Jati Ulah Kasilih ku Junti
"Jati ulah kasilih ku junti" eta paribasa geus teu anéh pikeun urang tatar Sunda. Tinangtu éta paribasa téh ngandung harti anu jelas. Dina jaman kiwari ku kamajuan budaya, téknologi, jeung gaya hirup geus ngajadikeun atawa mangaruhan adat istiadat jeung kaiilaharan urang Sunda ampir tumpur ilang tanpa karana. Hal ieu saupamana heunteu ditarékahan pamohalan jati hirup subur dina tanah karuhunna sorangan. Minangka hiji karakah ti para inohong Kabupaten Bandung Barat dina tanggal 26 Oktober 2017 lumangsung acara "Sawala Atikan Ngajarkeun Basa Sunda Bari Gumbira Pikeun Guru Guru SD/MI jeung SMP/MTs". Anu tempatna di wewengkon Pemda Kabupaten Bandung Barat. Éta kagiatan minangka tarékah sangkan Basa jeung kaulinan Sunda dipakalandep ku barudak dina jaman kiwari. Acara seminar dideugdeug kurang leuwih ku 300 pamilon,sakumaha laporan ti pupuhu acara Dra. Cicih Sundarsih. Eta pamilon ngawakilan pupuhu sakola, guru SD jeung guru SMP. Kalayan dideudeul ku pupuhu ti CV. Geger Sunten ieu acara lumangsung. Pangbagéa sakaligus pamuka acara ku Kabid SMP Disdik KBB Juhro Hamdan. Mudah mudahan ieu acara gempungan aya manfaat anu kawilang gedé ajénna pikeun palaku atikan dina miara sarta ngamumulé Basa Sunda di sabudeureun Bandung Barat hususna. Amin.
DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan

Komentar
keren... walau menggunakan bahasa daerah ...
Mudah mudahan bermanfaat, dan menjadi kekayaan budaya nasional