Dinni Ariani

A grateful wife (Insya ALLAH), A Mother of 3 kids, An English Teacher in SMPN 15 Sukabumi, a Learner. ...

Selengkapnya
Navigasi Web
OLEH-OLEH TI CIDOLOG

OLEH-OLEH TI CIDOLOG

 “Bu, ieu bubur kacangna tos asak. Ibu tuang heula nya, atanapi bade dihuapan ku Rika?” 

Sorana laun, bangun ati-ati pisan. Leungeunna ngusapan leungeun kuring nu masih diuk dina sajadah sanggeus Sholat Dhuha. 

Ti isuk asa muriang panas tiris. Asal pok weh tadi teh nyebutkeun hayang dahar bubur kacang haneut. Gancang dipangnyieunkeun ku Rika teh. 

Nempo manehna cakah cikih di dapur, kadang osok asa karunya. Tapi sakapeung mah aya keneh kakeuheul dina jero hate teh. Ambek. Teuing ka saha.

 

“Simpen heula weh dina meja eta,” ceuk kuring nuduhkeun kana meja deukeut dipan. 

Rika nurut tuluy nyimpen mangkok bubur didinya. 

“Nuhun,” ceuk kuring pondok.

“Bu, teu sawios Rika angkat heula? Tadi teh dipiwarang Ibu Guru ka sakola dinten ieu kedah ngauihkeun buku perpustakaan semester hiji, sakantenan nambut buku semester dua saurna,” ceuk Rika.

“Oh kitu, enya sok weh. Langsung uih deui tong kamamana,” ceuk kuring. 

“Muhun, Bu,” Rika ngajawab bari nyium leungeun kuring tuluy indit. Geus sababaraha bulan ieu budak sakola teh apanan diajarna di imah, alatan keur usum covid tea.

 

Geulis budak teh, meni mancrit. Umurna jalan lima belas taun. Amis budi ka sasaha ge, sopan deuih. Sakilas mah asa ningali artis Desy Ratnasari ari nempo Rika teh. Meureun beungeut indungna ge teu jauh ti kitu. Ah, ari inget indungna teh osok jadi ngadak-ngadak ngaheab. Padahal kuring can kungsi panggih, da pas Rika dianterkeun ka imah ieu teh lain ku indungna. Ku lantaran indungna mah geus tilar dunya.

 

Duh sirah asa karasa nyudnyudan ieu teh. Teu kaop inget ka indung si Rika osok ngadak-ngadak migren. Ngolebat deui mangsa katukang. Acan lila, kira-kira karak dalapan bulan meureun. Aya tamu ka imah kuring, cenah mah ti Cidolog, Jampang. Dianterkeun ka imah teh ku Sopandi, urut staf salaki kuring keur baheula dines di Cidolog. Harita kuring narima tamu teh asa biasa weh. Panya teh rek ngalongok salaki nu geus tujuh taun teu walakaya lantaran stroke, nepika pensiun dini ti tempat gawe. Ngan kuring teh da asa teu wawuh ka anu dua urang deui mah. Jeung Sopandi teh aya budak awewe pantar SMP, jeung saurang lalaki cenah mah paman eta budak.

 

Harita Sopandi ngomong kieu, “Bu Rudi, punten pisan abdi teh kumawantun sumping kadieu. Maksad teh ngajajap murangkalih ieu, Rika Maharani, sareng mamangna nu jenenganna Ajo, kaleresan aya peryogi ka Bapa sareng ka Ibu.”

 

“Oh kitu, naha aya pikarsaeun naon ka abdi sareng ka Bapa?” ceuk kuring. Hate tatanya, ieu teh nu rek nagih hutang kitu, tapi da hutang naon. Salila ieu kuring jeung salaki asa teu boga hutang ka jelema, pernah eta  ge ka Bank baheula. Tapi da geus lunas. Atawa meuruen rek nginjem duit?  

