel ti saudi, pengumuman tilu kali. Bewara aya bel ti saudi teh aya leuwih ti tilu kali, meureun loba nu jadi TKI di Arab. Teu karasa, beuki sore, ceuk maranehna rek anggeusan da bisi kaburu hujan. Kakara ge repeh, enya we cluk-clak. Kuring pamit, sieun hujan beuki gede. Maranehna nawaran, bilih bade nyandak woretl cenah, ku kuring ditolak, da lain hayang wortel, hayang nyobaan we jadi patani.

Sumedang, 22 Januari 2022

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Asyik juga membaca cerpen berbahasa Sunda. Meski harus pelan-pelan agar bisa memahami maksudnya, tidak mengapa. Akhirnya, ada beberapa kata yg bisa saya ketahui artinya. Pagi-pagi dinginnya tidak ketulungan, begitu kira-kira maksud kalimat pembuka cerpen di atas. Terima kasih, Bu Efi.

22 Jan
Balas

Hehehe.. Terima kasih kinjungannya..Betul Pak

22 Jan

Salam literasi

22 Jan
Balas

Salam literasj, makasiiih

22 Jan

Salam literasj, makasiiih

22 Jan

Meski tak mengerti banyak kata...tetap membaca. Itu uniknya saya. Salam literasi Bunda yang selalu menginspirasi.

23 Jan
Balas

Yes you are ... unik and geulis Nuhuuun Neeng

23 Jan

sugan bade nyobian roti jeng wortel,...hehe... ah mbung ah

22 Jan
Balas

Hehehe., pami di lembang mah wortel th kanggo kelinci. Di Garut mah kanggo domba.

22 Jan
Balas



search

New Post