endas dasiah

Guru di SDN. Cijulangadeg Kecamatan Cikalong Kab. Tasikmalaya. Aktif dalam Gerakan Pramuka. Hobi menulis ditekuni sejak tahun 2016. Beberapa judul cerpen dan ca...

Selengkapnya
Navigasi Web
Cerita pendek berbahasa Sunda (Sanggeus Dirapalan)
Tantangan hari ke-217

Cerita pendek berbahasa Sunda (Sanggeus Dirapalan)

Wiati mimiti mongkléng. Adan Magrib ngalanglaung ti tajug pangdeukeutna. Los, ka enggon seja milampah kawajiban salaku muslimah. Cong, ngadegkeun solat. Dina sujud panungtung teu weléh méménta pitulung-Na pikeun lumampah. Taya sujud kaiwal ku juuh cimata. Diri, tétéla teu tarima kana takdir nu geus karandapan tadi.

“Hapunten Kang, abdi teu acan sayaga. Nyanggakeun beuheung teukteukkeun tikoro gorokkeun, rumaos teu tiasa kumawula sakumaha mistina,” mimiti ngedalkeun eusining ati, nalika Kang Dodo unggah kana risbang. Inyana mencrong kana hihideung panon. Sorot matana lir nu hayang ngababacak eusi haté kuring.

Teu lila inyana ngoloyong ka luar. Plong, angen ngemplong, teu bina ti hayam nu leupas tina panyerek careuh. Dampal leungeun duanan dipaké ngusap beungeut. Lalaunan biwir mapatkeun lapad hamdalah. Peuting munggaran nu kuduna suka bungah, teu ieuh kaalaman. Najan kitu keur kuring mah hiji kabungah taya hinggana, geus salamet tina lampah nu tojaiyah jeung kaayaan haté.

Awak mimiti muringkak deui, nalika wanci Isa dina peuting kadua geus manjing, ngagero sakur hamba pikeun milampah kawajiban. Kakara awes salam basa Kang Dodo ngarangkul awak ti tukang. Kuring ngagurinjal. Buru-buru nungkup baham basa teu sadar jumerit maratan langit. Teu disangka, Kang Dodo némbongkeun sikep saperti kitu. Ambekanana haroshos. Karasa kana punduk, sanajan katutup mukena.

“Peuting ieu tong nolak kana kahayang Akang. Urang geus sah jadi salaki pamajikan. Sok layanan Akang, Nyai!” bau aneh tina bahamna nyegak pisan. Teuing tas nginum nanahaon. Lain hayang kumawula ka salaki, nu aya kalah sieun.

Jung nangtung. Niat mah rék lumpat, léngkah ditahan ku sukuna. Awak ngudupruk teu walakaya. Leuleus lir kapas kaibunan. Kang Dodo ngagaléntoran. Beungeut, taya nu kaiwal parat kana beuheung. Nyel, angen murel. Ambeu nyegak jeung bau roko nyampur. Dina kaayaan teu walakaya, sataker kebek suku ditojérkeun. Nenggel pisan kana palangkakanana. Kang Dodo kahudang amarahna.

Beungeut Kang Dodo lir beusi atah beuleum, nahan amarah nu marudah. Sorot matana lir manuk hingkik nu sayaga pikeun ngabintih mangsana. Gep, leungeunna kana beuheung. Tipepereket nyekék. Ambekan ampir eureun katahan leungeunna. Kuring pasrah, mun seug kudu nembahan pati sanggeus dirapalan, batan kudu hirup jeung lalaki nu teu dipisuka.

“Nyai, Ujang, taruang heula sateuacan karulem. Ieu sangu atos disadiakeun ku Uwa!” sora Wa Ikoh, rakana mamah ngagentraan ti luar. Kang Dodo, rikat ngaleupaskeun cekékan leungeunna tina beuheung. Ambekan longsong deui.

Rikat ngudar mukena. Berelet lumpat muru panto. Kasampak Wa Ikoh nanggeuy baki eusi sangu jeung réncangna. Wa Ikoh diliwat, kuring lumpat muru dapur. Duduluran keur kumpul dina hanca gawé sewing-séwang. Kawantu nyiapkeun keur walimahan Bi Diana téa. Gep, kana peso, laju saksak-siksik marengan nu séjén. Teu kuat ku tunduh, maleman kadua sanggeus dirapalan, kuring tibra di dapur dibaturan ku nu upres marasak.

Peuting katilu, geus boga rarancang. Réngsé solat Isa, kalacat kana korsi, dipaké nété kana lomari pakéan. Sup, kana panto lalangit, ngahéphép di para. Meredongna peuting teu ieuh matak keueung. Panon mencrong ka jero pangkéng. Pitunduheun ngahiang. Panon curinghak.

Basa Kang Dodo asup ka pangkéng, atra pisan inyana rut-rét néangan. Sagala diilikan, disingkabkeun, jeung ditoongan. Kuring nahan ambekan inggis kapireng ku manéhna.

