Erni Wardhani

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

KAMAR 307 (10)

Tantangan menulis hari ke-148

Panon masih peureum, haté mah geus puguh masih kénéh tagiwur. Karasa napas Tuan Andrés Jan, mapay kana puhu irung. Deukeut pisan. Kuring beuki sadar yén kuring geus kabawa lambak. Mimiti haté jumerit, istigfar sabisa-bisa. Kuring embung tuluy kabawakeun. Haté geus mimiti nolak kana kaayaan. Kuring embung terus-terusan aya di nagara ririwa. Dalah di kumaha ogé, kuring geus mimiti kababawa. Meungpeung can katalanjuran.

Beuki kuring manteng ka Mantenna, kaayaan sakuriling bungking beuki mimiti karasa béda. Bray panon muka. Sabudeureun karasa remeng. Panon Tuan Andrés Jan anu saencanna leleb anteb, jadi karasa lain. Teuteupanana rubah. Teu sirikna rék ngalegleg kuring. Panonna beureum, bàngun ambek. Dina huntuna ka luar sihung anu pikasieuneun. Aya getih di lebah juru-juru biwirna. Belenyéh, seuri, mimiti lalaunan, beuki dieu beuki tarik ngagakgak. Sorana matak muringkak bulu punduk. Lalaunan kuku-kukuna manjangan.

Biola anu keur dicepeng ngageter. Geteranana karasa kana awak anu beuki dieu beuki panas. Bow kaalungkeun aya kana dua méterna. Awak nyéréd korsi ka lebah tukang. Kahayang mah, si biola ditakolkeun kana sirah si Tuan Andrés Jan anu beuki lila siga beuki ngabadagan. Beuheungna manjangan.

"Danisaaa ...." sorana ngagerem pikakeueungeun.

Kuring lumpat tingpaparétot muru panto ka luar. Napas anu hah heh hoh pabaliut jeung léngkah anu karasa heureut. Rarasaan téh teu maju-maju. Rohangan anu saméméhna geus diapal ku kuring, jadi lain. Asa paroék, jeung bangun di salasar rumah sakit. Kénca katuhu pinuh ku tangkal belegedegan. Béh tungtung, katempo semu nu ngaralayang nyalampeurkeun. Jirimna ngabaradagan. Beuki deukeut beuki baradag, tingcalakatak. Carolijn panghareupna. Buukna ngarewig. Leumpangna bener-bener ngalayang. Gancang pisan.

Rét kuring ka tukang, maksud téh rék mastikeun Si Tuan Andrés Jan. Manéhanana ngaleungit. Kuring malikkeun awak, rék lumpat deui ngajauhan Carolijn anu ngalayang gugupay. Katempo Bu Nana di tukangeunana. Sarua ngalayang, sinjangna ngagapuy. Sirahna satengah locot tina beuheungna anu pinuh ku getih.

Lebah kalér, aya hiji rohang anu kacida caangna. Sérab malahan mah. Tapi teu jelas teuing rohang naon, jeung jalan ka dinyana kudu ka lebah mana. Jalan asa puputeran. Biola asa teu bisa leupas dina leungeun. Senarna ngaluarkeun sora nalika kagések-gésék ku angin jeung léngkah kuring anu masih tingpaparétot. Tékad kuring buleud, rék ka rohang anu caang tadi. Kuring néang pijalaneun sangkan bisa buru-buru nepi ka rohangan caang. Capé teu dirasa. Tutuwuhan anu sakirana ngahalangan dibabadan ku biola. Senar biola anu paadu jeung dangdaunan anu dibabad, ngaluarkeun sora anu matak pikakeueungeun. Hiji-hiji senar paregat. Kuring geus teu maliré deui kana kaayaan. Rarasaan téh, sirah si Carolijn geus sajajar jeung kuring.

Rohangan anu caang, geus mimiti asa beuki deukeut. Léngkah digancangkeun sangkan buru-buru nepi. Reg kuring eureun nalika geus ampir nepi. Si rohangan téh sakurilingna diwatesan ku kaca. Ongkoh siga caang, tapi jerona siga loba haseup. Teu katempo nanaon. Kuring mapay rohangan sangkan kapanggih pantona lebah mana. Ku lantaran teu kapanggih waé, kuring noong ka lebah jero. Angger teu katempo nanaon, kahalangan ku haseup bodas. Kuring masih ngurilingan rohangan. Béh juru, aya lalaki keur dongko. Rikat kuring nyampeurkeun. Susuganan beunang dipénta tulung.

"Pa ... hoyong lebet ka dieu, ka mana jalan?" ceuk kuring lalaunan.

Lalaki anu keur dongko nukangan, cengkat. Awakna malik bari nunjuk ka béh wétan. Bener ogé, aya panto anu teu siga panto ilaharna. Nalika kuring rék nganuhunkeun, ana gebeg téh, sabab nempo anu ditanya ku kuring, beungeutna rata. Belecir kuring lumpat bari terus babacaan sabisa-bisa.

Nalika nepi panto, bus kuring abus, na atuh beut jadi asa ngalayang. Rohangan téh euweuh lantéan. Awak kuring kakalayangan ragrag ka handap. Teuing sabaraha lila. Panon teu bisa nempo kana kaayaan. Éstuning kahalangan ku haseup bodas. Awak asa dipuih-puih dina blénder.

Brug.

Awak ragrag. Teu nyeri, tapi ngalenyap. Panon masih teu bisa dibeuntakeun. Rarasaan mah, aya anu nyepengan mumuncangan, tarik pisan. Kuring geus teu walakaya. Tong boro ngaleupaskeun manéh, dalah ngagerakeun leungeun gé, atawa muka panon geus teu bisa. Ras inget ka indung bapa anu geus euweuh di kieuna. Hayang ceurik. Komo inget ka salaki anu teuing di mana ayana.

Beuki dieu, cecekelan na mumuncangan beuki teu karasa. Rarasaan téh aya anu ngabura kana sirah. Panon kekerejepan.

Bray, panon muka. Sérab. Anu katempo ku kuring, aya budak leutik gigireun kuring pisan. Umurna kira-kira 10 taunan. Panonna mencrong seukeut. Geteranana ahéng. Kuring teu bisa ngiceup.

...

Hanca

Penulis adalah guru SMKN 1 Cianjur

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan
search

New Post