NENDEN HERNIKA

Lahir di Subang, dan sejak tahun 1993 tinggal di Bojongmangu Kabupaten Bekasi, menjadi guru SDN Bojongmangu 03 Berusaha mengubah rintangan menjadi peluang,...

Selengkapnya
Navigasi Web
KEUR HIDEP ANAKING

KEUR HIDEP ANAKING

Tantangan Menulis Hari Ke-34

Anaking...

Tuh di mumunggang itu,

harita hidep gubrag ka alam dunya

Di dinya pisan lembur matuh banjar karang pamidangan

Tempat nu kalintang dipicinta boh ku Ema, Bapa, ogé ku Nini jeung Aki

Lembur nu geus lawas jadi lemah cai

Lembur nu ayem tengtrem,

gemah ripah loh jinawi

Di pasir beulah ditu urang jinek,

Silih simbeuh kadeudeuh,

silih tamplokeun kanyaah

Teu beunghar urang téh anaking,

Teu bisa disebut salieuk béh,

Urang hirup kalintang basajan,

Dahar cukup tina hasil sawah nu teu lega,

Deungeunna mahi tina ladang kebon jeung balong

Kabutuh sapopoé cumpon ku ladang tatanén

Tapi tetep betah tumaninah,

Tingtrim ati, tiis ceuli hérang mata

Tapi kiwari, Éta kabéh ukur jadi carita

Kiwari sawah geus robah jadi wangunan pabrik

Kebon jeung balong geus ganti jadi beton nu tohaga

Urang, geus “diusir” ti lemah sarakan

Harita Bapa hidep nampa duit ganti rugi

Nampa pangbeberah nu lumayan gedé

Urang pindah ka “kota” nu cenah leuwih genah

Tapi Anaking, geuning duit téh teu jadi ukuran kabagjaan

Bapa hidep jadi ngaligeuh da teu boga pacabakan

Ema nu biasa kuli jadi teu boga pakulian

Hidep? Rek kumaha hidep Anaking?

Da geuning nu digawé di pabrik luhureun lembur urang téh lain urang

Lain urang lembur nu ukur bisa macul

Lain urang lembur nu teu bisa nyekel komputer

Nu digawe di dinya, nu palinter nu boga pangabisa

Hampura Ema jeung bapa Anaking

Hampura teu walakaya nalika lembur digusur

Rumasa Ema jeung Bapa kalintang bodo

Sumerah pasrah nalika sawah digadabah

Anaking... Wayahna, kiwari hidep kudu bajuang

Kudu pinter, bener jeung singer

Kudu bisa ngungkulan batur nu palinter

Sangkan teu ukur jadi bujang di lembur sorangan

Bekasi, 03-02-2022

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post