endas dasiah

Guru di SDN. Cijulangadeg Kecamatan Cikalong Kab. Tasikmalaya. Aktif dalam Gerakan Pramuka. Hobi menulis ditekuni sejak tahun 2016. Beberapa judul cerpen dan ca...

Selengkapnya
Navigasi Web
Carpon (Cerpen berbahasa Sunda)
Tantangan hari ke-217

Carpon (Cerpen berbahasa Sunda)

Sanggeus Dirapalan 2

Cunduk waktu inggang mangsa, kuring baris dirapalan. Apa sareng mamah, seja ngadahupkeun kuring ka Kang Dodo, ampir bareng jeung ngadahupna Bi Diana, adina mamah nu welasan taun dirorok ku anjeuna alatan ibu ramana, tegesna nini aki kuring geus tilar dunya sababaraha taun ka tukang. Bi Diana seja ngadahup ka Kang Junjun. Katawis kabingah dina raray Bi Diana kalih Kang Junjun, kawantu maranéhna mah silih asih, silih pikacinta. Aya kadeudeuh nu nganteng sajeroeun manah duanana. Béda jeung kuring. Nepi ka danget ieu, haté masih can méréan mun kudu kumawula ka Kang Dodo.

Awak ginding, beungeut nu biasana polos cukup dikumbah ku cai wudu, kiwari sagala diterapkeun. Najan cimata teu eureun murubut, teu ieuh bisa hojah. Teuing rék kumaha rumah tangga jeung Kang Dodo.

Rap, baju pangantén nu ngagebay panjang, nyangsang dina awak sampayan. Kawantu tara dangdan, taya saurang ogé nu teu kalinglap mireungeuh dedegan kuring nu salin rupa. Bener kacapangan jalma réa, jadi pangantén mah lir jadi ratu sapoé. Najan kitu, kanalangsa mah teu bisa nyingkah. Haté dilimpudan kabingung. Rék kumaha pipetaeun nalika kudu kumawula ka lalaki nu teu dipikacinta. Jumerit sajeroeun ati, teu reureuh, sugan jeung sugan Nu Maha Kawasa maparin pitulung, sangkan kuring teu nincak dina salah.

“Geus, anaking ulah diceungceurikan waé. Tarimakeun jodo ti Gusti. Kacinta mah engké ogé nuturkeun!” mamah ngaharéwos kana ceuli. Pananganna teu reureuh ngusapan. Ah, teu ieuh mairan cariosanana. Kuring ngabetem.

“Sah!” jalma réa nu nyakséni, saur manuk dibarung keprok jeung surak patarik-tarik. Handaruanna sora balaréa, teu ngéléhkeun bedasna ketug jajantung kuring. Rét, sarérétan melong Kang Dodo nu diuk gédéngeun. Haté beuki sebér. Kasieun mingkin ngandelan. Neuteup warugana, bet asa melong jurig pikasieuneun. Awak rampohpoy nahan kasieun. Késang badag ngagarajag. Tetempoan ranyay. Sakujur awak tiis ngecis. Kuring méh waé kapiuhan.

“Geura sumujud ka ibu rama nyuhunkeun ridona, sangkan dina ngambah sagara rumah tangga teu mnggih katugenah. Geura muja ka Bapa, sangkan rejeki nu disiar ceuyah bari berekah!” Ceu Vony purah nyawér cacarita dina sapéker. Jung nangtung, laju sujud dina lahunan mamah. Asa manggih jalan komo meuntas, kuring ngagukguk satakerna. Cimata nu ditahan aya kana dua mingguna tumplek dina lahunan mamah. Nginghak téh lain pédah nalangsa bakal dibawa ku salaki, tapi, éstuning ku teu sanggup kudu hirup pagilinggisik jeung lalaki nu teu dipikacinta.

Hajat lekasan, tatamu jeung dulur saturunan ngeureuyeuh marulang, najan masih loba nu tumetep di imah sab mindo minggu Bi Diana rek dirapalan, nu tempatna di imah mamah.

Wiati mimiti mongkléng. Adan Magrib ngalanglaung ti tajug pangdeukeutna. Los, ka enggon seja milampah kawajiban salaku muslimah. Cong, ngadegkeun solat. Dina sujud panungtung teu weléh méménta pitulung-Na pikeun lumampah. Taya sujud kaiwal ku juuh cimata. Diri, tétéla teu tarima kana takdir nu geus karandapan tadi.

“Hapunten Kang, abdi teu acan sayaga. Nyanggakeun beuheung teukteukkeun tikoro gorokkeun, rumaos teu tiasa kumawula sakumaha mistina,” mimiti ngedalkeun eusining ati, nalika Kang Dodo unggah kana risbang. Inyana mencrong kana hihideung panon. Sorot matana lir nu hayang ngababacak eusi haté kuring.

Teu lila inyana ngoloyong ka luar. Plong, angen ngemplong, teu bina ti hayam nu leupas tina panyerek careuh. Dampal leungeun duanan dipaké ngusap beungeut. Lalaunan biwir mapatkeun lapad hamdalah. Peuting munggaran nu kuduna suka bungah, teu ieuh kaalaman. Najan kitu keur kuring mah hiji kabungah taya hinggana, geus salamet tina lampah nu tojaiyah jeung kaayaan haté.

Awak mimiti muringkak deui, nalika wanci Isa dina peuting kadua geus manjing, ngagero sakur hamba pikeun milampah kawajiban. Kakara awes salam basa Kang Dodo ngarangkul awak ti tukang. Kuring ngagurinjal. Buru-buru nungkup baham basa teu sadar jumerit maratan langit. Teu disangka, Kang Dodo némbongkeun sikep saperti kitu. Ambekanana haroshos. Karasa kana punduk, sanajan katutup mukena.

