Yayah Rokayah

Menulis adalah ibadah. Kita bisa berbagi ilmu dan pengalaman melalui tulisan. Membudayakan literasi diantara kita. Saya guru matematika yang senang menulis, s...

Selengkapnya
Navigasi Web
Kareuwas nu Matak Was-was
foto kelas motret online

Kareuwas nu Matak Was-was

Kareuwas nu Matak Was-was

Diserat ku: Yayah Rokayah

Hapunten anu kasuhun ka sadayana anu nuju maos seratan ieu. Simkuring rumaos, teu tiasa nyerat bahasa sunda anu apik, anu saluyu sareng undak usuk basa. Maklum masih diajar keneh. Nepangkeun, simkuring pituin urang Kabupaten Pangandaran.

Masih kabayang dina emutan, akhir Januari 2021 anu tos kalangkung, yen pun lanceuk (caroge) katarajang udur. Harita wanci ashar, telepon di rorompok teh kasada. “Kriiiing.......” Sim kuring geura enggal ngangkat telepon. Ari pek teh ti pun lanceuk di Kantorna. “Assalamualaikum, ummi enggal geura beresan kamar, acuk-acuk sareng peralatan tuang, dipisahkeun....ieu kedah diisolasi mandiri kumatak postif korona!” kitu saur pun lanceuk dina ujung gagang telepon. “Waalaikumussalam, innalillaahi, astaghfirullohaladziim......” Simkuring leuleus tur teu percaya. Nu kabayang teh sagala kasieun, hariwang, sareng sajabina. Awak ngadadak gemeter, kesang tiis kaluar. Kenging kareuwas nu matak was-was. Simkuring gancang lumpat ka cai teras ngala wudhu meh pikiran tenang jeung tumarima kana kaayaan. Urang kedah sabar nampi ujian kahirupan ti Gusti Nu Maha Suci. Simkuring gancang ngabaran Pak RT via telepon. Ti saprak harita, simkuring sakulawargi di isolasi mandiri dugi ka dua minggonan. Boro-boro ka Masjid sareng natanggi, ka Sakola oge izin WFH (Work From Home), kaleresan masih keneh ngajar online.

Wanci beurang dinten isukannana, simkuring indit gura-giru sareng pun anak anu tiluan, teu hilap si teteh nu mantuan di rorompok oge diajak ka klinik. Irung dicolokan dugi ka nyeri. Test swab antigen rengse. Wanci sajam hasilna tos kaluar. Alhamdulillah sadayana anu di test negatif korona, iwal pun lancek wungkul nu positif korona. Duka katepaan ti mana boa? Saur dokter mah OTG (orang tanpa gejala), mung tetep weh urang sadayana kedah waspada kana ieu wabah korona.

Seueur pisan tatanggi anu “ngalayad” via whatsapp. Diantawisna aya nu masihan doa sareng sumanget, oge katuangan sagala rupi ayana. Ti ngawitan bungbuahan, rencang sangu, sareng obat-obatan. Haturnuhun kana sagala rupi perhatosan, pidu’a sareng piwurukna. Alhamdulillah saatosna opat belas dinten, pun lanceuk di test deui, alhamdulillah negatif korona sareng sehat deui.

#NoBaper9

Profil Nu Nyerat

Yayah Rokayah, dilahirkeun di Ciamis ping 18 November. Pun Bapa asli Pangandaran Jawa Barat, pun Biang asli Pandeglang Banten. Namatkeun sakola ti Universitas Negeri Jakarta tahun 2004 jurusan pendidikan Matematika. Guru Matematika di MTs swasta Al-Mursyidiyyah Tangserang Selatan. Seneng nyerat di blog gurusiana kagungan Media Guru Indonesia (MGI). Kantos ngiringan pelatihan menulis anu diayakeun ku MGI sareng Kemenag Kota Tangerang Selatan di tahun 2020. Kantos nyerat buku solo sareng alhamdulillah tos aya 22 buku antologi anu digagas ku MGI tur penerbit anu sanesna. Seneng diajar sareng kenalan. Moto hirupna: mikir anu positif, kagungan elmu sareng diajar ngamalkeun. Tiasa dihubungi di nomor WA 081312550084.

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Keeeen cerpennya, Bu Hj. Sukses selalu. Salam literasi

24 Nov
Balas

haturnuhun Pak Dede, hayu ngiringan NoBaper 9

24 Nov

Keren. Walaupun agak meraba raba maksudnya hehehe

25 Nov
Balas

Sae pisan bunda hj...semangat.mugia dipasihan sehat sadayana.. Hoyong nyerat sapertos bunda hj..ngan te acan tiasa Yentimah.

24 Nov
Balas

Alhamdulillah. Haturnuhun. Hayu neng diajar biar sumanget. Nuhun apresiasina. Teu tiasa tapi pede weh..hehe

24 Nov

Mansur, bu Haji. Sae pisan.

24 Nov
Balas

Alhamdulillah. Haturnuhun pak Isak

25 Nov

Mantul bun, sae pisan. Keren euy

24 Nov
Balas

Izin follow yaaa

24 Nov



search

New Post