Neneng Rahmia

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

Duriat

Carita Pondok

Neneng R. Agustini

DURIAT

Bada isya langsung ngagoloyoh ka kamar, tunduh mani nataku, hayang geura reup, di luar hujan ngaririncik, atuh puguh itunduheun mani nyedek

Kabiadaan kuring, ari rék saré téh kudu dibarengan jeung sora radio, muter-muter heula galura nu pas jeung kahayang haté.

Reg, leungeun eureun dina galura 100, 9 FM, kadéngé sora kacapian, tapi can jéntré kawihna mah, asa wawuh introna...

Ari ngong téh, juru kawih ngagalindengkeun rumpakana, dumadakan pitunduheun téh leungit, volume radio rada ditarikan, bari ngagolér dina bantal kalah anteng ngabandungan kawih, haté lelenyapan, sajongjonan mah asa ngalayang pangacian téh nuturkeun eusi rumpaka...

"Duh, gusti...." Kuring mimiti carinakdak, ingetan kumalayang, nyoréang, ngapung ka mangsa 20 taun katukang.

"Kang, kumaha upami urang latihan kawih Bulan Bandung Panineungan téh urang duét wé, rumpakana panjang teuing, sarengna deuih palebah reff-na luhur teiing sorana, abdi mah sok tara kahontal" cek Nining ka kuring.

"Mangga, hoyong kumaha ngabagi sorana?" Kuring némbalan.

" Kieu wé, pada kahiji abdi, pada kadua akang, tah palebah reff abdi heula nu sorana teu luhur, nu bagian luhurna ku akang, Teras pada kaopat abdi deui, pada kalima ku akang". Nining ngajelaskeun ngabagi sora.

" Sok atuh urang ngawitan". kuring némpas.

" Kamana Mang Dédé nya, tukang kacapina gé can jol". Nining indit kaluar, bari luak-lieuk aya nu ditéangan, teu lila asup deui.

" Hayu ah Kang, urang tambul wé bari ngantosan Mang Dede, jigana masih diperjalanan" Nining diuk bari tuluy muka deui buku kumpulan kawih.

Kuring jeung Nining batur sasakola, béda sataun, kuring kelas 2, ari Nining kelas 1 di SMA nu sarua. Wanoh jeung Nining alatan sarua asup ekstrakulikuler nu sarua nyaéta seni karawitan, nu diasuh ku Pa Andi.

Kabeneran, Pa Andi nu mahér ngacapi téh ngaidolakeun pisan kana kawih-kawih Mang Koko, atuh Nining jeung kuring kitu deuih, sarua resep kawih Mang Koko alatan gedé kapangaruhan ku kulawarga nu raresep kana kawih Mang Koko. Pa Andi miwarang kuring jeung Nining ngapalkeun lagu Bulan Bandung Panineungan, saurna badé dipintonkeun dina acara paturay tineung kelas 3, atuh puguh wé mani soson-soson latihan, da hayang alus dina waktuna pinton.

Waktuna acara paturay tineung, kuring jeung Nining geus siap, kuring maké baju setélan hideung, bendo batik pulad héjo, ari Nining maké baju burukat pulad héjo, disamping batik pulas hideung, kembang-kembang héjo, payus pisan jeung dedegan awak. Kuring ngalenyap, aya rasa nu datang kana haté, mingkin motah tibatan keur latihan. Ah..

Dina prungna pinton di panggung, boh kuring boh Nining asa leuwih sumanget tur bener-bener ngalenyepan eusi rumpaka, maké rada karérét ku kuring dina juru panon Nining aya nu nyalangkrung, cipanon, kuring tungkul, asa kabawa ku sima rumpaka kawih, nu nongton kitu deui mani jempling, palebah pada pamungkas a u bagian Nining, haté mkngkin ngaleketey, mun teu inget di panggung mah jigana asa hayang ngagukguk ceurik, ditahan satékah polah, étah sora Nining nu halimpu asa ngageurian haté.

Mun radio geus karungu nembangkeun lagu pamungkas, mirig sora anca halon pileuleuyan, peuting cicing kota jempling, jerit hiji lagu kedaling katineung haté, aduh...

Réngsé pinton, kuring jeung Nining meunang pangbagéa nu kacida hadéna, Alhamdulillah, teu mubah latihan téh, kitu deui Pa Andi, mani sababaeaha kali nyebutkeun alus pisan, maké ditambahan nyebutkeun pasangan idéal, kuring ngan saukur melengek bari ngarérét ka Nining, nu dirérét ukur tungkul bari katempo pipina semu beureum, boa-boa...duh, haté rada bungah, maké bari ngomong sorangan dina haté, rék wakca engké geus pakanci.

Tapu, wanci nu dianti-anti kalah nyalahan, réngsé pakanci 2 minggu, mangsa asup sakola, ti harita kuring teu panggih jeung Nining, aya surat nu dipihapékeun ka tatanggana batur sakelas, eusina matak ngaruntagkeun bumi alam, Nining pindah ka Papua nuturkeun lanceukna nu geus ngumbara di ditu, ngan tungtung surat nu méré harepan.." Upami Alloh marengkeun, tangtos bakal tepang deui". Ti harita kuring eureun kana kakawihan, mun ngadéngé kacapi suling jiga nu trauma, haté ngageri, asa dipaut hinis.

Sora juru kawih geus lekasan, kuring ngumpulkeun deui pangacian, balik deui ka mangsa kiwari, kuring nu masih lalagasan alatan aya nu ditungguan, boa moal panggih deui, nu lunta euweh laratan, boa diditu geus baranahan, gusti...

Ngong sora juru siar nyarita, "para kanca, nembé kasanggakeun kawih Bulan Bandung Panineungan karangan Mang Koko, anu direques ku Ibu Nining Dwi Rengganis, ti jln. Peta, dihaturanan kanggo Bapa Permana, nu linggih di jln Titiran , mudah-mudahan nuju manco saurna, ngaguar mangsa 20 taun kapengker, mugia Bapa Permana nuju ngadangukeun".

Asa dicéntar gelap, "Nining...."

Aya nu nyaliara dina haté, reup panon dipeureumkeun, munajat ka Nu Maha Agung, saéstuna gusti nu Maha uninga...

Teu karasa aya nu merebey tina panon, cipanon kabungah.

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Kereeen cerpennya, Bunda. Salam literasi

23 Aug
Balas



search

New Post