Asep Saefur

Menulis adalah berkomunikasi dengan rasa. Menulis adalah ungkapan rasa tak bertepi. Tak ada batas ruang. Tak ada batas waktu. Menulis adalah berkomunikasi a...

Selengkapnya
Navigasi Web

Cenah Mah Pangandaran

Teu ngahaja, teu aya rencana ti anggalna, estu sakainget.

“Urang ka Pangandaran yu!” pamajikan ujug-ujug ngajak. “Pere lebaran mani salila-lila di imah bae asa bararosen. Tatangga marudik. Urang mah mudik ka mendi.”

“Hayu!” cekeng teh spontan.

“Ayeuna?” tembalna deui. “Urang ka Ciamis heula ka imahna Si Nandar. Ngarah teu cape teuing. Isukan isuk-isuk kakara urang ka Pangandaran.” Nandar teh salakina adi beuteung anu kakara dua taunan nikahna oge.

Jam sabelas harita teh. Teu talangke terus we beberes nyiapkeun salin keur engke. Blus-blus kanu rangsel badag. Rengse beberes teh jam hiji, sakalian shalat ge dijama da puguh rek indit jauh.

Jam dua beurang sagala geus siap. Bissmillah, motor “on the way” maju ka Ciamiskeun.

Lancar jalan teh teu aya riak-riak pimaceteun. Malah asa leuwih lancar batan poean biasa. Pajarkeun teh mun lebaran mah sok macet mun rek mudik teh. Enya kituna mah urang kota keur malencar ka lemburna sewang-sewangan. Asup ka kawasan nagrek kakara karasa ramena. Malah lebah pudunan deukeut jalan cagak ka Garutkeun mah geus karasa macetna teh. Kaalaman geuning mudik bari macet teh. Jadi hayang seuri, ari anu tara mudik make hayang ngasaan macetna mudik sagala.

“Ieu mah disajalurkeun. Tutup buka sigana teh.”

Enya we palebah pengkolan pisan dieureuna teh. Untung we motor mah meunang nuluykeun lalampahan, teu dieureunkeun.

Ngajalankeun motor teh teu bisa tarik. Seselepet jalan tengah, nyusur gang antara mobil jeung mobil. Mun aya beus ti hareup, motor rada laun. Paur. Ninggal batur mah waranian ngabelesat we ngajalankeun motorna teh.

Magrib teh kakara nepi ka Limbangan. Jauh keneh. Ieu imbit geus panas.

Bada isa, lalampahan teh teu wudu nepi oge ka lembur anu di tuju, perbatesan Tasik Ciamis.

“Punten Kang tumaros” cekeng teh ka lalaki nu keur leumpang sisi jalan.

“Aya naon Kang?” tembalna.

“Dupi Cihaurbeuti palih mana?” kuring tumanya. Enya ge kungsi sakali ka imahna Nandar teh, tapi tacan sidik lebah-lebahna komo peuting kieu mah.

“Tos kalangkung atuh kang. Aya tilu kiloan mah. Pakokna saatos jembatan ti dieu mah.” ceuk lalaki sisi jalan nuduhkeun.

Biur motor teh balik deui satutasnya nganuhunkeun ka Si Akang sisi jalan teh. Rada jauh ti dinya hate bet asa cangcaya. Aya kana tilu kilona tapi pengkolan ka imah Nandar aya can katempo. Naha bener kitu? Palebah warung kuring nyisi rek nanyakeun.

“Punten Kang bade tumaros!”

Tukang warung nyampeurkeun. Enya di lembur mah karasa jalma teh saromeh, teu weleh hayang mantuan kanu keur susah teh.

“Dupi Cihaurbeuti palih mana nya, Kang?”

“Atuh tos kalangkung. Aya tilu kiloan mah. Ceuk Tukang Warung.”

Kuring ngaheneng sajongjonan. Tadi kalangkung tilu kiloan, ayeuna geus balik deui aya kana tilu kilona disebutkeun kalangkung tilu kiloan keneh bae. Jadi di mana atuh anu sabenerna teh?

“Nami lemburna naon, Kang?” ceuk tukang warung. “Cihaurbeuti mah da panjang, sapanjang jalan ieu Cihaurbeuti.”

Nelepon heula ka Nandar. Euh, paingan kuduna nanya teh Cigalugur, lain Cihaurbeuti. Geus puguh lemburna mah geuning teu saka-kara. Palih dinya ceuk tukang warung ge. Ah ketah palih dinya di lembur mah sok ngatoh-ngatoh, ceuk pikir teh.

Reureuh heula di tukang warung bari ngobrol ngaler ngidul. Pangpangna mah hayang ngalempengkeun ieu cangkeng, cangkeul asa rek parotong. Jeung ketah ieu imbit sigana geus burahay kapanasan.

Mesen heula ci teh panas jeung lalawuh saaya-aya. Biasa we goreng pisang jeung bala-bala. Ti dituna mah bari nganuhunkeun ka tukang warung. Bari ngahuap goreng pisang teh nyeh imut. Heueuh nya ari urang sunda, Naha cau mun digoreng sok disebut pisang. Naon hesena mun disebut goreng cau we. Ah duka teuing atuh, dasar urang sunda sok aya-aya wae.

Pondok carita jam salapan nepi teh ka imah nu dituju. Geus euweuh kaera deui, goler we dina samak nu ngampar di tengah imah. Can pati wanoh sabenerna mah, nganjang ge apan kakara anu kadua kalianna meureun harita teh. Nu mimiti mah basa nganteur panganten anyar. Kitu da adat di lembur kuring mah. Sok sowan kulawarga awewe teh ka kulawarga lalaki. Sabulan sabada ijab kobul nikah.

“Bade enjing ka Pangandaran teh?” mertua lalaki adi beuteung tumaros.

Kuring ukur imut. Pamajikan anu nembal teh “Cape geuning nya Pa. Tebih keneh ka Pangandaran teh?”

Lalampahan ka Pangandaran teh jauh keneh, aya dua kalieun deui lalampahan ka Bandung. Jaba macetna cenah. Ah teu kabayang. Turing-turing usum mudik kieu mah kalahka gering we meureun. Nu teu kapikir ku kuring mah eta anu mudik ka Jawa. Ti Jakarta ratusan kilo meter bari angkaribung babawaan, can padedet anak pamajikan. Ah kajeun bedo mun kuring mah.

Kuring neuteup pamajikan. Nyeh imut. Heueuh hayang mah ka Pangandaran, nu aya ukur humandeuar. Cag ah.

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post