 

Sopandi ngalieuk ka anu disebut Ajo. Sakedapan mah jempling euweuh nu nyarita. Teu lila, pok  Ajo nyarita. “Kieu ibu, abdi teh mamangna Rika Maharani. Abdi teh rayina Mamahna Rika nu bungsu. Maksadna kadieu teh bade ngajajap Rika ka Bapa, panginten sareng ka Ibu. eh sakedap, dupi Bapa teu kantos nyarioskeun?” ceuk Ajo.

 

Kuring kerung teu ngarti, “maksadna kumaha? Nyarioskeun naon?”

 

Sopandi jeung Ajo silih pelong, tuluy kuring nanya deui, “Asa bingung abdi teh, kumaha ieu maksadna, bade ngajajap nu namina Rika kadieu? Naha? ” Kuring nyarita kitu da asa teu boga dulur di Cidolog. 

 

Kuring pituin Sukabumi, ti lahir nepi ka ayeuna cicing teh di Kebonjati. Salaki kuring urang Karamat, kabeh dulurna ge didaritu. Aya eta ge nu di Cisaat sawareh. Ari ieu naon maksudna ngajajap urang Cidolog?  Asa teu boga dulur diditu. Salaki kuring emang pernah dines di Cidolog,  lumayan lila aya kana 6 taun mah. Baheula keur jagjag, kira-kira genep belas taun katukang. Mun Senen saacan Subuh teh geus indit gawe. Da ti Sukabumi ka Cidolog teh butuh waktu kana 4 jam mah, kadang leuwih da harita mah komo jalanna ge butut pisan. Diditu nempatan imah dines, nu disadiakeun ku kantor. Jumaah atawa Sabtu manehna balik deui ka Sukabumi. Kitu weh bolak-balik kadang saminggu sakali, kadang dua minggu sakali, pernah oge pleng nepika  dua bulan diditu ari keur meujeuhna loba proyek mah. 

 

Kuring mah tara loba protes da puguh salaki jauh teh pan keur nyiar rejeki, jang kulawarga. Anak kuring aya dua, awewe kabeh umurna teh ngan beda sataun. Harita duanana nuluykeun kuliah di Bandung, meujeuhna loba biaya. Kuring sorangan da boga penghasilan. Sapopoe ngajar di SD, salian ti gajih salaku PNS oge boga tunjangan tina sertipikasi guru. Jaba kuring mah resep nyieunan kueh, geus boga loba langganan nu remen pesen. Pokona mun jang soranganeun mah medah-meduh weh. Lantaran salaki tara elat mere duit jang urusan sakola budak boh jang sapopoe. Tara loba carita manehna mah, golosor-golosor duit teh aya wae. 

 

Hirup harita teh asa tingtrim euweuh masalah.  Budak dua balageur palinter, nilai rapotna ge aralus wae. Teu kudu dititah-titah diajar teh. Salaki tara medit tara rudet. Mun keur aya di imah, nyieun cai kopi ge sorangan tara tutah-titah. Kuring uplek di dapur nyieunan kueh pesenan ge tara nyaram. Kitu deui mun kuring ulin jeung babaturan sapoe jeput pas manehna aya di imah, eh da tara nyarek tara ngambek. Saprak dines di Cidolog salaki kacirina meni lungse ari keur di imah teh, loba sare. Emang da pancen gawe di Cilodog teh kaetang pangjauhna, sabab da tadina mah proyek-proyek teh masih bisa keneh didugdag ti Sukabumi kota.

 

“Manawi teh Bapa tos kantos nyarios,” ceuk Ajo harita.

Sopandi nempas, “wayahna ayeuna ku didinya caritakeun.”

Kuring ngarasa teu geunah hate. Ningali budak nu ngaranna Rika nu keur ngeluk tungkul, hate teh noroweco, pikiran kaditu kadieu.

