Hamidah

Guru kelas pada MIN 3 Sukabumi ...

Selengkapnya
Navigasi Web
Pedestrianisasi

Pedestrianisasi

Ngalantung ka puseur dayeuh nyaeta jalan Juanda anu sok katelah jalan Dago Sukabumi asa aya nu ahéng kusabab waktu mobil kuring arek mengkol kadinya bet aya tanda perboden sihoreng jalan Dago teh kiwari geus éndah kusabab aya pédéstrian.

Didinya ( Jalan Dago) tea disayagikeun bangku-bangku mangrupa balok-balok tina batu paranti dariuk anu arulin salian ti éta oge lampu-lampu hias mapaesan jalan ditambahan ku rupa- rupa jajajan.Matak betah jang para rumaja anu resep nongkrong mah.Paingan mobil teu meunang asup kadinya.

Lain dijalan dago hungkul nyieun pedestrian teh malahan kiwari geus nyaliara ka palebah jalan Ahmad Yani minangka puseur babalanjaan mangrupa-rupa kabutuhan. Toko-toko ngajajar palebah dinya.Atuh patalimarga rada kaganggu kulantaran keur aya proyek pédéstrianisasi éta.

Bisi aya anu can apal naon ari pédéstrian téh? Ceuk wikipédia mah pédéstrian téh hiji patempatan paranti anu laleumpang jeung bisa ogé dijadikeun tempatjual beuli atawa tempat balanja.Lamun geus jadi mah sigana bakal éndah jiga di jalan Asia Afrika Bandung.Moal boa bakal dijadikeun tempat dipotrét para wanoja anu sok resep "selfi".

Alus jadi aya "space" keur nu laleumpang da biasanamah nu laleumpang Hésé ngaléngkah nepikeun ka kudu sésélékét pabeulit jeung tukang dagang anu sapopoé minuhan trotoar.Tapi ceuk béja tina salahsahiji koran onlen Sukabumi mah cenah éngkéna mah anger baris dipaké tempat nampung lapak anu daragang kaki lima,ngan meureun bédana ayeuna mah nu laleumpang moal beakeun lahan kunu daragang da trotoarna dilegaan.

Numutkeun Murtomo jeung Aniaty (1991), fungsi jalur pédéstrian teh loba aya kana genepna lamun diwincik hiji-hiji mah panjang urang cokot singketna baé cenah pédéstrian téh loba kauntungan na diantarana ngurangan polusi udara,ngurangan kajahatan, ngaronjatkeun perekonomian, jeung nyiptakeun hawa anu spesifik, unik tur dinamis di sabudeureun puseur dayeuh.

Tah kitu cenah sanajan ayeuna nu boga toko loba nu kukulutus lantaran kaganggu aktifitas tokona mudah-mudahan bae kahareup namah ku ayana pédéstrianisasi di Sukabumi jadi leuwih éndah jeung leuwih maju

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Duh, betah maosna aya seratan dina basa indung. Sae, Bu.

01 Jan
Balas

hampura bu, ie teh orang bandung lain hehe

03 Feb
Balas



search

New Post