R. ENENG SITI HAJAR

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

Cerpen Sunda

Teh Isah Di udag Anjing

Kacaritakeun harita Teh Isah rek ka warung Bu Rukma, dititah ku indung na meuli sembako. Teh Isah langsung ngarasa gimir jeung ngarasa sieun. Pangpangna mah mun ka warung Bu Rukma teh sok ngaliwatan imah na Mas Jono. Mas Jono teh ngingu anjing nu kacida galakna. Mun pareng aya jalma nu teu wawuh liwat ka hareupeunana, eta anjing teh sok langsung nyegag matak pikareuwaseun. Tara antaparah deui ngudag siga nu rek ngarontok jelema nu jadi mangsa na. Geus kabayang ku Teh Isah mun eta anjing ngudag maneh na. Tapi kumaha deui daek teu daek, najan sieun oge Teh Isah maksakeun indit.

Teh Isah leumpang mapay sisi jalan bari hate na ratug ku kasieun.

Disatengahing perjalanan Teh Isah papanggih jeung pamuda nu keur meujeuh na bujang toloheor jeung cunihin keur nalongkrong sisi jalan dariuk dina tihang jambatan.

Pas liwat ka hareupeun eta pamuda, Teh Isah rada Geumpeur jeug geer teu puguh lengkah. 'Salah tingkah' tea meureun ngarana teh.

Eta kabeh pamuda bujang teh geus mimiti ngadoja jeung ngagoda ka Teh Isah. Nya da dihenteu-henteu oge Teh Isah teh awewe pantes boga rupa geulis najan basajan oge, pakulitan koneng umyang...nya lumayan lah keur di kampung 'Sindang Heula' mah.

"Hey...cantik! Sini donk tengok aa kiri sebentar, nih ada Dude Harlino." kitu majarkeun teh ceuk eta hiji pamuda nu baju hejo.

"Dude Harlino timana...ti Hongkong. Dasar pamuda bujang atah adol. Ngaku-ngaku Dude Harlino sagala bet asa jauh tanah ka langit sakitu boga beunget buladig kitu." gerentes hate Teh Isah.

Teh Isah terus leumpang, teu malire ka eta para pamuda nu keur ngagoda na. Tapi bari teu pugub rarasaan asa nincak asa henteu suku teh. Na....atuh teu nyadar kana tincakeun dihareupeun aya cangkang cau katincak. Atuh seureuleu.....geblug! Teh Isah labuh tisoledat.

"Gusti, ampuuuun teuing." Nyeri na mah teu sabaraha, tapi ieu ku era nu teu tahan mah.

Reeeeyyy, beunget ateh Isah asa panas ngaheab, beureum burahay sigana bakating ku era. Kuniang Teh Isah buru-buru hudang teu malire ka sisi ka gigir, nu puguh mah hayang buru- buru indit ti dinya. Teh Isah neruskeun deui perjalanana rek ka warung Bu Rukma

Pas anjog ka hareupeun imah mas Jono, Teh Isah reuwas kacida bubuhan keur ngalamun can kumpul pangacian tayoh na mah pedah tadi geus di goda digareuhgeuykeun ku para pamuda bujang. Teu nyadar geus tepi ka hareupeun imah mas Jono. Kasampak anjing na keur teu dicangcang. Naaa ....atuh ari gog teh anjing ngagogogan, bari lumpat nyampeurkeun Teh Isah. Teu antaparah deui Teh Isah lumpat tarik pisan sakuat tanaga, lumpat sakalumpat lampet bakating ku sieun diudag anjing. Teh Isah lumpat teu malire diri estuning mangpret ampir teu ka erem. Geus rada jauh Teh Isah ngalieuk ka tukang, sihoreng si mana horeng anjing nu ngudag teh geus euweuh, simana horeng eta anjing teh geus digebahkeun ku para pamuda bujang nu tadi ngagoda Teh Isah.

"Duh, Alhamdulillah! Nuhun nya akang akang....hampura tadi kuring sempet keuheul jeung sebel ka anjeun." galecok hate Teh Isah.

Cag!

#ensitha

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Haaa..adaw sieun di udag anjing ah.. Sae pisan teh eneng seratannana..cag ah..nyerat bukuna..ngarah seeur..

23 Jun
Balas

Gak ngerti bu. Terjemahin dong

23 Jun
Balas

Krenn, bahasa Sundanaa. Bahasa Sunda saya ga bagus

24 Jun
Balas

Bikin versi bahasa Indonesia juga dong Bu. Supaya yang bukan orang Sunda juga ikut membaca.. :(

26 Jun
Balas



search

New Post