 

“Abdi teh ngajajap Rika kadieu, kumargi da Rika teh tanggel waler Pa Rudi salaku ramana. Janten kieu Bu, Pa Rudi kantos nikah ka pun lanceuk, Maryati. Rika ieu teh murangkalih Bapa sareng Teh Maryati.” Ajo nyarita bari neuteup kuring nu sajongjonan mah asa teu napak di bumi alam. Sakedapan mah asa ngimpi, nepakan sirah sorangan karasa nyeri gening. Jadi lain ngimpi ieu teh? Kumaha maksudna? Maryati teh saha? Pamajikan salaki kuring? Rika teh budakna? Gancang kuring inget, loba kasus tipu-tipu jaman ayeuna mah.

 

“Ulah sok kamana wae, terus terang weh ieu maksudna rek nyieun pilem India? Atawa nyieun sinetron? Drama, pitnah, hei emang kuring bakal percaya? Abongkeun ayeuna salaki moal bisa nyarita tur ngabela dirina,” kuring jadi ambek.

 

Ajo gancang muka ransel si Rika, ngaluarkeun amplop coklat tuluy ningalikeun eusina.

“Ibu, ieu dokumen nikah Bapa sareng mamahna Rika, taun 2006 nikahna teh. Tah ieu potona, da nikahna ge teu dirame-rame.” Ajo mukaan buku leutik, nuduhkeun ngaran salaki kuring nu aya didinya, oge potona keur ijab kabul. Aya oge hiji poto panganten, poto jadul tapi kaciri keneh enya pisan eta poto salaki kuring nu jadi panganten teh. Sareuri duanana ge bagja kacipta. Bapa, aya ku tega. 

 

“Pa Sopandi ge hadir pas nikahna, upami teu percanten mah mangga Ibu ka Cidolog. Urang ditu mah arapaleun pisan, Teh Maryati teh istrina Pa Rudi, gaduh murangkalih hiji nyaeta ieu Rika.” Ajo lancar nyaritakeun, Sopandi unggeuk-unggeukan.

 

Panon kuring geus teu bisa jelas ningali buku hejo jeung coklat nu aya hareupeun, cipanon teu bisa ditahan. Leuleus kana hate, ambek nepika eungap, panas sakabeh awak. Segruk kuring ceurik, lumpat ti ruang tamu ka jero imah nyampak salaki nu keur diuk dina korsi roda bari panonna lempeng kana tipi. Kitu weh da sapopoena ge salian ti ngajoprak dina kasur di tengah imah. Ti saprak stroke, lain ukur awakna nu jadi lumpuh tapi ingetannna ge teu utuh. Ayeuna komo geus sataun teh katambahan ku gagal ginjal, atuh kudu cuci darah unggal bulan. 

 

Gusti nu Agung, kuring kudu kumaha? Hayang ngamuk ka salaki, da manehna ge hare-hare teu ngartieun, oge teu bisa nyarita bentes. Tungtungna kuring harita ambek-ambekan sorangan bari suku salaki diteunggeulan. Mun teu disusul tuluy dieureunkeun ku si Sopandi mah harita kuring asa hayang nyiksa weh ka salaki.

 

Di imah teh da ukur duaan. Barudak kuring duanana geus rarabi, dibawa ngumbara ku salakina. Nu hiji di Semarang, hiji deui mah di Lampung. Sanggeus nelepon anak kuring sina balik heula ti pangumbaraan harita keneh kusabab aya hal penting, kuring nanya ka si Sopandi jeung Ajo.

 

“Ayeuna mana pamajikan si bapa teh, naha teu milu sakalian ngabring kadieu?” ceuk kuring sinis. Ngadenge kitu teh Rika anu titadi cicing wae ujug-ujug cirambay, teuing kunaon. 

 

“Nyaeta, kieu Bu. Teteh saatos Bapa teu dines deui di Cidolog teh janten teudamangan. Pan Bapa mung sasakali ngalongokan. Ari tanggel waler Bapa kanggo waragad Rika sareng sajabina mah dikintunan wae eta ge. Teras weh Teh Maryati  nguping wartos Bapa stroke. Atuh janten mingkin ririwit, bari alim barang tuang. Saur dokter mah lambungna janten kaganggu. Genep taun kapengker anjeunna dipundut ku anu kawasa, saatos tipes sababaraha kali teh teras demam berdarah. Yuswana anom keneh harita teh nembe 26 taun.”  Ajo kaciri carindakdak, manehna eureun heula nyarita.

