Dinni Ariani

A grateful wife (Insya ALLAH), A Mother of 3 kids, An English Teacher in SMPN 15 Sukabumi, a Learner. ...

Selengkapnya
Navigasi Web
Dongeng Aheng

Dongeng Aheng

Deg.

Leungit deu wae?

Sirah asa beuki muter, dipake nginget-nginget kajadian ti sababara poe kamari. Kunaon bisa kitu? Naha kuring nu pohoan pisan? Atawa emang leungit? Aya nu nyokot? Saha atuh? Muka deui laci, muka deui tas sapopoe, nu di jerona aya dompet. Enya nu eta, dompet beureum tanda kanyaah ti indung. 

 

Kuring geus hirup di alam dunya leuwih ti opat puluh taun. Cicing di Kota Sukabumi teh ti saprak diangkat jadi PNS. Taman Asri, kitu ngaran perumahan nu dicicingan ku kulawarga kuring. Di imah ieu geus ampir tujuh welas taun. Kakarak ngalaman kajadian kawas kieu. Da imah jeung sabudeureunna teh asa harengheng teu geueuman, teu matak sieun nyicingan. Naha enya kulantaran kuring tara loba ibadah, utamana sodaqoh? Palebah kitu mah asa geus loba ibadah teh da sholat wajib mah tara pernah ditinggalkeun. Kitu deui puasa jeung ibadah wajib sejenna. Maca Qur’an unggal poe dilakonan. Sabisa-bisa. Nu sunat-sunat nya sakapeung mah ku kuring dikerjakeun. Asa teu bolostrong teuing. Mere ka dulur boh ka batur, tara gede tapi da tara henteu pisan dina sabulan teh. 

 

Astaghfirullah.

Leungit duit deui wae. Leungitna salambar saratus rebu. Ari sababara kali mah meureun geus nepi ayeuna teh tujuh ratus rebu. Bati hanjakal da duit teh teu loba. Nyimpen jang kaperluan dapur, jajan barudak jeung cadangan bisi ujug aya kaperluan ngadadak. Teu leuwih ti sajuta nyimpen teh. Mun aya tukang sayur, kuring ngetang pisan kana beubeulieun. Duitna teh dieutik-eutik kaluarna. Komo jang kaperluan sorangan. Eta mah nomer salapan puluh tujuh sigana. Misalna geus euweuh bedak, lipstik.  Barang sapopoe dipeleter weh nu aya. Sendal nya eta weh sapasang, sapatu kitu oge. Keun, nu penting mah kaperluan keur barudak aman. Tilu budak sarakola keneh meujeuhna loba biaya. Da nyakolakeun teh di sakola swasta nu teu gratis. Kajeun kaperluan lainna diempet-empet, nu penting kaperluan nyiar elmu kudu katedunan. Ngahuleng, ari kuring hayang rikrik, ieu kalahka leungit wae duit teh. Duh Gusti. 

 

Kuring jeung salaki bati olohok pas dina hiji poe ngetang duit nu aya dina dompet. Mimitina pas aya sajuta opat ratus keur mayar pesenan lomari buku nu bakal datang engke sore. Teu kungsi lila aya telepon ti lembur. Duit teh ku salaki disimpen dina dompet sabari narima telepon. Dicekelan. Sora lanceuk dina telepon teh lep-lepan. Terus weh dompet diteundeun dina meja tamu, gidig salaki ka tepas tidituna mah rek neangan sinyal. Kuring keur macangkrama jeung barudak nu araya hareupeun. Beres nelepon, ku salaki dietang deui eta duit teh. Naha atuh jadi kurang salambar. 

 

Dina poe sejen, balik ti ATM kuring ngetang pisan sore eta aya duit sabaraha, lima lambar. Dicatet dina hate. Simpen deui. Palebah ditinggalkeun sakeudeung di kamar, ditingali deui teh eh leungit salambar, enya nu beureum. Nyud kana sirah, handeueul kana hate. Pernah oge ka sakulawarga teh pan ulin ka Cireunghas, mapay jalan nu aya kebon teh, tuluy ka Gunung Padang di Cianjur. Teu loba ngaluarkeun duit da diditu mah, mayar tiket abus ukur lima rebu saurang, tuluy weh jajan gehu panas jeung kadaharan barudak di warung leutik. Teu nepi ka dua puluh rebu ge. Balik tidinya salaki meuli parab keur ucing. Ret kana duit oh aya tilu lambar nu beureum. Nepi ka imah gura giru masak saaya-aya. Keur masak teh beut ujug inget kana dompet, ah eta gening tas kuring aya di deukeut meja makan. Katingali da imah kuring mah minimalis tea, salieuk breh. Beres masak muka dompet, gebeg teh naha kari salambar nu beureum. Ari nu dua deui kamana?  

 

Kitu weh kajadian teh nepi ka ayeuna teh beak sajuta satengah dina waktu acan nepi dua bulan.

Kencit? Tuyul?

Tungtungna kuring jeung salaki mikir kadinya. Boa enya. Ah jaman kiwari, maenya masih aya nu karitu? 

 

Hiji poe ngobrol jeung tatangga, tadina mah ngobrolkeun kariweuhan barudak nu sakola di imah. Terus weh jadi ngobrolkeun mindeng leungit duit tea. Horrr cenah naha beut kawas Bu Udi nu boga warung di handap sarua eta ge osok leungit duit salambar-salambar. Cenah anjeunna ge geus leungit leuwih ti sajuta. Akhirna lapor ka RT. Diobrolkeun teh aipek cenah geus aya sababara imah anu mindeng kaleungitan duit teh. Aya Pa Aman nu bendahara masjid, aya Bunda Ira nu ngajar di sakola, sarua geus ampir 2 jutana nu leungit. Tuluy aya beja ti satpam, di RT lian tengah peuting kawenehan aya budak leutik jalan-jalan. Wallahu’alam bener henteuna. Di grup whatsapp RW mah geus gujrud weh di Taman Asri teh aya tuyul. Nu miarana dua imah ceuk Pa RW mah. Hasil tatanya kanu bisa. Aeh naha jadi kieu? Ceuk salaki teh, da lain hayang nyaho saha-sahana nu miara makhluk kitu, inggis bisi jadi pitnah jeung su’udzhon. Nu penting mah iman dina diri urang,  ulah nepikeun kaimanan ka Gusti Alloh jadi belot.

 

Astaghfirullahal’adzhim. Gusti, nu Maha Kawasa, da ieu duit teh ti anjeun, dina leungitna ge pasti saijin ti Anjeun. Biidznillah. Kunaon Anjeun maparin ieu cocobi pasti aya hikmahna. Tungtungna mah kuring loba istighfar, rumasa loba dosa, loba pedit, loba itungan, boh ka diri sorangan komo ka batur. Rezeki teh meureun da lain kudu diempet-empet teu puguh, tapi kudu dimanpaatkeun kalayan nurut kana aturan Allah. Astaghfirullah. Meni agul karak ngajalankeun ibadah wajib bari kedul ge, mere sautak-saeutik ngarasa geus cukup pikeun tameng tina bala jeung musibah. Mugi Gusti ngahapunten. 

 

Kajadian ieu, nu teuing iraha bakal eureunna sakuduna ngajadikeun kuring jeung salaki mingkin taat ka Gusti nu Maha Suci. Ikhtiar ngajaga harta mah kudu, geus kitu mah tawakkal serah sumerah naon wae kajadianna geus aya di Lauhul Mahfudz. Ujian kaimanan, kitu meureun nya. Innaalillaahi wa innaa ilaihi roji’un. Mugi Gusti tuluy maparin ganti nu leuwih barokah keur kuring jeung tatangga-tatangga kuring. Oge keur jelema nu Wallahu’alam meureun miara kencit, sing meunang hidayah ti Mantenna. Kamusyrikan tong nepi kabawa maot. 

 

Cag.

Sukabumi, 30 Januari 2021

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Wah ... harus belajar bahasa sunda dulu!. Tetap semangat menulisnya ibu.

16 Feb
Balas

hehe iya Pak, insya Allah. Saya juga orang Sunda yang masih belajar menulis memakai Bahasa Sunda. Terima kasih Pak.

16 Feb



search

New Post