“Peuting ieu tong nolak kana kahayang Akang. Urang geus sah jadi salaki pamajikan. Sok layanan Akang, Nyai!” bau aneh tina bahamna nyegak pisan. Teuing tas nginum nanahaon. Lain hayang kumawula ka salaki, nu aya kalah sieun.

Jung nangtung. Niat mah rék lumpat, léngkah ditahan ku sukuna. Awak ngudupruk teu walakaya. Leuleus lir kapas kaibunan. Kang Dodo ngagaléntoran. Beungeut, taya nu kaiwal parat kana beuheung. Nyel, angen murel. Ambeu nyegak jeung bau roko nyampur. Dina kaayaan teu walakaya, sataker kebek suku ditojérkeun. Nenggel pisan kana palangkakanana. Kang Dodo kahudang amarahna.

Beungeut Kang Dodo lir beusi atah beuleum, nahan amarah nu marudah. Sorot matana lir manuk hingkik nu sayaga pikeun ngabintih mangsana. Gep, leungeunna kana beuheung. Tipepereket nyekék. Ambekan ampir eureun katahan leungeunna. Kuring pasrah, mun seug kudu nembahan pati sanggeus dirapalan, batan kudu hirup jeung lalaki nu teu dipisuka.

“Nyai, Ujang, taruang heula sateuacan karulem. Ieu sangu atos disadiakeun ku Uwa!” sora Wa Ikoh, rakana mamah ngagentraan ti luar. Kang Dodo, rikat ngaleupaskeun cekékan leungeunna tina beuheung. Ambekan longsong deui.

Rikat ngudar mukena. Berelet lumpat muru panto. Kasampak Wa Ikoh nanggeuy baki eusi sangu jeung réncangna. Wa Ikoh diliwat, kuring lumpat muru dapur. Duduluran keur kumpul dina hanca gawé sewing-séwang. Kawantu nyiapkeun keur walimahan Bi Diana téa. Gep, kana peso, laju saksak-siksik marengan nu séjén. Teu kuat ku tunduh, maleman kadua sanggeus dirapalan, kuring tibra di dapur dibaturan ku nu upres marasak.

Peuting katilu, geus boga rarancang. Réngsé solat Isa, kalacat kana korsi, dipaké nété kana lomari pakéan. Sup, kana panto lalangit, ngahéphép di para. Meredongna peuting teu ieuh matak keueung. Panon mencrong ka jero pangkéng. Pitunduheun ngahiang. Panon curinghak.

Basa Kang Dodo asup ka pangkéng, atra pisan inyana rut-rét néangan. Sagala diilikan, disingkabkeun, jeung ditoongan. Kuring nahan ambekan inggis kapireng ku manéhna.

Kaciri kahanjelu ngagurat dina beungeutna. Teuing naon nu aya dina pikiranana. Sanggeus diuk di sisi risbang sawatara lilana, Kang Dodo ngoloyong ka luar. Lalaunan kuring turun. Cetrék, ngonci panto kamer. Niat mah rék saré. Awak asa pasiksak. Aya kana dua mingguna teu bisa ngerejepkeun. Tapi ieu panon, bet teu bisa peureum, hate teu tenang. Kasieun mingkin rosa. Inggis Kang Dodo balaka ka nu jadi kolot.

Gilig patékadan. Gap, kana samping kebat. Baju sapangadeg diais. Sirah dibulen ku samping séjénna. Wanci ngagayuh ka janari leutik basa suku mimiti ngaléngkah ninggalkeun imah. Apa sareng mamah katut duduluran nu mantuan pikeun acara ngadahupkeun Bi Nadia, teu ieuh maliré. Leumpang mapay jalan satapak muru jalan protokol. Teuing rék ka mana nu rék dijugjug.

Bingung pilampaheun, inggis katohyan ku nu wanoh, antukna bari ngadago wanci subuh, sup ka kolong sasak nu aya di sisi lembur. Cai ngagulidag teu ieuh matak sebér. Gék, diuk dina batu ngampar, sisi walungan. Beungeut dikumbah ku cai wudu. Biwir teu reureuh mapatkeun ayat-ayat suci sabisa-bisa. Mundut panangtayungan Gusti.

Basa adan Subuh ngalanglaung, teu talangké cong solat dina batu ngampar, ukur maké samping kebat nu dipaké ngais baju sapangadeg jeung samping nu dipaké mulen sirah.

Léngkah suku mapayan jalan gedé tan tujuan, teu eureun. Sora kelakson beus nu lalar liwat muru kota, ngung-ngong nawisan, sugan jeung sugan kuring nu keur leumpang seja lunta muru dayeuh.

Wanci carangcang tihang anjog ka imah batur sakelas nalika SMP. Manéhna reuwas nempo kuring geus aya di lemburna dina wanci nu can manjing pikeun liliaran, bari saréréa apal yén kuring kakara réngsé dirapalan.

“Tulungan abdi, Wi. Ngiring rereb heula di dieu, sateuacan abdi miang ka dayeuh. Ä–njing, pangngicalkeun kalung kanggo bekel di pangumbaraan. Abdi teu tiasa neraskeun rumah tangga sareng Kang Dodo,” balaka ka sobat dalit. Dewi, unggeuk. Kuring ceurik balilihan dina rangkulan Dewi.

Aya sakeclak pangharepan pikeun hirup di dayeuh, basa Dewi nyodorkeun duit ladang ngajual kangkalung ti mamah. Geus gilig, baris milu digawé di garmén bareng jeung babaturan lianna.

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post