 

“Rika teh harita yuswa dalapan taun, diurus ku eyangna. Sataun ti harita teh eyangna ngantunkeun, janten Rika diurus ku pun lanceuk nu cikal. Sasih kamari, uwana nu eta ge ngantunkeun.” Ajo eureun deui nyaritana, ngarenghap tuluy neuteup kuring.

 

“Abdi ngemut da Rika gaduh keneh rama didieu. Hapunten pisan Bu, da nikahna ge sah aya serat-seratna. Dina diri Rika teh aya getih Bapa. Tos takdirna kieu panginten, jodo Ibu teh sami sareng jodo Mamahna Rika,” ceuk Ajo bari ngeluk tungkul.

 

“Rika teh ayeuna SMP kelas dua, ari abdi da gaduh keneh seueur tanggel waler di bumi ge, aya lima pun anak teh. Janten, maksadna kadieu teh abdi bade masrahkeun Rika ka Bapa, katut Ibu,” Ajo negeskeun.

 

Sajongjonan mah kuring ngahuleng. Dina jero hate ngan bisa istighfar. Hayang mah ambek ka si Ajo teh, kumaha rek ngurus si Rika atuh, ayeuna mah Bapana ge uruseun kuring, teu bisa nanaon geus siga orok. Gusti nu Maha Suci, naha meni abot-abot teuing masihan cocobi teh. Abdi teu sanggem.

 

“Ibu, hapunten Rika kumawantun nyarios,” budak awewe eta ujug nyarita bari teu wani neuteup kuring.

 

“Rika teh nyaah ka Bapa, pami diidinan ku Ibu, Rika teh hoyong ngiring mikanyaah oge ngarawat Bapa didieu. Rika emut keneh waktos alit osok dicandak ameng ku Bapa, ka tempat damel boh ka masjid ge osok ngajak Rika. Bageur pisan Bapa mah,” ceuk Rika bari cirambay. 

 

Gusti, ngimpi naon kuring teh. Naha beut kudu nyanghareupan masalah kawas kieu? Ti saprak 

salaki gering parna nepika teu walakaya, kuring ngarasa eta cocoba pangbeuratna. Ayeuna kalahka katambahan ku masalah ieu. Hate keuheul nepika rieut kana sirah. Kuring istighfar, bari ngarenghap panjang.

 

Kuring diuk bari neuteup Rika. Nu diteuteup teh ngeluk tungkul. Gusti nu Agung, ieu anak si Bapa. Budak teh da teu dosa. Teu menta dilahirkeun. Teu bisa milih jadi anak ti indung bapa nu mana. Manehna teh ayeuna teu boga indung. Jeung bapana, mangtaun-taun teu panggih. Meureun dosa salaki kuring ge,  geus nalantarkeun anak sorangan. 

 

Terus, ari salaki teu dosa kitu nya geus ngabohong ka kuring jeung barudak? Apik pisan nyimpen rusiah.  Nyaho-nyaho kuring disampakkeun kanyataan kawas kieu. Kudu ngurus anak maru, bari salaki ge uruseun pisan. Naha kuring rek daek wae? Hate noroweco.

 

“Bu, punten. Manawi kenging, Rika tiasa mendakkan Bapa?” Rika nyarita.

 

Nya atuh harita teh sanggeus ampir dalapan tau taun, anak jeung bapa ahirna panggih deui. Ningali Rika nyegruk ceurik nangkeup bapana nu teu walakaya, hate kuring pinuh ku rupa-rupa rarasaan. Aya nyeri nu teu bisa digambarkeun. Peurih nyayat teu parat-parat. Cipanon ragrag teuing kunaon. Naha nyeungceurikan diri sorangan, atawa bakating ku nyeri hate ku bapana, atawa oge kulantaran watir ningali Rika. Budak rumaja dina umur sakitu kudu geus nyanghareupan kanyataan hirup anu teu ilahar.

