Asep Saefur

Menulis adalah berkomunikasi dengan rasa. Menulis adalah ungkapan rasa tak bertepi. Tak ada batas ruang. Tak ada batas waktu. Menulis adalah berkomunikasi a...

Selengkapnya
Navigasi Web

Kanyaah Bapa

Jemplingna peuting nyelesep na sanubari, ngahiliwir mawa hibar katengtreman. Pikiran ngalayang ngawang-ngawang, nguliat rasa, ngeleketek manah. Bray kasawang lalampahan 33 taun ka tukang. Teu karasa bet asa maenya. Teu percaya tapi nyata, da ieu mah saenyana kaalaman ku diri sorangan.

Sabenerna mah asup SPG teh kapaksa. Iklas, iklasna mah. Iklas teh lain asup ka SPG na, tapi iklas nohonan kahayang pun bapa. Aeh, burudak ayeuna mah moal teh teuing arapal naon SPG teh. Tuh pan, lain, lain Sales Promotion Girl da geus puguh apanan kuring mah lalaki. SPG teh sakola guru nu engkena ngajar di SD atawa TK.

Lain, tong sok salah harti. Kapaksa teh lain ku jadi guruna. Kapaksa teh da puguh lain eta cita-cita kuring harita. Ka kolot, ka guru BP, ka walikelas kuring geus wakca yen hayang jadi Insinyur Pertanian. Rarasaan mah teu muluk-muluk eta kahayang teh. Di Bogor tempat ngacikna Universitas Pertanian, kuring boga dulur. Lanceuk pituin. Malah, aslina lanceuk teh nikahna ka insinyur pertanian. Nyurup pan jeung kahayang kuring? Malah apanan kuring oge kungsi sakola di SD Tajur 3, diasupkeun ku lanceuk. Atuh kamampuan, rarasaan mah teu kuled-kuled teuing, saeutik mah aya kasebutna rada punjul mun dibandingkeun babaturan sakelas mah. Lima besar bae mah asup. Kukituna asa teu kaleuleuwihi boga cita-cita teh.

Ku iklas ngajalankeun kahayang nu jadi Bapa, di SPG kuring pinanggih jeung pangabetah. Loba kagiatan nu bisa ngabeberah manah. Ketah lain ukur ngabeberah tapi pinuh ku atikan, ngasah pangabisa, pepel ku kaparigelan, nambah wawasan, cukup pikeun neuleuman pangalaman keur bekel jaga. Sakola teh geuning teu ukur ngagugulung buku pelajaran.

Nincak taun katilu, aya kajadian nu mo bakal dipopohokeun. Pun bapa lebet rumah sakit deui. Satutas bapa pangsiun 5 taun katukang, pun bapa memang sering lar sup rumah sakit. Ayeuna bapa lebet deui. Langkung parna. Unggal peuting kuring ngungkulan bapa di rumah sakit, beurangna indit ka sakola.

Harita teh wanci lohor, cenah mah bapa naroskeun ema. Siga aya nu hoyong dicarioskeun. Mang Momo, emang kuring nu pangdeukeutna, gura-giru rek mapagkeun ema. Ema teh tos sepuh, nu matak teu tiasa dirurusuh. Bada asar geus meh deukeut ka magrib Ema kakara sumping. Bapa nu tos lami ngantosan tos teu tiasa nanaon. Ema sumping teh bapa ukur neuteup sakedapan. Teu lami, bapa ngaleupaskeun napasna nu panungtung. Bapa teu aya.

Segruk kuring ceurik teu wasa nahan cimata. Ras inget kana kahayang bapa baheula. Bapa anu sakitu ngarojongna kana cita-cita kuring, bet ngolesed nitah asup ka SPG. Sakola anu eces euweuh hubunganana jeung cita-cita kuring. Ieu meureun anu jadi alatanana. Lain bapa teu ngarojong, tapi bapa teu hayang kuring peunggas di tengah jalan. Kamampu bapa ukur bisa nyakolakeun kuring nepi ka semet dieu. Sahenteuna ari ti SPG mah puguh, kaluar sakola teh bakal aya pacabakan anu pasti, jadi guru.

Teu karasa cimata nyakclak deui. Peuting geus maju ka janari leutik. Hawa tiis nyelesep nepi ka tulang sungsum. Kuring ngaharewos na manah, sugan aya hiliwir angin janari nu baris milu ngaregepkeun. “Bapa, masing enya bapa teh sanes bapa pituin. Tapi kanyaah bapa ka kuring mo aya watesna. Bapa teh estu gegentos apa nu mayunan memeh kuring gubrag ka alam dunya. Bapa, ayeuna kuring geus jeneng sakumaha kahoyong Bapa.”

Cimata nyakclak beuki tarik. Kuring nu lahir dina kaayaan yatim, teu teh teuing kaleungitan kanyaah bapa. Ya Allah, mugia bapa kenging kanyaah nu satimpal, sakumaha anjeunna kapungkur mikanyaah kuring.

Peuting beuki jempling. Hiliwir angin janari, tiis nyelesep, mawa rasa nu geus ka kubur 33 taun katukang.

Janari leutik, 2 Desember 2018

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post