56. Sugan téh
Indit saged maké baju kaluhurna bodas, kahandapna hideung. Kesanna kacida formilna, atawa bisa baé kesanna siga pelayan toko nu keur ditraining asup gawé. Baju bodas meunang ngahaja diseuseuh make Rinso cair ngarah bodasna nyacas. Hanjakal, ku umur mah, Rinso ogé teu bisa mulangkeun éndahna warna bodas. Angger baé baju téh bodas kolot, semu kuleuheu. Keun wé urusan kuleuheuna mah bisa disumputkeun ku blazer. Urusan baju anu diusahakeun mantes keur ukuran narima STTPP sakitu nepina.
Barang awak geus rinéh dina jok mobil. Pikiran geus miheulaan nepi ka aula dinas pendidikan nu aya di Bandung. Geus kacipta nu rek narima STTPP diuk ngabérés maraké baju bodas. Haté bungangang pinuh ku kabungah, geus moal lila diistrénan jadi pengawas. Lamun geus jadi pengawas, kabayang kumaha daréhdéhna guru-guru waktu datang nganjang ka sakola. Rupa-rupa gambaran éndah pasuliwer dina eusi sirah. Panon asa kabawa milu nganjang ka pagéto. Tetempoan asa jadi bararéda. Jalan anu pinuh ku motor jeung mobil, macét teu bisa ingkah téh, ngadadak asa teu katempo.
Padahal nu saenyana, mobil nu ditumpakan teu pati mulus lajuna. Kapegat ku nu rék arindit gawé asup ka pabrik. Motor utey, pagaliwota jeung mobil ogé jeung jelema. Rupa-rupa jalma anu keur araya di jalan téh. Aya nu ngojég maké grab, aya nu ojég tradisional, aya nu leumpang, aya ogé nu keur pacekel-cekel. Sakabéh jalma maraju nuturkeun kawajibanna jeung tanggung jawabna séwang-séwangan.
Kuring sorangan rét kana baju bodas anu ditutupan blazer ngarah teu nonggérak teuing kuleuheuna. Disajeroeun baju, haté pinuh ku harepan. Rét ka babaturan anu mobilna ditébéngan, sigana manéhna gé sarua jero dadana pinuh ku pangharepan. Geus ampir dua bulan campleng ngarep-ngarep SK, tacan jebul. Tangtuna gé SK téh moal datang, panan STTPPna baé tacan katarima. Moal bisa diistrénan lamun teu apa bukti sah lulus tina calon pengawas.
Ku ngobrol ka ditu ka dieu mah teu karasa, lawang dinas pendidikan Jabar anu sakitu jauhna ti imah kuring téh, geus katempo méméh waktu nunjukeun pukul salapan. Buru-buru mobil diparkirkeun. Lain sieun teu kabagéan tempat parkir, tapi beuteung gogorowokan ménta tulung hayang dieusi. Indit tabuh genep téa, teu manjing ngeunah kana mumuluk. Asa aya hawar-hawar hayang dahar téh sok jam dalapanan atau salapanan. Pas, kuring duaan muru ka warung nasi. Deker baé dahar saaya-aya pasakan nu ngajagrag nyampak dina etalaseu.
Sanggeus beuteung bérés mah, awak karasa milu bérés ogé. Waktu liwat resepsionis awak bijil tanagana. Naek ka lantéy opat gé teu kana lift, nyékclék baé kana tangga. Maksudna ngarah pindang lauk anu tadi maturan mumuluk, rada turun.
Barang srog ka lantéy opat langsung dibagéakeun ku imut pagawé dinas anu ménta tanda tangan. Kuring nyebutkeun ti kelas B, terus gutrut nanda tangan. Teu nunggu itu ieu, bus baé ka rohangan.
Kasampak babaturan calon pengawas geus sariap nunggu pejabat anu rék mikeun STTPP. Sabari nunggu, itu ieu silih béjaan kaayaan. Sanajan béda-béda kaayaan nu disanghareupanna, intina mah sarua 'hayang geura buru-buru diistrénan'. Geus kesel nunggu ti poé ka poé, nepika datang, ti bulan ka bulan, tacan aya béja iraha bakal cekel gawé jadi pengawas.
Tabuh salapan tompér pejabat anu rék méré STTPP asup ka rohangan. Jep baé aula téh jempling siga kuburan. Sakabéh paneuteup ditujukeun ka pejabat, anu sarua maké baju bodas ogé. Bédana pejabat mah baju bodas nyacas, kuring mah bodas kolot.
Pok panata calagara biantara yén acara rek dimimitian. Saréréa dititah nangtung pikeun ngawihkeun lagu kebangsaan, Indonesia Raya. Saréréa saur manuk ngawih, sarumanget pisan. Aya nu sumanget teuing ngawihna, sorana jadi kadéngé tarik pisan. Sigana moal kadangueun ku pejabat mah, da anjeunna mah aya dina podium.
Saterusna, pejabat téa biantara ngeunaan kumaha kahareupna punasibeun calon pengawas. Poé ayeuna sertipikat katarima, hartina sah lamun gawé jadi pengawas. Ibarat mun nyupir téa mah, geus boga SIM. Ngan teu bisa nyupir dan tacan dibéré mobil anu kudu disupiranna. Sok sanajan kitu, saréréa bungah geus meunang tanda legal jadi pengawas. Haté beuki longsong.
Acara téh teu lila, ukur ngabagikeun STTPP hungkul, geus kitu mah bubar. Kuring buru-buru ngajak balik. Asa teu pati ngareunah awak téh. Sigana urut kamari kahujanan basa balik ti sakola.
Datang ka imah rada murukusunu. Harepan balik bari mawa SK téh lapur, ngan mawa STTPP bae. Bari STTPPna aya tipo, tapi teu geruh, keun wé salila teu salah-salah teuing mah.
"Kumaha Mbu? Ditempatkeun di Cianjur, di Cirebon, di Garut, atawa di mana?" Abah ngamimitian nyarita.
"Nyao ah!"
"Har, aya naon Mbu?"
"Jauh kénéh Bah, kudu milu tés deui, nanahaon ngaranna, asana tés mmultitalénta-multitalénta kitu."
"Siga rék lomba nyanyi Indonesian Idol geuning?"
"Éh, tallent mapping, tés éta cenah."
"Alus atuh mun aya tallent mapping mah, engkéna bakal ditempatkeun kalayan maké sistim the right man on the rigur place."
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan
Komentar
Ibu.. Meni sae pisan basa sundana. Seueur nu tos hilap abdi mh, maklum lami jd perantau
Nuhun. Pami maca cerpen, insyaallah anu hilap janten emut deui