Erni Wardhani

QUEEN ERNI ATAWA ERNI BERKATA...

Selengkapnya
Navigasi Web

KAMAR 307 (8)

Tantangan menulis hari ke-146

Teu ngarti. Bener-bener teu ngarti. Teu kaharti ku akal. Kuring bet bisa maén biola sagala rupa. Boraah maén biola, maén hitar gé ukur bisa konci G, E, jeung A. Nu lianna lebeng. Tapi ayeuna, kuring bener-bener siga anu geus sok maén na panggung. Euweuh sora biola anu silung. Ampir sampurna dimaénkeun. Kuring ngajiwaan pisan. Jiwa kuring geus ngahiji jeung biola.

Gado masih dina Chinrest, sirah masih digédéngkeun kana awak biola. Leungeun ngamaénkeun bow. Beuki laun, beuki laun. Ditungtungan ku metot bow nepi leungeun katuhu ka handap. Laju bow dijauhkeun jeung senar.

"Prok ... prok ... prok..."

Panon beunta. Kuring kasima nempo jelema anu geus ngariung hareupeun kuring. Bari sareuri. Saropan. Kuring tungkul. Késang nu minuhan tarang, disusut ku tonggong leungeun anu masih nyepeng bow. Karagok ogé diriung ku nu sareungit, dibaraju alus. Teu sadar, rét kuring ngarérét kana awak sorangan. Maké baju sederhana potongan jaman heubeul. Kuring sadar, yén kuring keur di alam séjén. Alam nu ukur karandapan ku jelema pilihan.

"Danisa, U wordt meneer Andres Jan genoemd!" ceuk hiji awéwé, bangsa urang.

"Muhun, Bu." Kuring ukur unggeuk basa dititah nyampeurkeun Tuan Andres Jan.

Ibu-ibu anu nitah, bangun atoh kuring teu loba omong.

"Bu Nana, tolong antar ini Denisa ke ruangan Tuan!" ceuk Carolijn bari cengkat.

Bu Nana, anu sarérétan mah sarupa jeung Herlina Efendi, artis jaman baheula, ngarérét ka kuring, laju ngodeu sangkan nuturkeun ka manéhna. Biola masih dicecekel. Kuring ngiclik tukangeun Bu Nana. Leumpang Bu Nana siga anu ngalayang. Sinjangna ngagapuy nutupan dampal sukuna.

Kira-kira, mun tatanya ka Bu Nana, moal ku nanaon, kituh ... sabenerna, sieun ogé mun Bu Nana nyarékan, gara-gara kuring loba tatanya.

"Geus, tong loba tatanya. Ayeuna Tuan Andres hayang panggih jeung hidep." cenah bangun nu surti kana haté kuring.

"Muhun, Bu." Pondok ngawalon téh.

Saméméh ka rohangan Tuan Andrés Jan, kuring dibawa heula ka hiji rohangan. Barang sup, rohangan téh pinuh ku baju anu digarantungkeun dina lomari jati kaca anu ngurilingan rohangan. Kira-kira ukuranana 3 x 6 méter, rohangan téh. Gék kuring diuk dina korsi gédéngeun pot badag anu dieusi kembang palastik. Jangkungna ngaluhuran kuring. Daunna karonéng lalucu. Biola jeung bow, lalaunan diteundeun dina lamari pendék, mangrupa etalaseu.

"Danisa, coba ajaran baju ieu," song hiji baju diasongkeun.

Kuring can ngarti naha bet dititah maké baju éta. Tapi si baju, ditarima ogé. Duh, kaénna gé mani lemes, jaba seungit.

"Maksadna, abdi nganggé acuk ieu?" ateul ogé kuring jadina. Ahirna nanya kitu.

Bu Nana teu ngajawab, malah anteng nukangan kuring bari néangan baju deui. Gep manéhna kana hiji baju deui. Bahan tina buludru. Song deui diasongkeun ka kuring. Ku kuring ditampanan deui. Bu Nana nunjuk tempat ganti baju, ukuran tiluaneun. Sup kuring asup. Baju anu tina lawon rénda mimiti diajaran. Alus, tapi lebah dada asa areungap da maké modél stagén ditalian. Teu kanyahoan, Bu Nana geus aya di lawang. Panonna hurung nempo kuring maké baju éta.

"Danisa, geulis pisan." Ngomongna satengah ngaharéwos.

Leungeunna mangmenerkeun tali stagén sangkan merenah pisan di kuring. Geus anggeus, tuluy rada nyurungkeun awak kuring, sangkan katingali jelas ku manéhna. Tuluy kuring dititah malik, nyanghareup deui. Biwirna seuri atoh. Song ngasongkeun sisir. Kuring nyanghareup eunteung, lalaunan buuk disisir. Nempo cara kuring nyisiran, Bu Nana bangun teu sabar. Gep sisir dicokot dina leungeun kuring, laju buuk kuring disisiran. Tapi cara nyisirna lain modél biasa kuring, beulahan buuk dieuweuhkeun, tuluy buuk kuring diuntun satengah, satengah deui dirumbaykeun. Belenyéh Bu Nana seuri. Kuring jadi siga bonéka.

Leungeun kuring dicepengan ku Bu Nana, laju di bawa ka luar rohangan éta. Saméméh ka luar, Bu Nana nunjuk kana biola jeung bow, ngodeu sangkan dibawa. Gep ku kuring dibawa duanana. Duaan ka laluar rohangan.

Bu Nana méngkol ka katuhu. Kuring tukangeunana. Bras langsung kana gang buntu. Aya panto, nalika méngkol, jarak ti méngkol, 50 méter. Langsung nyanghareupan panto jangkung bari weweg. Bu Nana keketrok maké géréndél beusi anu ngagantung di luhur. Panto dibuka ti jero. Lalaunan panto méléngé. Saurang lalaki bangsa urang nololkeun sirahna. Sanggeus ningali kuring, manéhna ngabelenyéh seuri, bangun atoh.

"Tuan, dia datang!!" pokna bari muka panto.

Sup kuring nuturkeun Bu Nana anu asup tiheula.

...

Hanca

Penulis adalah guru SMKN 1 Cianjur

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post