Widawati

Seorang ibu rumah tangga yang hobi jadi guru. ...

Selengkapnya
Navigasi Web
Raffi Ahmad
Sumber gambar: https://tse2.mm.bing.net

Raffi Ahmad

#tantangan hari ke-19

#tantanganGurusiana

Raffi Ahmad

Panon poe moncorong tengah poe matak serab. Jalanan kota Bandung pinuh ku kendaraan nu pasuliwer. Sakapeng macet ku angkot nu ngetem. Kacaritakeun Cep Dadang putrana Pa Haji Idris nu katelah jalmi jegud di Majalaya nuju ngantosan angkot di sisi jalan. Ku lantaran motorna nuju diservis, Dadang ngawayahnakeun naek angkot ka kampusna di daerah Dipati Ukur. Sabenerna Dadang teu biasa naek angkot. Tuman kana motor atawa mobil mun kamana-mana. Maklum jalmi jegud mah teu level naek angkot. Tapi poe ieu Dadang maksa ka kampus make angkot.

Mun dibandingkeun jeng barudak saparantaranna, Dadang kaitung kasep. Kulitna bodas bersih, parawakan sampaian, make baju naon wae ge pantes. Matak dimana oge aya, Dadang sok jadi pusat perhatian. Sikapna sopan, teu sombong, terus hormat kanu kolot, hasil didikan pa Haji Idris sareng bu Haji Imas. Kuliah di jurusan teknik di salah sahiji universitas di Bandung.

Lila ngajanteng di jalan, ahirna Dadang menang angkot. Rada pinuh ieu angkot teh, tapi masih aya korsi nu kosong jang manehna. Gek Dadang diuk. Teu lila jol nini-nini naek terus diuk hareupeun Dadang. Si Nini mawa babawaan meni loba. Angkaribung bari ngengelek kantong, ngajingjing keresek gede duka naon eusina, nepi ka matak heurin angkot. Bari pupuntenen si Nini menerkeun diukna. Panumpang nu sejen ngarised ka sisi mere jarak ka si Nini. Geuleuyeung angkot jalan.

Di sapanjang perjalanan, panumpang teu aya nu ngobrol. Masing-masing sibuk kana gadget na. Dadang nu titadi oge mukaan pesan di whatsapp, eureun nyepeng HP na terus dipesakkan. Pandanganna lurus ka payun. Dadang karek sadar, gening aya nu merhatikeun wae di tatadi teh, yaeta si Nini. Ti ubun-ubun nepi ka ujung suku ditaluntik ku si Nini meni taliti. Dadang kaisinan. Terus ngawanikeun maneh nanya.

“Punten Nini, aya nu tiasa dibantos, panginten aya nu dipilarian?” ceuk Dadang panasaran.

“ah henteu acep, Nini mah mung nyidik-nyidik” saur si Nini bari era.

“nyidik-nyidik naon tea Ni?” Dadang kerung.

“Ari Acep teh Raffi Ahmad?” ujug-ujug si Nini nanya kitu.

Panumpang nu sanes ngabelengeh narahan seuri. Dadang ngajenghok reuwas. Boa si Nini teh teu awas matana. Atawa teu waras? Jeroning hate Dadang.

“ah sanes Ni, abi Dadang” tembalna bari seuri leutik.

“ari artis mah tara ngaku nya mun ditanya ku nini-nini mah, eta pedah naek angkot meureun nya bilih asup ka intertemen, isin nya”. Si Nini nuduh.

“entertainment Ni, sanes intertemen”. Dadang menerkeun

“Enya eta. Leres kan acep teh Raffi Ahmad, da Nini mah osok lalaju tipi di tatangga. Acep teh meni kasep dina tipi mah, tapi Nini ningali aslina leuwih kasep..hehehe..” si Nini ganjen.

“hehe.. hatur nuhun Ni, tapi abdi sanes Raffi Ahmad. Abi mah Dadang”.

“ah Raffi, bener ieu mah Raffi Ahmad” ceuk si Nini maksa.

“ih ari Nini, abi Dadang Ni” ceuk Dadang mimiti kesel

“teu nanaon atuh cep, da Nini mah ngan ngepens wungkul ka acep teh moal menta dikawin” si Nini baeud.

Dadang narik napas panjang bakat ku kesel. Tapi dalah dikumaha si Nini maksa.

“enya atuh lah Ni, abdi Raffi Ahmad” ceuk Dadang jamedud. Angkot eureun.

“Raffi Ahmad kitu, naha asa teu siga” beungeut si Nini lempeng.

Gubrag… Dadang ngajengkang. Si Nini turun tina angkot ninggalkeun Dadang nu pingsan.

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Dadang kasepnya sama dengan Raffi Akhmad. Saya tergoda foto .

15 Feb
Balas

Hahaha.. Beda tipis bu

15 Feb

Ha ha, ha, mantap cerite e. ngasin e kang dadang Yeh, kan Yayuk Juak endak ngerti

15 Feb
Balas

Ha ha, ha, mantap cerite e. ngasin e kang dadang Yeh, kan Yayuk Juak endak ngerti

15 Feb
Balas

Hehehe.. Alhamdulillah bu sumi ngartos

15 Feb

I don't understand...

15 Feb
Balas

Teu nanaon nu penting seuri.. Hahahha

15 Feb



search

New Post