Neneng Rahmia

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

MACA KEDUL, NULIS MUMUL

MACA KEDUL, NULIS MUMUL

Èlmuning basa, geus kacangkem ku jalma anu ngalaman diuk di sakola, tangtuna gè lain diuk sagawayah, tapi rèk niat tolabul èlmu atawa diajar.

Èlmuning anu kaasup kana kaparigelan basa nyaèta; maca, nulis, nyarita, jeung ngaregepkeun.

Manusa, salaku mahluk nu diciptakeun ku gusti Alloh SWT, tangtu waè dibarengan ku kakurangan-kakurangan nu geus nyampak dina dirina, sabab euweuh manusa anu sampurna, kaasup kana ngawasaan sakabèh kaparigelan basa.

Manusa salaku mahluk nu dibèrè kaleuwihan, nyaèta ayana otak pikeun mikir, pikeun ihtiar dina ngungkulan kakurangan, urang kudu satèkah polah usaha heula, tong waka nyebut *hèsè* atawa *teu bisa*, bari can prak nyobaan.

Taun 2015 katompèrnakeun, Indonèsia mimiti, nguniang dina ngeprakkeun kaparigelan *maca* jeung *nulis*, ngaliwatan pelatihan-pelatihan, pasanggiri-pasanggiri terus dilakonan, sangkan masarakat resep maca jeung nulis. Tangtu waé maca jeung nulis anu puguh tetekonna, puguh aturanana.

Pamarèntah ngaliwatan program literasi di sakola, anu disebut GLS (Gerakan Literasi Sekolah), sanajan nungtut, tapi geus katempo hasilna, utamana mah keur barudak sakola, sabab nya di sakola tempatna anu cocog pikeun ngokolakeun literasi.

Program literasi kudu dilaksanakeun, sabab pamarèntah boga kahariwang, yèn maca jeung nulis geus mimiti ditinggalkeun, alatan ku datangna arus tèknologi anu teu kabendung datangna, lir caah dèngdèng.

Barudak geus jarang nu resep maca, pon kitu deui nulis, indit kaperpustakaan geus langka, jigana mah teu kapaksa-kapaksa teuing mah geus embung dititah nulis ku guru di kelas dina waktu diajar ge. Maranehna leuwih resep kènèh caricing di warnèt, bari jeung nu ditempo tèh lain bacaan, tapi kaulinan anu teu dièdit heula. Di kelas mun titah nulis, kalah nawar hayang muka gogle, teu salah èta gè, ngan teu sakabèh matèri kudu muka HP atawa mikabutuh layanan internèt.

Urusan maca jeung nulis dina buku geus dianggap pagawèan nu matak wegah, komo deui nulis anu kudu nurutkeun aturan èlmuning basa, anu kawengku ku aturan-aturan makèna basa.

Sabenerna mah kana maca kedul kana nulis mumul tèh, lain waè aya di barudak, tapi ogè di kolot, ku pajamanan ayeuna geus langka urang ningali nu maca koran atawa majalah, geus komo kana maca buku-buku fiksi atawa carita mah, jigana tèh ningali bukuna ogè geus tara, boro-boro ngahajakeun nèangan atawa meuli buku, kahayang maca ogè geus laas.

Kuatna pangaruh datangna tèknologi anu ngagolontor, salian mawa pangaruh positip, ogè dibarengan ku pangaruh nègatip, anu malahan mah babandinganana tèh leuwih kuat pangaruh nègatipna.

Kumaha sangkan urang bisa ngungkulan pangaruh nègatipna? Taya deui jalan iwal urang kudu bisa nyengker, kudu bisa milah-milah kana hadè gorèngna pangaruh tèknologi. Rèk bisa nulis kumaha lamun urang geus poho kana kabiasaan maca.

Maca tèh jandèlana dunya, urang bisa mikaweruh, mikanyaho sagala rupa kamekaran nu aya di dunya luar kualatan maca, kitu deui nulis, mangrupa hiji tarèkah pikeun mèrè nyaho ka balarèa kana kamekaran kaayaan pajamanan kiwari.

Maca jeung nulis, boh fiksi, non fiksi atawa sajak saèstuna pikeun mèrè arahan parobahan karakter, ti nu kurang hadè ka nu leuwih hadè, nepi ka baris nimbulkeun budi parangi anu santun, wibawa, wijaksana, tur bisa nimbulkeun pikiran-pikiran anu positip, ngadeukeutkeun rasa nyaah ka sasama, hormat kasaluhureun, deudeuh ka sahandapeun.

Mudah-mudahan tarèkah pamarèntah ku ayana program literasi, bisa ngungkulan pasoalan nu keur nyangkaruk tumiba ka masarakat Indonèsua, nyaèta _*maca kedul, nulis mumul*_.

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Sae pisan Bu! Bade nguniang hudang maca ah!

25 Oct
Balas

Parantos sae. Hayu urang mimitian ku urang, sangkan jadi conto pikeun barudak di sakola.

28 Oct
Balas



search

New Post