KERANG MURMER PANGANDARAN
Tantangan Hari Ke-46
#Tantangan gurusiana
Sumping ka rorompok tabuh 14.30, niat bade sumpang simpang teh janten bolay, margi hujan nu sakitu ageungna.
Malih mah raksukan nu diangge ge jibreg kabaseuhan, langsung we ka jamban.
Saatos rengse mah, teras beberes nyayogikeun naon wae nu bade dicandak.
"Ibu, jadi ga berangkat sekarang"?
"Iya De, nanti sehabis shalat Ashar kita berangkat".
Jantena mah tabuh 16.30 sim kuring sakulawargi angkat ka Pangandaran.
Manawi aya nu uninga patempatan ieu ???
Cobi ngacung, supados pribados tiasa uninga....😊
Alhamdulillah dinten ayeuna mah maksad bade ngalongok sepuh teh kalaksana. Saatos Sabtu nu tos kalangkung bolay margi pun lanceuk teu damang.
Sanaos sapanjang jalan hujan ageung malih mah aya guludug sagala, mung pami niatna tos panceg mah sagala rupi halangan ge teu matak janten gimir ieuh.
Dugi ka bumi pun biang tabuh 19.00, margi sim kuring liren heula di Padaherang sakantenan shalat Maghrib.
Kabiasaan pami sim kuring mulang ka lembur, sok ngahajakeun nyimpang ka pun uwa kangge silaturahim.
Alhamdulillah sumping ka bumi pun biang, sapertos biasa parantos disayogikeun tuangeun.
"Asyik, banyak makanan,serbuuuu...." saur pun anak kacida atohna.
Mung ayeuna mah teu kiat na teh di Pangandaran, hawana meuni asa panas bayeungyang....
Enjingna tos janten kabiasaan, pami wangsul ka lembur, wanci Subuh angkat ka pasar, biasa ngagaleuh sarupaning tuangeun khas Pangandaran.
Alhamdulillah kaleresan geuning aya kerang, teu kantos dilamikeun deui. Langsung we ngagaleuh 2 keresek. Margi kerang mah teu unggal dinten aya, janten pami kawenehan mah kedah langsung digaleuh eta mah.
Tambihana mah biasa we asin sareng tarasi.
Sumping ka bumi, langsung we dipasak.
Ku sim kuring mah dilandina ge "kerang murmer asli Pangandaran".
Kunaon margina dilandi kitu???
Kulantaran ngagaleuh Rp. 20.000 ge parantos cekap kangge opat jalmieun, janten murah meriah pami dibandingkeun sareng tuang di rumah makan mah. Cobi geura ngagaleuh asak mah sapiringna ge pangaosna sami sareng ngagaleuh kerang asak dua keresek di pasar.
Samarana ge gampil, kantun nyiksik bawang bombay hiji nu ageung, osreng-osreng, saatos kaangseu seungit gebruskeun kerangna (margi ti pasarna parantos digodok). Teu lami banjur ku cai sacekapna, kade ulah seueur teuing. Parantos kitu mah ungkeb we,,, antosan sabaraha lami, mung kade ulah dugi ka saat caina. Pami tos rada saalit caina, tambihkeun caos tomat sareng caos lada, pasihan uyah, gula beureum.
Raosan wae, pami tos sagala karaos mah, pareuman we seuneuna,,,maksadna komporna.
Mangga wilujeng ngaraosan...😋
Pangandaran, 1 Maret 2020
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan
Komentar
Teu tiasa ngolah kerang, janten we tara meser. Hatur tengkiyu resepna. Kin wang cobian
Gampang kok bun ngolahnya, ga perlu Lama stngh Jam saja sdh bs dsantap