Ernasari Fitriati

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web
Carita ti Babaturan

Carita ti Babaturan

Hapunten ka sadayana, ieu mah mung sakadar ngemutan bilih ka alaman ku urang. Kanggo dulur dulur sadayana, sing ati-ati sareng taliti mugia teu kaalaman ku urang.

Nembe pisan tatanggi abdi gugah kulem teras ibak maksadna teh bade angkat ka padamelan. Sateuacan angkat ngaleueut heula kopi teras nuang samangka tiis nu disimpen dina kulkas. Pas bade angkat kana motor, teu aya kila-kila atanapi pertanda nanaon alias nuju sehat wal a'fiaat, langsung ngadadak teu tiasa ningali poek mongkleng sakuriling. Kesang tiis kalaluar, anjeunna ngajerit, ngagoak maca istighfar bari tulung tulungan. Alhamdulillah Alloh masih nangtayungan panginten, sihoreng ngangge helm na tibalik....

Mugia Gusti nangtayungan ka urang sadayana, sing ulah kaalaman ku urang mah. Sanes nanaon isin ku batur. Hatur nuhun kasadayana...

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan
search

New Post