MEUNI GINGGIAPEUN
Tantangan Hari Ke-39
#Tantangan gurusiana
"Astagfirullah", harita keneh langsung kuniang hudang.
Rumpa rampa neangan hape.
Gebeg teh, kacida reuwasna pas ningali Jam dina hape geus nunjukeun jam 23.22.
Euleuh kumaha ieu, kaburu moal ngirim tulisan nya?
Tapi pas harita ge geus ikhlas lamun seg teh teu bisa ngirim tulisan, ningali waktu nu sakitu samporetna.
Dina hate ngan ukur ngabatin, meureun ngan saukur nepi ka Tantangan 30 Poe.
Ngan usaha mah kudu, satekah polah usaha dilakukeun. Jeung na deui kuring harita euweuh rasa geumpeur saeutik-eutik acan, nya meren pangaruh hate nu geus ikhlas kana sagala rupa nu bakal kajadian. Harita mah kuring tenang, langsung muka aplikasi "Catatan".
Alhamdulillah, tadi siang tos aya tulisan saeutik-eutik mah. Nulis nu kadangu pas milu acara seminar jeung peluncuran buku.
Bener pisan papatah teh ngeunaan "tabungan", nabung pohara alusna jang bekel urang kaharepna.
Eta pisan nu karasa tadi peuting ku kuring.
Ngan tabunganana dina wujud tulisan.
Geus aya tulisan tilu paragraf mah, ngajadikeun hate kuring nambah tengtrem.
Langsung neangan catatan nu tadi geus ditulis, disambung-sambungkeun jeung tulisan nu aya. Tah geuning teu burung jadi tulisan teh.
Eta mah masih milik keneh, nu biasana muka gurusiana sok rada hese, tadi peuting mah ngadadak lancar euweuh pisan halangan.
Dina jam 23.40, kuring posting tulisan dina gurusiana.
Samemeh diposting kana facebook, ningali heula Artikel.
Bener, aya we keneh nu kudu diomekeun, nya eta kasalahan tulisan. Padahal mah rarasaan geus pohara apikna nulis teh.
Jadi inget kana tulisan Pa Eko, Anjenna nyanggeum yen urang salaku panulis kudu ngaminimalisir kasalahan dina tulisan, carana kudu dibaca deui sing jentre, bisi aya kasalahan-kasalahan.
Ngaran-ngaran salah dina tulisan, salah sa huruf ge matak ngaruh kana artina komo lamun sakecap atawa sakalimah mah.
Sanggeus dipariksa terus ngarasa geus yakin tuluy we di posting kana facebook.
Da eta teu kosi ngadagoan lila, pak kurunyung pesan "postingan Anda di Media Guru Indonesia disetujui oleh Admin".
Alhamdulillah, Yang Allah dipasih mang pirang-pirang kanikmatan.
Lamun seug teh peuting harita hese muka Gurusiana jeung kuring nulis tina nol mah meureun ayeuna teh geus moal aya tulisan ieu deui.
Lamun seug inget kana kajadian eta, sok ting seredet hate teh. Asa kagagas.
Makana ayeuna pas poe Ahad, nu lian mah alolahraga, kuring mah olahraga jempol we di imah.
Keun we can masak can nyeuseuh mah.
Nu penting geus nyayagikeun sasarap jang sararea terus kumbaheun geus dipigawe.
Geus aman santosa lah ari geus kitu mah.
Pokona ayeuna mah kudu siaga. Mun seug aya waktu longsong kudu langsung nulis. Bisi jiga peuting deui.
Meni asa ginggiapeun.
Sing ulah karandapan deui ah,,,,,
Banjar, 23 February 2020
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan
Komentar
Wow, bahasa daerah. Tapi aku gak paham Bund. Padahal aku orang Cikarang, tapi gak bisa bahasa Sunda. Sukses selalu dan barakallahu fiik
Saya terjemahin bun.. Pokok buat bun Fi apa sih yg gak..Itu crita semalam. Bu Ver hampir kelewat gak ngirim tulisan untuk hari kemarin, smntara jam sudah 23.45.Katanya jangan sampai kejadian itu trulang lagi.. Traumah...
Kacipta reuwas
Terima kasih Bu Nuy atas terjemahannnya....100tullll
Ayo Bu, kita samasama belajar bahasa sunda.Saya juga masih belajar,karena nulis pake bhs sunda ternyata lebih susah.
muhun Bu Teti....Wengi mah tos pasrah pami teu kabujeng teh.....Leupat tuda sok diengkeengke pami nyerat teh....Kajongjonan teuing