SAMPURASUN, URANG SUNDA
Hirup di wewengkon anu miboga sèkè sèlèr tur loba komunitasna, tangtu ngalaman rupa-rupa hal, boh pikabungaheun boh pikasediheun.Bungah upamana di sabudeureun urang rèa anu ngarojong kana kaayaanana, ngarasa sedih lamun disabudeureun urang harè-harè tur teu malirè kana kaayaanana.
Kuring, pituin urang Sunda, gubragna ka dunya geus diwanohkeun ku kolot tèh pikeun mikacinta, mikareueus lemah cai Sunda, ti bubudak geus diwanohkeun kana seni, sastra, jeung budaya Sunda, ngaliwatan basa di imah jeung sabudeureunana makè basa Sunda, dibiasakeun ngadèngèkeun kawih-kawih Sunda, bacaan di imah disadiakeun majalah, koran, jeung buku-buku bacaan nu makè basa Sunda, pon kitu deui kaulinan barudak anu biasa dilakukeun ku barudak Sunda.
Taun 70-an, tangtu waè masih bisa matèahkeunana, kumaha dina taun 2000-an ayeun? Anu cenah jaman milènium, jaman digital, jaman barudak leuwih anteng dina cocooan anu disebut HP, kaulinanana ogè geus ngaliwatan HP kucara nga-upload rupa-rupa kaulinan atawa leuwih tènar disebut game. Barudak ayeuna hèsè diajak wawanohan jeung basa indungna, maranèhna bakal leuwih saregep ngobrol dina HP, boh ngaliwatan Facebook boh ngaliwatan WA, kalan-kalan basa nu dipakèna ogè teu luyu jeung aturan, boh nulisna boh larapna.
Basa Sunda, salaku basa sèkè sèlèr warisan karuhun, geus ditaringgalkeun ku pamakèna, dina dipakèna ogè geus jauh tina merenah ngalarapkeunana, kawih-kawih Sunda geus mimiti dijauhan, barudak ayeuna asa leuwih gaya lamun bisa ngahaleuangkeun lagu-lagu mancanagara, buku-buku, majalah, koran geus ditinggalkeun, maranèhna leuwih anteng ngobrol jeung maca dina HP, lalaunan...budaya Sunda gè geus teu dipakè, jauh tina sopan santun, ètika, jeung budi pekerti.
Robahna jaman, lain kudu ngarobah anu geus baku di masarakat, datangna tèknologi lain hartina budaya, basa jeung sastra warisan karuhun kudu dileungitkeun, malah mandar bakal leuwih alus lamun datangna tèknologi tèh leuwih ngawanohkeun, leuwih ngaronjatkeun ajèn-inajèn budaya ngaliwatan tèknologi.
Nilik kana kaayaan jaman ayeuna, dina ngamangpaatkeun tèknologi gè jadi salah kaprah, ku datangna teu kabendung, ngakibatkeun teu katahanna pangaruh-pangaruh nu tumiba, komunikasi di lingkungan kulawarga kurang kaperhatikeun, antukna kolot teu apal naon nu dilakukeun ku barudakna, budaya ngaji geus mimiti leungit, geus tara kadèngè rèangna barudak ngaji di masigit atawa di tajug.
Sampurasun, urang Sunda! Hayu urang tanjeurkeun deui Basa, Budaya, jeung Sastra Sunda jadi pribumi di lemah caina sorangan, tanghi, geura hudang, nguniang tina sarè anu ngageubra, bisi Jati kasilih ku Junti, ulah nepika leungiteun hariring, leungiteun lemah sarakan, banda urang banda Sunda, hurip hirup dina hawa Sunda, Sunda nanjung, Sunda ngapung ka uwung-uwung, digjaya ka janapria. DIjajap ku dunga baraya, diwuwuh ku rawuh sepuh. Sunda tandang makalangan, moal èlèh jajatèn, sayaga nyanghareupan panèka jaman.
HURIP SUNDA!
.
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan
Komentar
aya naon
Sae pisan Teh, abdi hoyong tiasa nyerat ku bahasa sunda
Htr nuhun.sae pisan.mung hapunten pribados mh sok balelol wae nyarios sunda teh.padahal asli urang sunda.
Htr nuhun.sae pisan.mung hapunten pribados mh sok balelol wae nyarios sunda teh.padahal asli urang sunda.
Rampess Ambu, leres pisan eta téh, sedih kaliwat saking, urang Sunda geus poho kana jati dirina sorangan, majar teh modern, gaul, lamun bisa nuturkeun jaman kiwari, "kid zaman now" meni asa reueus. Majar teh norak, kampungan lamun aya anu mikaresep adat, budaya Sunda
Alhamdulillah, hatur nuhun kana komèntarna. Saleresna sim kuring teu acan wantun tulas-tulis anu merenah nurutkeun aturan, mung ieu mah sakadar *humandeuarna hatè* kana kaayaan pajamanan ayeuna, anu umumna ngaharè-harèkeun kana ayana basa, sastra, seni jeung budaya Sunda.
Tes.....ngiringan atuh...hoyong diajar abdi gé....