endas dasiah

Guru di SDN. Cijulangadeg Kecamatan Cikalong Kab. Tasikmalaya. Aktif dalam Gerakan Pramuka. Hobi menulis ditekuni sejak tahun 2016. Beberapa judul cerpen dan ca...

Selengkapnya
Navigasi Web
Carpon (Cerita pendek berbahasa Sunda) Sanggeus Dirapalan
Tantangan hari ke-216

Carpon (Cerita pendek berbahasa Sunda) Sanggeus Dirapalan

Bumi alam asa tungkeb. Pikiran poék. Jajantung ratug. Awak ngadégdég. Beungeut ngahéab. Ceuli asa katorékan, basa apa sareng mamah ngébréhkeun karepna pikeun ngadahupkeun kuring jeung Kang Dodo, pamuda lembur nu sok idek liher, pagilinggisik unggal usik. Najan apal Kang Dodo téh pamuda bageur, taya kacaritakeun goréngna, tapi dalah dikumaha, ieu haté teu méréan mun kudu ngadahup ka manéhna.

“Hapunten Apa, Mamah, Aisah teu acan hoyong nikah. Aisah, masih hoyong ngaos,” cekéng lalaunan. Luk tungkul, teu wani neuteup pameunteu apa sareng mamah nu nuju mencrong.

“Har, apan ari ngaji mah geus rumah tangga ogé bakal tetep dilakonan. Pan katingali atuh indung manéh ogé sasat taya Kemis, Jumaah, jeung Ahad ka larung keur ngilu pangajian. Kitu lin, Ma?” sora bapa tandes, teu méré ombér pikeun ngangles. Katempo ku juru panon, mamah unggeuk nyaluyuan kana pamadegan apa. Aya nu nyeuit kana ati basa mamah unggeuk. Teg, sadar geus moal aya nu nulungan. Mamah nu biasa mélaan, tétéla kiwari sapamadegan jeung apa.

“Milarian nu kumaha deui atuh, Néng. Apan sakitu bageurna Jang Dodo téh?” sora mamah halimpu naker, tapi kapireng kana ceuli kuring mah lir gelap salésér tengah poé éréng-éréngan. Luk tungkul, lir bueuk meunang mabuk. Kuring teu lémék teu nyarék, éstuning ngahéphép teu bisa hojah.

“Geus tong loba tinimbangan, Aisah mah kantun nyiapkeun awak. Piara sing berséka. Kudu loba tatanya ka guru ngaji di tajug, kumaha kakuduan réngkak paripolah urang ka nu jadi salaki. Kaituh geura saré, bisi isuk tulus kulawarga Jang Dodo nanyaan manéh!” kasauran apa teu bina ti pecut nu dibabukkeun kana awak sataker kebek. Karasa peureusna kana ati sanubari.

Jung nangtung. Léong ka kamer, ngadon meubeutkeun awak kana kasur. Hing ceurik. Beungeut ditungkup ku bantal. Inggis katohyan ku apa sareng mamah nu keur uplek di patengahan.

Cimata teu kaampeuh. Murubut teu bisa dipegung. Sapeupeuting teu bisa ngerejepkeun. Panon teu bisa dipeureumkeun. Haté teu eureun mapatkeun dunga, miharep pitulung-Na sangkan meunggaskeun kahayang kolot nu teu sapagodos. Ras, kana lalakon silihpikaasih jeung Kang Imam, santri nu babarengan mondok di pasantrén Al-Huda. Mun téa mah kudu ngadahup téh jeung manéhna, tangtu moal kieu kajadianana. “Kang Imam, tulungan abdi, Kang!” gerentes haté.

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post