Sisindiran (Pantunna Urang Sunda)
Tantangan Menulis Hari Ke-22
#TantanganGurusiana
Dina basa Sunda, pantun disebutna sisindiran. Jaman baheula, sisindiran teh disebutna paparikan, tina kecap parik atawa parek, nu hartina deukeut. Deukeut dina munina (bunyinya). Sabait aya opat baris, rumusna a-b-a-b. Baris kahiji jeung kadua ngarupakeun sindiran, baris katilu jeung kaopat, eusina. Di handap ieu aya conto sisindiran, hapunten upami aya nu lepat, margi sim kuring masih diajar.
Buah manggu, buah pisitan Mun geus asak amis rasana Dinten Minggu ngintun sisindiran Dikintun ka gurusiana
Ngawangkong jeung jurutulis Kalurahan pamekaran Nu sok rajin maca nulis Pikirna jembar motekar
Mawa karanjang keur wadah dukuh Ka Cikoneng kudu papantrang Sugan enya mamawa buku Singhoreng buku catetan hutang
Loba maling, maling kaca Halodo engkak-engkakan Bakat ku penting-pentingna maca Gusti Alloh ngintun Al Alaq
Kaca teh ulah dipalu Matak peupeus atawa rengat Maca teh keur ngulik ilmu Dicandak dunya akherat
Nulis batik ngangge malam Nimu bal béklen dina erak Gusti Nu Maha Suci masihan Kalam Ilmu bekel di dunya jeung akherat
Saninten buah saninten Cangkudu di pipir batur Hapunten aduh hapunten Sakitu nu kapihatur
Dinten ieu ngadamel kupat Kangge bekel ka Jatijajar Hapunten pami aya nu lepat Abdi na masih diajar
Sumber gambar :https://www.idntimes.com/health/fitness/iip-afifullah/khasiat-buah-kokosan-bagi-kesehatan-c1c2
Indramayu, 19 April 2020
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan
Komentar
MasyaAlloh...janten sono ka lembur parahyangan hoyong uih ka tasik tapi di lock down hikhik...sippp lahh buat bunda
Muhun, Insyaa Allah abis lebaran, sepertinya bisa mudik Neng. Nuhun ah tos mampir deui.
Keren
Terima kasih, Bu.
Lansek manih, kalau di Minang
Terima kasih Bu, menambah perbendaharaan pengetahuan saya. Terima kasih juga sudah mampir.
Keren menewen.... pokoknya. Salam.
Terima kasih Pak Edi ....