Pupung Safuro

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web
TATARUCINGAN

TATARUCINGAN

TanGur Hari ke-45

TATARUCINGAN

Mun urang sakulawargi nuju ngarumpul sok aya we nu diobrolkeun, ku lami tara patepang, aya nu sataun sakali nembe pendak, atuh sapeupeuting ngobrolna, kadang carita urusan pagawean, urusan barudak dugi ka urusan papakean. Seep obrolan nu serius ujung ujungna ngabarojeg, nu pikasieuneun nepi ka nu pikaseurieun. Seep deui carita nu kitu akhirna mah dugi we ka tatarucingan. Tah kieu geura tatarucingan sareng jawabanana, lolobana mah nupikaseurieun, lumayan tambi tunduh...sateuacan masak ka dapur.

Ari nakol bedug aya sabaraha warna? (Ti Luarna)

Minyak naon anu rame? (Minyaksikan pertandingan sepakbola)

Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)

Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)

Tukang naon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)

Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham ya…Del Piero)

Kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini rusak)

Gajah naon anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)

Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)

Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab sieun S-na leeh kapanasan)

Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)

Hayam naon anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)

Rancung lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)

Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)

Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)

Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna? (Tinggal turunna)

Pare naon anu teu ngeunah? (Parea-rea omong)

Jalma meuli kasur keur naon? (Keur beunta)

Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah? (Kutu)

Kapas 2 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana? (Nyeri sukuna)

Ku naon tukang baso nakolan mangkok? (Ku sendok)

Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh. (Keretas)

Petina hiji, mayitna loba. (Korek api)

Kaca naon anu nyeri? (Kacabok)

Naon sababna kareta api majuna ngarayap? (Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung)

Kaca naon anu seungit? (Kacapiring)

Kaca naon anu pangbeuratna? (Kacalikan gajah)

Hayam naon anu keur jengke? (Hayam nu keur sondah)

Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo? (Bisa, lamun kiloanana ruksak)

Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui? (Kari 9 da nu kempes teh ditiup deui)

Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul? (Balas cape mikiran kumaha carana hayang miheulaan ban hareup)

Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang? (Sabab teu make kaca spion)

Kaca naon anu sok disada? (Kacapi)

Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok? (Sapiderman)

Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok? (Hayam paeh)

Supirna opatan ari panumpangna saurang. (Pasaran/keranda)

Buah naon anu tara diala? (Buah murag)

Piramida naon nu di jerona aya harta karun. (Bacang)

Ti peuting asak ti beurang atah. (Lampu bohlam)

Ka handap muka ka luhur nutup. (Seleting)

Maju eleh, mundur meunang. (Nu keur lomba tarik tambang)

Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha? (Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber)

Kapal naon anu teu bisa ngapung? (Kapal nu mesinna ruksak)

Hideung, leutik, bahaya. (Sireum napel dina bom)

Seueur geuning nya pamirsa pami tatarucingan dikumpulkeun, komo lamun nu mere tatarucinganana teh tukang ngabojeg sadayana, moal rengse dugi ka janari siganamah.

Salam kanggo urang tatar Sunda sadayana. Hapunten pami babasaanana kirang mernah, kantenan ngaku Sunda tapi sadidinten nyariosna bahasa Indonesia tercinta.

Bogor, 26 April 2020

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan
search

New Post