Kaciri kahanjelu ngagurat dina beungeutna. Teuing naon nu aya dina pikiranana. Sanggeus diuk di sisi risbang sawatara lilana, Kang Dodo ngoloyong ka luar. Lalaunan kuring turun. Cetrék, ngonci panto kamer. Niat mah rék saré. Awak asa pasiksak. Aya kana dua mingguna teu bisa ngerejepkeun. Tapi ieu panon, bet teu bisa peureum, hate teu tenang. Kasieun mingkin rosa. Inggis Kang Dodo balaka ka nu jadi kolot.

Gilig patékadan. Gap, kana samping kebat. Baju sapangadeg diais. Sirah dibulen ku samping séjénna. Wanci ngagayuh ka janari leutik basa suku mimiti ngaléngkah ninggalkeun imah. Apa sareng mamah katut duduluran nu mantuan pikeun acara ngadahupkeun Bi Nadia, teu ieuh maliré. Leumpang mapay jalan satapak muru jalan protokol. Teuing rék ka mana nu rék dijugjug.

Bingung pilampaheun, inggis katohyan ku nu wanoh, antukna bari ngadago wanci subuh, sup ka kolong sasak nu aya di sisi lembur. Cai ngagulidag teu ieuh matak sebér. Gék, diuk dina batu ngampar, sisi walungan. Beungeut dikumbah ku cai wudu. Biwir teu reureuh mapatkeun ayat-ayat suci sabisa-bisa. Mundut panangtayungan Gusti.

Basa adan Subuh ngalanglaung, teu talangké cong solat dina batu ngampar, ukur maké samping kebat nu dipaké ngais baju sapangadeg jeung samping nu dipaké mulen sirah.

Léngkah suku mapayan jalan gedé tan tujuan, teu eureun. Sora kelakson beus nu lalar liwat muru kota, ngung-ngong nawisan, sugan jeung sugan kuring nu keur leumpang seja lunta muru dayeuh.

Wanci carangcang tihang anjog ka imah batur sakelas nalika SMP. Manéhna reuwas nempo kuring geus aya di lemburna dina wanci nu can manjing pikeun liliaran, bari saréréa apal yén kuring kakara réngsé dirapalan.

“Tulungan abdi, Wi. Ngiring rereb heula di dieu, sateuacan abdi miang ka dayeuh. Ä–njing, pangngicalkeun kalung kanggo bekel di pangumbaraan. Abdi teu tiasa neraskeun rumah tangga sareng Kang Dodo,” balaka ka sobat dalit. Dewi, unggeuk. Kuring ceurik balilihan dina rangkulan Dewi.

Aya sakeclak pangharepan pikeun hirup di dayeuh, basa Dewi nyodorkeun duit ladang ngajual kangkalung ti mamah. Geus gilig, baris milu digawé di garmén bareng jeung babaturan lianna.

“Assalaamu’alaikum…!” kapireng nu uluk salam. Sorana halimpu, bari asa kaaku. Basa ditoong, haté ratug tutunggulan. Awak ngeleper.

“Aisah, naha aya di dieu? Akang téh maksad mah bade wiat kado kanggo salira ka Dewi. Hapunten Akang teu tiasa dongkap dina waktosna,” sora Kang Imam, lalaki nu salila ieu ngancik dina pupunclut ati sanubari, neuteup anteb bari nyodorkeun bungkusan nu dibulen ku keretas kado. Leungeun, teu wasa nampanan, waruga ngudupruk hareupeunana. Inghakkan teu kaampeuh. Ceurik kanyenyerian. Dewi jeung Kang Imam muru awak sakujur. Maranéhna ngupahan.

“Aisah, dangukeun Akang. Teu kedah lunta ngantunkeun lembur, masalah moal tiasa réngsé ku disingkahan. Nyarios sing saé ka sepuh. Tangtos aranjeunna neundeun kanyaah ka putrana. Moal, moal aya maung nu ngakan anakna. Akang yakin ibu rama anjeun mibanda kaweningan ati, kasucian batin, kanggo kabagjaan palaputrana. Saupami Aisah meryogikeun Akang kanggo sumanggem ka sepuh, insya Allah Akang sayogi kanggo ngabantos. Hayu ayeuna mah urang tepangan ibu rama di bumi,” sora Kang Imam ngagalindeng, matak ningtrimkeun ati.

“Hapunten Apa sareng Mamah, anaking! Apa tos mamaksa hidep! Ayeuna Apa sadar, bral anaking téangan kabagjaan anjeun. Sareng saha anjeun baris ngambah sagara kahirupan. Apa moal rék maksa miruca deui kana kahayang hidep!” Apa kasampak tos aya tukangeun. Teuing kumaha lalakonna, apa jeung mamah bisa ngambeu kana lampah diri.

Dewi nyampeurkeun. Ngagabrug awak nu keur oyag ku ceurik. “Kang Imam siap jadi imam, saurna!” haréwos Dewi atra kana ceuli.

Cag.

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post