Erni Berkata

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

Ceu Entin Gagal Pokus

Sok horèam sabenernamah lamun keur leumpang, der loba pamuda nunalangkring di sisi jalan....lain nanaon, sok asa jadi teu puguh. Jaba sok ngahareureuyan...ku areuweuh gawè pisan. Leuheung mun anu nangkringnatèh ngan hiji atawa dua urang...èta mun geus ngajajar....sok sedil, boy bèn lain, pager bagus komo...nu aya matak ceuli rawing mun geus sareuseuriantèh.

Padahalmah sabenerna, boa teuing kètang, keur ngobrolkeun naon...ngan asa sok jadi teu paruguh wè....komo mun nincak urangna sorangan, mun kudu dibejakeunmah, bangun leuwih leuwih ti ngiluan "Dunia Lain" na tipi ning....tapi tong dibeja bèja ka lalaki, bisi arapaleun, kèh...

Modèl ayeuna...duh, naaaa ku salah perhitungan deuih, atuh, nyaaa....make hayang ka Alpamat jam sakieu...itu di hareup mani ngajalajar kitu anu keur cuci mata. Tapi mun disidik sidikmah, bangun lain urang Padaruum, da asa euweuh nu wawuh. Heueuh....lain....bangunna urang dayeuh, da bèda dangdananana ge. Lalaki karasèp 6 urang. Marakè calana jin nepi tuur ning, karompak, 2 urang make kameja cèlè, 4 urang make kaos hideung nu aya tulisan may trip may adpentur. 2 urang make topi gaya.

Yakin ieumah lain urang Padaruum. Dimana teuing urang Padaruum make calana jin pondok...da lain sing nyeungseurikeun, lolobana sok guyang jeung leutak atuh, èra mun seug ningalikeun bitis nu loba cangkang suukan, ....urut budug. Tapi ketang, aya hiji ayeunamah anu mantesteh, si Bono...incuna haji Jarkasih tèa....

Naaa hatètèh teu bisa dikolingan atuh,nyaaa..makè jeung degdwgan sagala rupa. Napas beuki parondok. Lèngkah beuki deukeut.... Mun nyaho rèk aya anu garantèng, moal make baju ieu. Asa teu merenah. Panon eta nunarangkring siga anu dikomando ngarèrèt kabèh.

"Duhhhh, rèk dikemplèngkeun,eutik beuteung, ah....mèh rada lempèd...apanan jadi alus, depan belakang nangreu...."

Rarasaanteh kurang kumaha diatur, lengkahtèh. Tapi naha makè teu sapagodosan antara panon jeung suku atuh. Bangunna sabot ngalempèdkeun beuteung,....naaa ari .....koleaaaang...awak totolonyong,......gebruuuuug, suku titajong kana batu sagede peureup pa Idris.....bujur anèprok manja lebah pamuda anu makè baju cèlè beureum. Boa balad koh ahok.

"Gak apa apa, mbakkkk...?"Tanya si pamuda.

Reyyyyy kulit beungeut karasa panas....bangunna beureum pisan, antara era jeung gèngsi.

Babaturannana tingcalakatak bangun nu nikmat seuri. Kasebelan, lain nulungan ikhlas etamah. rèk nyeungseurikeun.

"Napa, mbak...ada katak,yaaa?"

"Sini saya bantu...." cnah ceuk numake baju cèlè deui.

Ceu Entin cengkat, kekepruk saeutik lebah bujurna, tuluy ngajawab tarik jeng tiis sabari ngaleos...

"Oke Oce..."

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post