Erni Berkata

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web
Ceu Entin diajar jadi Detektip

Ceu Entin diajar jadi Detektip

Duh, bener kacow dunyatèh, lamun geus nincak tanggal kolot. Asa sok jadi pararanik sorangan. Bora'ah jajan baso ka Kang Lili, jang meuli bèas gè kadang ngadadago dititah ngalèot ku Bu Èha.

Ari keur kreatip, sok hayang kudak kodok kana saku salaki. Lain teu wani mènta, ngan sok hayang wè kèpo, jeung kadang negatip tingking. Boa nu jadi salakitèh boga duit bogalalakonna. Heueuh, rèk jadi dètèktip sakali sakalimah.

Meumpeung salaki sarè jeung bangun tibra, ...diwawani wèh ngeteyep bari luak lieuk, tuluy rumpa rampa kana saku calana sayur warna hideung anu ngagantung di tukangeun panto kamar. Gep,karampa aya nungajenol semu semu kertas. Biwir geus teu bisa ditahan, surangah sèrèngèh sorangan tèa, ceuk neng Ayankmah....

Lalaunaaaaan, jeung make sakabèh parasaan, leungeun mimiti asup kana saku hareup. Kulisik....salakina kadèngè ngulisik lilir. Gebeg. Jantung ratug leuwih leuwih batan basa diudag anjing piaraan Kang Udè, jawara Panawuan tèa, teu pira pèdah ngalèlèwè manuk bèo sabari ngaliwat....

Replek leungeun dicabut sabari tungkul, maksudnamah rek api api nyokot sapu nyèrè nu nyeungseurikeun di juru panto. Bakating rusuh, ari beledugtèh sirah tidagor kana gèrèndèl panto, sabot tungkul. Jadol tèh, lumayan ngaburinyay kana panon.

Sora ngulisik nu jadi salaki teu nuluy. Yèsss, bisa dilanjut atuh acara impeksi ngadadaktèh kieu caranamah. Keteyep deui leungeunteh teu dititah gè hideng sorangan ngeteyep deui kana saku. Gep kana sesuatuh anu matak surungah serengeh tea. Weiiiis...salaki teh tara beja bèja,ning boga duit rda lobateh. Duduuuut, duit didudut lalaunan. Lumayan kandel. Begitu dikaluarkeun...oh em ji....duit dua rebuan, lima rebuan jeung duit lima puluh rebu nyelip di tengah. Saking atoh, geuwat duit anu warna biru dikaluarkeun. Hayang seuri ayaaaa, hayang ambek komo. Ari suganteh anu warna biru nyelapteh duit 50 rebu...aripek cangkang paramek eusi dua siki deui.

"Neang naon, Tin?"

Teu sangka sangka, sora Mang Endut ngageureuwahkeun Ceu Entin.

"Nyeta, asa balideg sira, kang...rek meuli paramek, epekteh aya ning..." Ceu Entin ngimprop.

"Sarèkeun atuh mun geus nginum ubarmah, mèh cenghar deui..." Ceuk Mang Endut sabari cengkat, tuluy diuk lulungi sabari heuay, bangun anu nikmat. Panon semu beureum.

Ceu Entin teu ngajawab, ukur unggeuk sabari nyoekeun paramek hiji. Sèsana diasupkeun deui kana saku calana salakina.

"Lain, Tin...satadinamah nyanèhtèh jeung si Èmus rèk dibawa ka pameran, hareupeun hipermat, tapi ari nyanèh rieut sirahmah, ka rungsing rungsing, hadè kènèh disarèkeun..."

"Èmang Akang boga duit,kituh?...apanan ukur sakitu..." Ceuk Ceu Entin sabari kaduhung geus api api rieut.

"Mangkukna Akang mangajualkeun taneuh Abah Ojo, ka Pa Asep....lumayan pan aya homsin na...tiduanana...."

"Naha Bah Ojo beut ngaleupaskeun taneuhna, Kang...asaku lebar..." Ceuk Ceu Entin panasaran.

"Cenahmah diolo ku Pa Asèp, kuatka dileupaskeunana....pan pa Asep rèk nyieun pasantrèn cenah didieutèh...."

"Terus ari duitna rek dikamanakeun ku Abah Ojo? Ceu Entin beuki panasaran.

"Ahhh...teuing atuh, lain urusan kami....cenahmah duitna rek didepositokeum..." Ceuk Mang endut....ongkoh lain urusan, tapi angger dijawab.

"Hihhhh naaa teu bebeja tikamari mula, atuhhh, boga miliktèh" Ceuk Ceu entin.

"Ahhh...saacan kajualmah, tara hayang ngabeja bèja anu can pasti...pamali...."

Ceu Entin teu loba omong, leos Ka tengah imah, ...bus si paramek diabuskeun kana gelas hias anu aya tutupan... di jero tèkas dèngdèk, anu kacana geus peupeus saeutik palebah juru....

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post