Erni Wardhani

QUEEN ERNI ATAWA ERNI BERKATA...

Selengkapnya
Navigasi Web

KAMAR 307 (9)

Tantangan menulis hari ke-147

Tuan Andres Jacn bangun keur anteng ngagutrut dina méja gawéna. Luhureun méja aya satumpuk buku karandel. Wadah ballpoint, jeung gelas jangkung. Manéhna maké tasma buleud, buuk digolep, mani rapih.. Katempo tegep pisan, padahal ukur maké kaméja bodas, dirangkep baju haneut tina bahan wool.

"Excuseer mij." Lalaunan Bu Nana nyarita ka Tuan Andrés. Masih ngajanteng deukeut kuring.

Tuan Andrés Jan ngeureunkeun pagawéanana. Leungeun katuhuna nurunkeun tasma saeutik. Sirahna nu keur tungkul saeutik ngangkat. Treup panonna paadu teuteup jeung kuring.

"Tuan...."

Bu Nana bangun ngahaja ngagebah Tuan Andrés Jan anu keur nempokeun kuring. Andrés Jan katingali rada geumpeur. Laju menerkeun diukna.

"Danisa?" cenah bari nunjuk ka kuring.

Kuring ukur unggeuk. Laju tungkul. Teu wani neuteup. Tuan Andrés Jan ngadehem, terus cengkat dina korsi nyelegonna. Gék diuk dina tungtung méja.

"Bu Nana, boléh ke lual," sorana semu cadél.

Bu Nana rengkuh hurmat, awakna langsung malik. Teu kungsi melong deui ka kuring, langsung wé ka luar. Kuring masih ngeluk. Biola anu keur dicekel mimiti kabaseuhan ku cikaringet. Tuur rada ngeleper ogé, asa jadi sarwa salah. Tuan Andrés Jan nyurungkeun korsi nu aya di hareupeun méja gawéna. Si korsi dikeprukan, kawas nu aya kokotor. Laju ngomong ka kuring.

"Danisa, kamu duduk boléh di sini." cenah.

Kuring nempo lalaki bangsa urang anu keur nangtung bari merhatikeun kuring jeung Tuan Andrés Jan. Manéhna unggeuk ngodeu, sangkan kuring diuk kana korsi anu dikeprukan Tuan Andrés Jan. Kuring lalaunan nyampeurkeun. Kaangseu awak Tuan Andrés Jan, mani seungit, nalika kuring ngaliwatan manéhna. Gék kuring diuk. Awak asa heuras. Asa teu sopan diuk deukeut pisan jeung manéhna. Luk, kuring ngeluk deui.

"laten we de viool spelen," pokna nitah ngamaénkeun biola. Diukna masih di tungtung méja.

Kuring mimiti memener biola sangkan merenah dina taktak. Geus merenah, gado ditagenkeun dina chinrest. Leungeun katuhu mimiti nyasar senar. Lalaunan, jeung pinuh ku rasa, kuring ngamaénkeun biola. Reup peureum, dua lagu, teu karasa ku kuring dipaénkeun. Tuan Andrés Jan keprok bari neuteup anteb. Teuing kumaha mimitina, leungeunna ngodok saku baju bari ngaluarkeun carécét pulas krém jeung soklat. Lalaunan nyusutan késang anu minuhan tarang kuring.

Kuring asa jadi teu paruguh. Diuk saeutik ngésér ka tukang. Sirah beuki tungkul.

"dank je," ceuk kuring pondok. Nganuhunkeun bari ngarah manéhna teu nuluykeun.

"Minumlah, Danisa!"

Kuring gideug nalika leungeunna nyodorkeun gelas eusi cai hérang nu aya di luhureun méja. Asa ku teu parantes, nginum dina gelas paranti Tuan Andrés Jan. Lamun kudu jujur mah, sabenerna, mémang kuring hayang nginum. Tikoro asa garing pisan.

Tuan Andrés Jan neundeun deui gelasna anu ku kuring ditampik. Manéhna neuteup kuring, seukeut. Leungeunna ujug-ujug nyepeng gado. Kuring teu wani neuteup. Panon ka handap. Haté teu puguh rasa. Bisi kuring boga kasalahan.

Lalaki nu sok babantu, bangun surti. Léos manéhna ka luar. Panto teu diréképkeun. Kuring beuki ngahéphép. Sieun campur geumpeur, paduduaan jeung lalaki, bari karék wawuh. Tapi Tuan Andrés mah bangun anu geus teu asa-asa deui ka kuring téh. Pameunteuna beuki deukeut. Kumis ipisna beuki kaciri. Napasna karasa kana puhu irung. Jajantung mimiti ngageder. Kuring beuki teu wani.

"Kamu cantik, Danisa. Mooi,"

...

Hanca

Penulis adalah guru SMKN 1 Cianjur

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post