 

Tungtungna poe eta, kuring ngaenyakeun, narima Rika cicing di imah kuring. 

Ret kana jam, geus jam 10. Rika can balik deui ti sakola. Ret kana mangkok bubur. Bageur budak teh. Ngarumasakeun maneh meureun. Dalapan bulan ieu cicing jeung kuring tara pernah codeka, euweuh cawadeun. Getol sholat, ngaji tur gesit babantu kuring ngurus bapana. Hudang samemeh Subuh, nurut wae kana sagala panitah kuring. Ngahuapan Bapana meni sabar, bari remen diajak nyarita. Kaciri nyaah pisan ka Bapa teh sangkilang kaayaan kitu. Bapana mah teuing apal teuing henteu Rika teh saha, bulak balik diajak ngobrol oge nanyakeun deui, ieu teh saha. Dibejaan eta ge, Rika teh anak bapa ti Cidolog tea. Salaki ukur unggeuk siga nu surti sakapeung. 

 

Ari beberes imah, ngurus seuseuhan jeung setrikaan mah da sabenerna aya nu osok babantu di imah kuring ge, datang isuk balik beurang. Ari palebah ngurus salaki mah pan teu bisa ku batur. Jaba kuring masih boga kawajiban dines ngajar di sakola. Ari nyieun kueh jualeun mah sakapeung weh ari keur purun. Etang-etang hiburan eta mah,  atuh da cape awak cape hate ngurus nu gering teh. 

 

HP kuring disada, geuwat cengkat. Gening aya telepon ti Tiara, anak kuring nu cikal. Barang dipencet teh kadenge sora incu meni ngoncrang. Nanyakeun cenah, Enin palay oleh-oleh naon ti Semarang. Anak kuring emang pernah nyarita yen ahir bulan ieu salakina cuti jadi rek mulang ka Sukabumi. Ah, jadi inget jaman baheula, barudak osok menta oleh-oleh ti Bapana. Meni atoh ari moro teh. Pangatohna mun Bapana balik ti Cidolog keur usum duren, eta mawa duren nepika pinuh samobil. Lain duren montong cenah mah, eta  duren lokal ti Cidolog. Tapi enakna teh gening leuwih-leuwih ti montong. Teu nyangka, ayeuna kuring ge gening dibere oleh-oleh ti Cidolog. Mangrupa hiji budak awewe nu geulis tur bageur. Anu sakapeung mah jadi hinis kana hate. 

 

Nampi abdi Gusti kana ieu cocobi. Papasten nu geus ditangtukeun ku Gusti. Meureun matak kitu ge Gusti Allah teh nyaah ka abdi. Ku ayana cocobi ieu teh jadi leuwih sering sujud, ngarenghik beurang peuting menta sangkan dibere kasabaran jeung kakuatan iman. Rumasa kuring teu sampurna, kadang eling kadang asa aral.

 

Koletrak sora panto dibuka,  tuluy aya nu uluk salam. Ah, Rika geus balik deui. Reugreug hate teh asa aya batur di imah. Gancang kuring kana meja deukeut dipan, inget bubur kacang meunang Rika acan ditoel. Muriang masih karasa, maca bismillah tuluy ngarenghap panjang memeh ngahuap. Masih panjang carita ka hareup, teuing umur nepi kamana. Duka naon nu bakal kajadian isuk pageto. Nu pasti aya hareupeun weh, ku kuring dijalanan bari laelengkah halu diajar ikhlas.

 

Cag.

 

Sukabumi, 7 Maret 2021

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Kereeen cerpennya, Bunda. Salam literasi

07 Mar
Balas

Alhamdulillah, hatur nuhun, Pak. Salam Literasi.... Sukses selalu.

07 Mar



search

New Post