Dinni Ariani

A grateful wife (Insya ALLAH), A Mother of 3 kids, An English Teacher in SMPN 15 Sukabumi, a Learner. ...

Selengkapnya
Navigasi Web
Dongeng Kanyaah

Dongeng Kanyaah

“Tutupan deui pantona!”

Kuring ngagorowok unggal aya nu muka panto imah. Teu kaop pisan atuda panto muka, bulubus ucing asup tara aya kasieun kanu boga imah. Ari barang geus asup teh terus luncat weh kana luhur meja makan bari maok kadaharan, sakitu aya jelema didinya.

Kesel mah sering, nepi ka pernah pok bari ambek, “ Ieu teh kumaha ucing garong diampihan wae. " Naha Mamah kitu nu kudu kaluar ti imah ieu?” Tapi da teu pangaruh geningan.

Anu resep kana ucing teh salaki jeung barudak nu dua. Ari nu cikal mah sarua jeung kuring. Ti bareto ge teu boga karesep kana sasatoan, komo bari dipiara di imah. Salaki surti pisan palebah ieu.

Sabalikna, hirup saimah belasan taun, kuring ge apal yen kanyaah salaki kana ucing da teu pernah pareum. Unggal panggih jeung ucing dimana wae teu weleh dicoo. Lalindeuk ucing teh ka salaki kuring. Ih kuring mah geuleuh-geuleuh acan. Teu resep, titik!

Hiji poe aya ucing nu osok ngulampreng ka hareupeun imah, mimitina diparaban sakali, dua kali, tuluy weh unggal poe eta ucing teh pasti datang ka imah. Dingaranan ku bapana barudak eta ucing teh, Aslan.

“Papap, asikkk Aslan kadieu deui pasti manehna sono ka Aa. Pap, mana lauk jang Aslan?” ceuk budak kuring anu lalaki umur salapan taun. Hiji-hijina lalaki tina tilu bati.

Bapana langsung cengkat, gancang muka kulkas neangan cue, pindang tongkol nu geus dibeuli kamari ti warung Mang Dadun di deukeut pengkolan ka Jalan Prana. Pangramena weh eta warung teh di Ciaul Pasir mah.

“Ku eneng weh ah ka ucingkeunna,” ceuk si bungsu nu kakarak Taman Kanak-Kanak.

Barudak nungguan bapana nyiapkeun kadaharan ucing, nyaeta sangu dihijikeun jeung cue tongkol. Meni suka bungah atoh pisan kacirina, mawa piring ka tepas. Kuring ukur ningalikeun bari baeud. Sebel.

“Sing tebih marabanna atuh, ulah di teras urang,” ceuk kuring judes.

“Meng, meng, meng, sinih Aslan,” ceuk si Aa. Adina nuturkeun, ucing ge ngilu ka luar teras. Hareupeun imah teh aya tanah kosong saeutik, osok dipelakan ku saha wae nu daek. Didinya barudak maraban ucing.

“Papap, ieu Aslan teh jadi gendut nya pasti gara-gara ku Aa sering dikasih makan, “ ceuk si jalu ka bapana.

“Aa, sigana Aslan teh hamil,” ceuk bapana bari nempo ucing.

“Atuh nanti bakal ada bayi Aslan? Asikkk, hayu Pap ngadamel rumah bayi Aslan,“ si bungsu surak.

Ah, naon deui eta teh. Ngadon ngampihan ucing nu rek ngajuru.

Mimitina remen diparab lila-lila jadi mingkin betah ucing teh. Malah ayeuna mah unggal poe ngadon sare di tepas imah.

Bener ceuk salaki, si Aslan teh keur kakandungan. Beuki lila beuteungna beuki gede. Leuwih ti dua bulan manehna matuh cicing di teras imah kuring nu biasana ge bersih steril tina sagala bau sasatoan. Si Aslan sering indit tapi pasti balik deui ka teras kuring. Barudak mah atoh weh unggal poe aya ucing. Hudang sare geus sholat Subuh pasti jeung ucing. Dipangku, diusapan, diajak ulin, pokona si Aslan teh diogo, dipikanyaah pisan. Komo ku salaki mah. Ari balik gawe teh sok nyampak keur ngobrol jeung ucing, naon weh diomongkeun, ti mimiti masalah Covid nepi ka urusan pulitik.

