Erni Wardhani

QUEEN ERNI ATAWA ERNI BERKATA...

Selengkapnya
Navigasi Web

Kamar 307 (Bagian 3)

Gék kuring jeung anu tiluan dariuk, nalika nepi ka tempat Pa Rahmat. Kuring hareupeunana pisan. Be Wulan gédéngeun Pa Rahmat, ari Haji Hinda mah jeung Bu Evi sajajar jeung kuring. Karék gé gék, breg téh hujan mani badag pisan. Caina nyebrot saeutik ka lebah nu dariuk. Pa Rahmat ngésérkeun léptopna. Kabéh rada nyarisi.

"Dikira udah banyak yang hadir, Komandan," kuring satengah ngagorowok, sora hayang ngéléhkeun hujan.

"Hehehe, belum, Bu ... " Saperti biasa, Pa Rahmat mah tara pati loba ngomong. Leungeunna teu leupas tina léptop.

Teu kungsi lila, hiji-hiji peserta diklat mimiti daratang, tapi teu waka arasup ka rohangan rapat. Tapi dariuk ti nu iuh, teu kasawéran hujan. Aturan mah rék briefing heula saméméh kagiatan dibuka. Boraah briefing, da kaayaan sakitu weritna. Cai hujan bener-bener siga ditamplokkeun ti langit. Rét Pa Rahmat ningali jam anu dipaké di leungeun katuhuna.

"Bapa, Ibu ... margi hujan, batan urang caralik, ayeuna mah urang makan siang baé, sadayana tos sayogi, da," ceuk Pa Rahmat bari mérésan léptop.

Teu kudu lila ning, ngomandoan sina dalahar ka Bapa-bapa jeung Ibu-ibu mah, da langsung bubar riungan di méja téh. Najan masih hujan,harita teu awéwé teu lalaki langsung néangan rohangan nu dimaksud. Bener ogé sih, beuteung asa kokocéakan ménta dieusi, jaba keur hujan mah geuning sok ngarasa lapar waé.

Sababaraha kali, nu miluan diklat lalumpatan nalika kabeneran ngaliwatan tempat anu teu kasuhunan. Lumayan ogé, rada jauh ka rohangan makan téh. Kasampak geus loba ogé jelema nu geus dariuk di dinya, bari mimiti dalahar. Kuring asup antrian parasmanan. Panjang, jeung lila. Kadaharan ngajajar minuhan méja panjang nu dihias ti lawang nepi ka tungtung. Aya kana dua méterna éta méja idangan téh. Poé ieu aya goréng hayam sagédé-gédé peureup orok nu karék brol, angeun lodéh, sambel, jeung kurupuk. Bonténg gé aya gédéngeun kurupuk.

Resep mah mun ningal bapa-bapa, sok sarumanget lamun keur dalahar téh. Piring teu sirikna pinuh ku sagala rupa. Sangu satambruan. Geus puguh deungeunna mah. Kurupuk kuat ngarangkadak nutupan sangu, pabuis jeung bungbuahan atawa cai akua. Encan anu dicepengan ku leungeun. Mani rangém. Tapi dikeresakeun, kadaharan sok tara kurang. Malah, sok aya anu nambah. Alhamdulillah.

Teu karasa bagéan kuring nyokot sangu. Keduk sa kacokotna. Gep kana daging hayam, tuluy angeun jeung sambel. Geus kitu nuturkeun bu Evi anu geus meunang tempat diuk. Méja geus pinuh ku bawaan opat urang. Hawar-hawar kadéngé sora degung Sunda. Nalika ngahuapkeun sangu, panon kuring teu ngahaja ningal teuteup bapa-bapa lima puluh taunan, di tungtung rohangan. Teuteup seukeut. Dedeg hadé, rupana gé bangun lain jelema joré-joré. Cara diukna ngaménak. Kuring unggeuk bari tungkul.

"Hey, asa-asa ningal bapa-bapa anu sajajaran jeung abdi dudukna, aya nu kenal, teu?" kuring satengah ngaharéwos. Awak saeutik dibongkokkeun.

"Manaaa?" nu tiluan teu sirikna nyarita bareng bari nuturkeun juru panon kuring.

Tantangan Menulis Hari ke-140

Kuring luak-lieuk. Éstuning anu diomongkeun geus euweuh.

"Euh, geus euweuh, ning ...." Kuring ngomong sorangan.

"Ibu, rombongan dari Kabupaten Bandung Barat, ya," ujug-ujug aya sora gigireun, leuwih pasna, tukangeun saeutik.

Rét kabéh ngarérét ka lebah nu ngomong. Kuring olohok nempo bapa-bapa nu keur diomongkeun nyampak geus nangtung di tukangeun kuring. Kuring geumpeur. Ampir wé water goblét eusi ciherang bahé, hadéna masih kacepeng.

"Ah ... eu ... éh, sanés, anu ti KBB mah réréncangan abdi anu ieu sareng ieu," walon kuring. Duh, asa pabaliut ngomong téh.

Bu Wulan jeung Bu Evi unggeuk leutik bari semu hémeng. Rét ka kuring, kuring api-api teu ngarti.

"Gimana, Pa, ada apa, ya?" ceuk Bu Evi.

Kuring rék nincak sapatuna, suku upuy-apay, tapi sapatu Bu Evi teu kapanggih. Rét kuring ngarérét ka handap méja, maksud rék museurkeun sangkan bisa ngagadil suku Bu Evi. Tapi lain suku nu kapanggih, malah kuring nempo ucing badag keur campego nempokeun kuring.

"Aww ...!" teu sirikna kuring ngacleng.

Kuring mémang teu resep kana ucing. Nu tiluan pipilueun geumpeur kuring ngacleng, disangkana aya naon. Tiluan milu cengkat bari ngagorowok. Sabudeureun jadi riweuh. Kabéh naringali kana meja nu ditempatan. Kaayaan saeutik kacow. Kuring tutunjuk ka ucing. Awak ngadégdég.

...

Hanca

Penulis adalah guru SMKN 1 Cianjur

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post