Dewi Fitrianti

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

Guru Inpres

Review Buku Tipe AIH

Judul Buku : Sawidak Carita Pondok “Guru Inpres”

Penulis : Yoseph Iskandar

Penerbit : CV Rahmat Cijulang

Tanggal Reviu : Karawang, 11 Mei 2017

Sumber : Mangle no 657 Bulan 16 November 1978

Alasan :

Carita Guru Inpres dipilih kumargi caket sareng kahirupan pribados nyaeta guru.

Isi:

Nu jadi lalakon dina carita Guru Inpres nyaeta kuring (Nanang Mulyana), tante, abah, ema, batur, luarah, Hilda, siguru, wanoja, neng guru, wakil, abdi, tuan rumah manehna, kang Nang, si mencrang.

Carita ieu kajantenan di wewengkon nu ka sebut nyaeta: ka lembur, di imah si tante, ti lembur, ka desa, kamar hereup, imah batur, stasion beus, di dalapur, dina dipan, kamar Nanang, di tukang deukeut pandaringan, na bilik, kamari di tukang, di lembur Cangkring, kamar kadeudeuh, gigireun pandaringan, lalangit dapur, ranjang di kamar anayr, sisi ranjang, di kamarna kamar aing, ka cai, kamar mandi, kana sajadah, sajeroning solat, ti kamar, ditajug, ka tepas imah, di tengah imah, korsi meja makan, dihareupeun, kana mata oge, ka kamar, di imah, kamar kuring.

Waktu nu kacaritakeun dina carpon ieu teh nyaeta: bulan ieu, tadina, keur jaman pemilu, sanggeus amitan, jam sabaraha, bada lohor, memeh magrib, waktu magrib, der sore sore, magrib Nang, beres mandi, tas solat, barang srog, basa kuring gugup, unggal rada tanggah, napsu tadi sore, peuting harita, ti mimiti, sapor, saminggu leuwih, salilana.

Lalakon Nanang Mulyana nu ngagugulung ka keuheul ku lantaran nampi serat ti ibu rama na perkawis kamarna di lembur bade diangge ku guru inpres pamundut ti lurah lembur. Kasampakeun di lembur di imahna, emosi ka lurah dugi aya paniatan rek gelut jeung lurah atau si guru inpres teh. Lalakon eleh jajaten, murungkut kawas hayam jago pacundang Nanang Mulyana teh, sihoreng si guru teh wanoja nu ceuk panenjo Nanang mah kacida geulisna. Nanang Mulyana eleh deet nyangherupan Hilda –neng guru- di meja makan. Napsu Nanang nu hayang gelut, lus les laleungitan. Nanang bobor karahayuan. Jantung Nanang beuki ngaguruh ting seredet. Mayunan Hilda neng guru nu nempatan kamarna.

Sabab musabab na, Nanang keuheul ku lantaran, kamarna di lembur dipundut lurah desa nu katempatan ku guru inpres nu tugas di lembur. Nanang asa ditaranjangan. Nanang negeleketey ku lantaran diteuteup ku wanoja si guru tea. Kakeuheul nu minuhan hatena lus les laleungitan ku lantaran sihoreng guru inpers nu nempatan kamarna teh wanoja. Namina Neng Hilda.

Kumaha bet jadi keheul kitu: Ti saprak Nanang nampi serat ti lembur, amplop disoehkeun, eusina dicabut, bray dibeberkeun,

“Nanang, Kumaha cageur? Abah jeung Ema ge alhamdulillah teu salesma salesma acan. Kunaon bulan ieu mah rada telat? Iraha Nanang rek balik ka lembur? Perluna mah Nang, Abah rek tamada ka hidep. Eta mah rek di beureum rek di hideung da kudu kitu ceuk parentah desa. Kamar hareup nu biasa paragi Nanang, dipake ku guru inpres. Tadina mah Abah jeung Ema ge teu mikeun tapi ari dipikiran deui, itung-itung timbal balik. Hidep cicing di imah batur sugen weh ari Abah jeung Ema nyaah ka batur mah, hidep ge dipikanyaah ku batur. Tapi Abah jeung Ema ge teu lepas tina kawinjaksanaan hidep. Ari kira-kira ieu panuju mah, leuwih hade balik heula ka lembur. Atuh satuluyna mah rek pek uruskeun ka desa, da gening lurah ge ari nyanghareupan hidep mah langsung sok rada beda. Teu sig aka abah, sok rada wani. Sakieu heula, Nang. Ulah henteu kudu merlukeun. Balik heula. Nu sono ka hidep, Abah jeung Ema”

Keuheul Nanang sagede gunung ngincid balik ka lembur bade ngontrog lurah jeung si guru inpres. Hate Nanang kagulung ku napsu jeung emosi. Nanang miheulakeun kakeuheulna ti batan tumaros saha kumaha guru inpres teh. Goreng sangka ka lurah jeung ka si guru inpres.

Hikmah:

Teu kenging goreng sangka ka bautr, sagala persualan dunya kedah dipayunan ku caang hate. Upami persualan hirup teuas kedah dilawan ku leuleuy, saupami persualan sarupi sareng batu, kedah dipayunan ku cai supados lami lami janten hipu tur legok.

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post