Erni Wardhani

QUEEN ERNI ATAWA ERNI BERKATA...

Selengkapnya
Navigasi Web

Kamar 307 (7)

Tantangan menulis hari ke-145

Tetempoan téh asa ku lalewang, jarauh ka ditu ka dieu. Gedong anu ngajarungkiring aragréng, jeung patung anu ngajajar sapanjang jalan nu kaliliwatan saeutik katempo rada ahéng. Hawa anu rada ceudeum nambah kaayaan jadi leuwih simpé. Tangkal pineus kembar bangun gugupay ka kuring. Kuring masih di lanté dua. Sababaraha péngkolan deui nepi ka kamer. Kudu nétéan tangga kénéh. Muter, jeung muter.

Reg eureun hareupeun pisan kamer kuring. Késang juuh minuhan awak. Kuring nyusut késang lebah tarang ku leungeun katuhu. Leungeun kénca nyepeng kusén lawang panto. Napas teu sirikna rénghap ranjug, bakating ku pacampur rasa, antara reuwas jeung capé. Sieun komo. Pagalo. Tikoro asa seuseut. Sababaraha kali, kuring ngatur napas, sangkan bisa nenangkeun sorangan.

Kadéngé aya sora di kamer 306, tempat Pa Jajang jeung Pa Erik saré. Sora anu bangun keur gunem catur. Teuing kumaha mimitina, naha bet jorojoy hayang noong nu keur ngobrol, ngaliwatan kaca jandéla.

Ceuk rarasaan, naha Pa Jajang jeung Pa Erik bet teu ka rohangan diklat, aturan kabéh geus kudu aya di ditu. Sora anu keur ngobrol masih kadéngé. Lalaunan, satengah ngeteyep, kuring ngadeukeutan asal sora. Sapatu teu sirikna diangkat lalaunan, ngarah teu kadangueun ku nu di jero.

Hordéng saeutik muka. Kuring ngécéskeun titingalian. Panon nembus kaca ribén anu lumayan kandel. Jantung asa didudutan. Écés, euweuh sasaha. Tetempoan dikurilingkeun ka sabudeureun rohangan Pa Jajang. Angger, euweuh sasaha. Kuring narik napas panjang pisan. Hartina, bisa waé, tadi mémang dédéngéan wungkul. Da kanyataanana mémang euweuh nu ngobrol.

Awak malik deui, rék ka 307. Sakolépat pisan, jeung jelas pisan, aya anu ngaharéwos kana cepil. Karasa anginna gé malahan mah. Sora lalaki anu geus umuran. Nitah kuring balik.

"Geura balik...."

Puriding. Kuring culang- cileung. Yakin éta mah. Sorana jelas, kadéngéna jelas. Éstuning euweuh sasaha. Hayang ngagorowok tapi asa aya nu nanahan. Leungeun ngodok kana kantong, néang hénpon. Ari keur geumpeur, nanaon téh jadi sarwa salah. Éta hénpon ngadadak euweuh. Asa piraku dicokot bebegig mah.

Kuring mugen, antara asup ka kamer laju ganti baju, atawa balik deui waé. Lamun balik deui, jang naon, geus capé-capé nepi dieu, ayeuna ukur rék balik deui. Mun asup, asa keueung ogé. Komo sababaraha kajadian ahéng geus kaalaman. Bari babacaan sabisa-bisa, ahirna kuring mutuskeun rék nuluykeun niat. Ganti baju, laju balik deui.

Karasa leungeun ngaragap hénpon. Gep dicokot, geuwat ditempo WA. Aya sababaraha kali misscall. Ti Pa Rahmat, jeung ti salaki. Kuring nelepon balik ka salaki, bisi aya nanaon. Nyambung tapi teu diangkat. Ceuk rarasaan, ka Pa Rahmat mah, teu kudu ditelepon balik, paling nitah buru-buru, bisi acara kaburu dimimitian. Hénpon diteundeun deui. Teu kabita macaan japrian anu asup. Haté angger teu puguh rarasaan.

Keteyep deui kuring ngadeukeutan kamer sorangan, bari cepil mah dirancingeus-rancingeus. Asa hayang ngadéngé sora di kamer Pa Jajang deui. Lain ku nanaon, panasaran. Nu leuwih panasaran sora anu ngaharéwos, sangkan kuring buru-buru geura balik. Balik, maksudna balik ka mana? Ka rohangan diklat, balik ka kamer sorangan, pédah kuring noong, atawa balik ka imah? Kuring terus nananya ka diri sorangan. Lain teu péka, tapi mémang kuring bener-bener teu ngarti.

Leungeun geus nyepengan konci, anu karék dicokot dina saku baju. Kari ngasupkeun kana liang konci. Lalaunan ku kuring diasupkeun. Laju diputer. Teu pered, malah ngagolomong babari pisan. Leungeun geus aya dina géréndél, haté mancegkeun rék muka bari lahaola, ma'lum bisi beuki lila anu di rohangan ngadaragoan. Tapi ceuk pikir, mun lila mah, paling diganti ku nu lian.

Lalaunan géréndél di ka handapkeun. Panto ngarekét muka. Sup kuring asup. Nalika panto ditutup, rarasaan aya anu nepak taktak lebah katuhu. Teu tarik tapi matak reuwas. Kuring ngalieuk ka béh nu nepak.

"Whuzz...."

Karasa aya angin anu lumayan gedé. Hordéng nu aya di gigireun milu aroyag. Lalaunan narutup sorangan, siga aya anu nyérélékeun mangnutupankeun. Kuring ngahéphép ka juru. Kaayaan jadi poék, padahal masih kénéh beurang. Sapersekian detik euweuh kajadian nanaon. Ngan sakuriling jadi geueuman. Kuring teu wani cengkat. Masih ngahéphép di juru. Leungeun jibrug ku késang. Tingpepereket kana baju jeung kantong anu dikeukeupan.

Geblug.

Kadéngé panto wc aya anu nutupkeun. Panon rikat nuturkeun lebah sora. Jajantung pipilueun dag dig dug. Sora jelema anu bulak balik leumpang karasa siga anu ngadeukeutan. Kuring geus sumerah. Rék dipeureumkeun, bet panon téh malah mencrong asal sora.

Sreeettttt.

Kuring ngalumuruk.

...

Hanca

Penulis adalah guru SMKN 1 Cianjur

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Kereeen cerpennya, Bunda. Salam literasi

26 May
Balas

sepertinya bagus sekali, sayangnya aku hanya mengerti sepatah dua patah kata saja. Indahnya Indonesia dengan beragam budayanya. salam sukses

27 May
Balas

sepertinya bagus sekali, sayangnya aku hanya mengerti sepatah dua patah kata saja. Indahnya Indonesia dengan beragam budayanya. salam sukses

27 May
Balas



search

New Post