“Aslan, kamu mau divaksin?” ceuk salaki.

“Meong...meong…”, si Aslan ngajawab.

Nempo kitu hungkul ge barudak meni seuri babarakatakan. Teuing naon nu lucu.

Geus sababaraha poe si Aslan katempo beda. Osok bulubus abus ka kamar, naek kana rak paragi neundeun mukena. Mun nyampak panto lomari muka ge osok abus weh. Atawa ka tempat setrikaan jeung popoean. Didinya pan aya karanjang paragi neundeun baju.

“Kunaon ucing teh, osok asup weh nindihan baju, atuh kalotor ku bulu ucing ih,” ceuk kuring ka salaki.

“Eta teh tereh ngajuru, si Aslan keur neangan tempat ngajuru, aduh kumaha nya,” jawab salaki.

“Ih amit-amit, awas pokona mah ulah nepika ngajuru di jero imah ieu," ceuk kuring bari jamedud.

Ti barang balik juma’ahan, salaki ngadekul nyieun kandang. Ngahaja eta mah meuli paralaon jeung sajabana, bari dikerjakeun ku sorangan. Bari raheut-raheut ge tungtungna anggeus eta kandang jang si Aslan teh. Dipindingan ku spanduk urut, kaciri rapih. Ku kituna mah bisaan. Nyaan nyaah ka si Aslan teh.

“Aa, Eneng, Aslan teh tereh orokan, aya bayi engke mah. Omat, tutup panto nya poko a Aslan ulah sina bulubus ka lebet, engke Mamah ngambek. Komo mun orokanna di kamar,” salaki ngomong lalaunan ka barudak.

“Siap Bos!” ceuk barudak bari seuri surti.

Duh Gusti, kumaha ieu atuh bakal nambahan ucing nu ngadon diampihan teh. Jaba ucing mah sakali anakan tara saeutik. Can nanaon kuring geus wegah ngabayangkeunna ge. Bauna, buluna, cologogna. Ah, nepika iraha atuh ieu teh.

Poe Ahad sore, salaki siap-siap ka Masjid. Mun malem Senen osok aya pangajian rutin sanggeus sholat. Geus salaki indit, kana panto sora aya nu ngajedug-jedug.

“Naon atuh nya eta teh, saha nu ngadon namu maghrib-maghrib,” kuring ngagelendeng na jero hate. Barang dibuka, ehh naha si Aslan asup bari jeung langsung weh ka kamar. Pikasebeleun pisan. Kuring mawa sapu nyere, jang nyingsieunan ucing ku sorana. Ucing bubureuyeungan, kumaha mun ngadon ngajuru di kamar kuring.

“Aa, eta si Aslan kalahka lumpat ka tempat setrikaan, tewak ah bawa kaluar,” ceuk kuring.

“Mamah, kunaon nya Aslan teh siga nu gelisah kieu,” ceuk budak.

“Pokona bawa kaluar!” tempas kuring.

“Mamah, Aslan ieu aya nu cret kana acuk Aa, siga darah,” gorowok si jalu bari mawa ucing nu ngadak-ngadak gede pisan tanagana.

“Kaluarkeun!” ceuk kuring.

Budak teh gancang nurut bari reuwas meureun kana bajuna aya getih saeutik. Adina ningalikeun bari kaciri tegang. Ku si jalu, ucing teh diasupkeun kana kandang nu buni, tur ditilaman ku simbut urut keur orok.

Mimitina mah eta ucing teh terus ngajedug-jedug panto, lila-lila mah jempling. Si Aa gancang diuk dina sajadah, babacaan laun ngado'a bari cipanon nyurucud. Adina ningalikeun bari ngilu cirambay. Si cikal mah anteng weh di kamarna keur maca Qur'an. Kuring sorangan jadi ngilu degdegan, da acan pernah nyanghareupan ucing ngajuru.

Geus Isya, salaki balik ti Masjid. Asup ka imah, kaciri reuwas.

