KAMAR 307 (5)
Tantangan menulis hari ke-143
Duh, sabenerna mah, hayang pisan milu pembukaan téh, tapi kumaha atuh, awak asa euweuh tulangan. Leuleus. Ahirna, kuring boga kamandang yén leuwih hadé kuring cicing. Beurang ieuh. Jeung sabenerna mah, babaturan gé leuwih satuju lamun kuring teu milu pembukaan. Satadina mah Erik rék maturan, ngan ku kuring ditolak, maksud téh, embung ngariweuhkeun batur. Ahirna manéhna teu bisa kukumaha. Babaturan nu lain gé sarua, leuwih panuju kuring teu milu, najan masih rada palaur ninggalkeun kuring sorangan di kamer.
"Ceu, hampura, nya ... teu diantosan,"Haji Hinda bangun nu teu téga ningalkeun kuring.
Kuring unggeuk bari imut. Teu masalah. Awak ukur leuleus wungkul. Biasana digolérkeun sakeudeung gé, cageur. Sanggeus babaturan arindit, kuring bisa saré, lumayan aya kana 20 menitan. Bener wé, sirah teu pati beurat teuing. Kuring maksa ngarah teu cicing waé di kamér.
Laju cengkat, mending lalajo tipi batan huleng jentul di kamer mah. Hordéng dibuka-bukakeun. Juru panon ngarérét ka lebah kaca luhureun wastafel. Euweuh nanaon. Rét ka lebah kamer mandi. Tiis kosong. Tapi mémang geueuman.
Ari keur sorangan kieu, sok loba wé nu dibayangkeun téh. Batan mikir nu lain-lain, gep leungeun kana rémot, laju mencét power, bray tipi hurung. Sabenerna mah acara euweuh nu resep, tapi ku kuring digatengkeun.
"Byur ... byur ..." Sora anu mandi jelas pisan kadéngé.
Jajantung langsung ratug, teu puguh rasa. Dada rénghap ranjug. Rét kuring ka lebah gang leutik, jalan ka cai. Euweuh sasaha.
Tadina rék nelepon, tapi suku asa dibeungbeuratan. Tipi geus teu puguh tingalieun. Pipikiran angger ka sora anu mandi. Geus teu kadéngé, tapi kaayaan asa ku keueung pisan. Cepil beuki rancingeus, ngadagoan bakal aya kajadian naon deui kira-kira. Jajantung masih kerep deg-degan. Napas geus ditahan supaya kaluar normal, jeung ngarah haté reugreug. Babacaan ngadadak paroho. Ahirna ngadoa sabisa-bisa wé.
Euweuh, euweuh sora. Kuring mimiti lalajo tipi deui, ngarah teu keueung teuing. Tapi bari lalajo, panon mah teu bisa diajak kompromi. Rét deui rét deui ka lebah korsi jeung wilayah WC. Rarasaan téh, aya anu ningalikeun. Rét ka lebah jam anu dipasang gigireun dispénser, bangunna babaturan mah, keur meujeuhna tarunduh jam sakieu mah..
"Ceu ....' Bu Evi kasampak aya di hareupeun. Teu kadéngé sora sapatu saméméhna.
"Ah, siah, mani reuwas," ceuk kuring bari atoh babaturan geus araya deui di kamer.
"Aman-aman saja, kan, Ceu?" Bu Wulan muka kerudungna.
Kuring teu nyarita, rék api-api. Keun wé ukur kuring nu apal aya nanaon di kamer ieu, masing karék dédéngéan gé.
"Alhamdulillah," ceuk kuring pondok bari seuri leutik.
"Sukur atuh. Boro teu konsén," Haji Hinda mairan.
"Ih, mani tunduh. Bener tadi mah. Ari ayeuna mah cénghar." Ceuk Bu Evi bari terus nyoo hénpon.
Kuring cengkat, laju asup ka kamer mandi, ngadon kahampangan. Ari loba batur mah, teu keueung kawas tadi. Asa ramé. Di jero kamer mandi gé, euweuh nu anéh. Ti tadi nanahan hayang ka cai, asa ku ngemplong. Kuring sakalian abdas, rék langsung salat. Geus abdas mah, langsung wé maké mukena. Laju salat. Aya ku tengtrem ari geus nepungan nu Kawasa mah.
"Istirahat ukur jang solat, matak kudu buru-buru, bisi telat deui," bus Haji Hinda abus ka kamer mandi.
Bu Eva jeung Bu Wulan masih anteng jeung hénponna. Awak karasa seger. Niat rék milu ka rohangan rapat, soalna sieun loba tinggaleun ti batur. Bahaya. Geus bérés salat, mukena langsung dibérésan. Laju nyokot ganti baju, lantaran asa teu ngeunah, loba cikaringet.
Haji Hinda kaluar ti WC, seger pisan katingalna. Buuk pondokna disisir bari ngaca. Manéhna langsung ngararapih jeung tuluy dangdan. Kuring pipilueun dangdan. Teu dina kaca rias, da keur dipaké Haji Hinda. Kuring ukur maké kaca tina cepuk wedak.
"Awww..." Sora Bu Evi anu ngocéak, ngagebah kuring jeung Haji Hinda anu keur anteng dangdan.
"Bu Haji, nuju aya tamu?" cenah. Haji Hinda gideug.
"Ari Bu Erni?" tanyana deui.
Kuring gé gideug bari ngaragap mukena ka handapna anu masih keneh dipake.
"Ku naon, ieu téh?" kuring hémeng bari nempo beungeutna.
"Ih, aya getih di toilét. Masa sih, gak ada yang lagi haid?" cenah bari ngomong Indonesia.
Kuring jeung Haji Hinda papelong-pelong
...
Hanca
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan