Erni Wardhani

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web
KORBAN PHP

KORBAN PHP

Tantangan menulis hari ke-29 Bener, sok ngadadak hayang sungkem mun aya di hareupeun mah, ka Ibu Sri Mulyani téh. Komo sakeudeung deui lebaran RI, jeung jang mayar budak sakola. Jadi reugreug. Abong geus aya hawar-hawar bakal turun gajih ka-13 jeung THR, ramo téh bet sok tara bisa diajak kompromi. Sok hideng sorangan. Langsung muka Shooppe, laju ngilikan barang nu aralus jeung hargana miring. Nempo brukat anu rada ahéng, hayang. Nempo selop anu lalucu, kabita. Ningali tiung anti tembem, langsung diasupkeun kana karanjang, béh babari check outna. Pokona mah, prinsip ibu-ibu mah, asa rada kajeueung piduiteun, langsung wè kana hénpon. Mun teu ka Shooppe, pasti ka babaturan anu sok dagang baju. Komo ayeuna, keudeung deui asup gawe. Kudu kaciri rada sieup atuh ngarah aya wibawa saeutik. Biasa ibu-ibu mah, sok merhatikeun ti tungtung tiung nepi ka dampal suku. Lolobana sok kudu kumaha maranehanana. Niatna mah alus, ngan kadang sok rada salah nepikeunana. Tungtungna mah, asa teu beda jeung nétijén. Baju, kamari tèh geus sababaraha hiji ngiridit ka Bu Rina, asa masih cukup kénéh. Tinggal nyicil we jang mayarna. Tas asa alus kénèh. Tungtungna mutuskeun rék meuli sapatu di Shooppe. Si Asmirandah anu ngiklankeunana téh. Mani alus pisan. Tinggal check out da geus kungsi nyirian saméméhna. Sapatu téh lucu. Bulat beulit tali pulas kayas sahéab. Hak sapatuna siga tina kaca. Pokona sigana mun dipake téh, bakal pantes. Ramo lincah nyieun transaksi jeung toko. Teu karasa ujug-ujug geus transfer. Teuing kumaha mimitina. Selang dua poe, pakét datang. Atoh kacida lantaran hayang geura maké. Gep kana hènpon, rèk muka paket bari divideo, maksudna mah bisi teu cocok jeung pesenan, rék komplén ka nu boga toko. Alhamdulillah cocok jeung nu sakumaha dipesen. Ukuranana gé cocok jeung nu dipesen. Ngan èdas, lagu dipaké naha jadi bet jauh jeung gambar na foto. Nomer sapatu diilikan deui. Bisi salah. Tapi da bener. Sup deui diajaran. Boraah lucu, eta cingir suku maké marorojol sagala rupa kana tali téh. Gustiii teu sirikna hayang mangpéngkeun kana suhunan batur lamun teu inget kana kaéra mah. Éra, lantaran dipikir-pikir lain sapatuna anu salah, tapi suku urangna nu teu bisa dikompromian gara-gara jébrag. Panulis ngajar di SMKN 1 Cianjur
DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan
search

New Post