“Aslan geus ngajuru, aya tilu orokna,” ceuk salaki.

“Karunya tapina, ucing ngora meureun manehna teh karak ayeuna orokan, nepika ngadarah kitu, crat cret di teras,” tambah salaki.

“Ih, komo kitu, Mamah mah alim ningal,” tembal kuring.

Barudak geus sarare. Salaki meni kaciri tegang bulak-balik ka tepas, ningalian ucing nu ngajuru.

“Eh gening aya opat orokna teh,” ceuk salaki.

Kuring seuri mawur, dina jero hate teh, emang gue pikirin.

Peuting eta nepi ka jam 11 salaki kuring jadi bidan ucing. Meni ngesang bangun keur nungguan pamajikan sorangan. Merenahkeun si Aslan jeung orok-orokna dina kandang, mawaan simbut urut da bisi tiriseun di luar cenah mah. Rarasaan mah pas kuring ngalahirkeun biasa wae. Ah teuing atuh.

Nempo salaki kitu, kuring teh balik karunya. Enya karunya ka ucing jeung karunya ka salaki. Da kumaha atuh, ngaranna ge boga kanyaah.

“Papap, eta di luar keur meujeuhna tiris kieu, kandang ucing teh ka jero imahkeun weh atuh, karunya karak brol,” kuring nyarita kitu bari teu melong ka salaki.

“Eh, nyaan ieu teh? Mamah moal nanaon?” salaki nempo kuring bangun teu percaya.

“Nya atuh da kumaha deui, engke mun orokna maot pasti barudak sediheun, komo Papap mah,” ledek kuring.

“Alhamdulillah, nuhun nya Mah, da Mamah mah hatinya lembut dan penyayang,” goda salaki. Kuring api-api teu ngadenge.

Sup kandang diasupkeun ka jero imah. Salaki ngajak kuring nempo orok ucing.

“Tuh Mah, aya opat anakna.”

Kakarak kuring mah ningali anak ucing anyar brol. Siga beurit, hiyyy.

Nyampak indungna sare bari nyusuan. Nempo kitu kuring jadi teuing kumaha, ras ka diri sorangan weh. Indung, enya nu ngaranna indung, nu anyaran orokan meureun manehna teh cape, leuleus, nyeri tapi bungah.

Watir si Aslan teh mun diabur mah, kumaha rek nyiar barang daharna meureun bari lesu keneh karak ngajuru. Jaba eta anakna lalembut keneh, karunya mun ditinggalkeun lila-lila. Nempo manehna ngarengkol bari nyusuan anakna, ras inget ka diri sorangan. Nyusuan anak teh jadi kabagjaan keur indung. Nyaah pisan kanu jadi anak. Bari nyusuan bari nempo orok nu karak brol, karasa pisan kawasa ti Gusti Allah teh. Ngajadikeun nu tadina euweuh, nitipkeun amanat ka nu jadi indung bapa.

“Mah, ari cue tongkol aya keneh?” ceuk salaki ngabuyarkeun lamunan kuring.

“Aya, keun ku Mamah disiapkeun keur dahar si Aslan mah.”

Gidig kuring ka dapur, mawa sangu kana piring, dicampur jeung cue nu dipotong leutik. Salaki ningalikeun bari katempo heran. Tara-tara meureun. Eh, naha nya jadi kuring nu ngilu riweuh.

Inget kana caritaan Ustadzah keur pangajian dina Zoom Meeting sababaraha poe katukang. “Tanda kanyaah teh nyaeta, urang bakal milu nyaah kana sagala rupa nu dipikanyaah ku jelema nu dipikanyaah ku urang.”

Ah, naha enya kuring rek milu nyaah?

Sukabumi, 13 Februari 2021

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Keren atuh mah ceritanya. Salam literasi.

20 Feb
Balas

Hatur nuhun pisan... Salam Literasi!

20 Feb

Bagus buk..panjang banget..banyak bsa sunda saya udah lupa..tapi imtinya tau lah...salam.literasi bu

20 Feb
Balas

Terima kasih Bun sudah mampir. Iya ini teh lagi rindu memakai bahasa ibu. Salam Literasi, Bun.

20 Feb



search

New Post