Ceu Entin ngalalana
Mun kudu dibejakeunmah, horèam sabenernamah. Kudu ngajugjug lembur anu sakitu jauhna. Jaba sorangan, da lamun jeung salaki hambur ongkos. Ceuk si abahmah, jarak ti imah ka Garut teh, aya kana 130 kilona. Ari kitu tèamah, nya mening tumpak beus atuh, jaba iuh, jaba teu capè. Kabayang lamun leumpang. Duit ukur 40 rèbu...kalakah asup rumah sakit meureun, jaba suku bèak, awak lungsè...jang dahar euweuh.
Tekad geus buleud, rèk tumpak beus ka Garut.
Ari kitu tèamah, piraku wè teu bisa ngahajakeun ka kawinan dulur, anak bibi anu rèk dikawinkeuntèh. Iraha deui, rèk bisa ngariung mungpulung jeung dulur dulur. Ari teu dipaksakeun kieu, sok jadi lapur. Tungtungnamah atah anjang jeung dulurtèh.
Nya, Alhamdulillah diijinan gè, pirang pirang atuh. Si Emus teu dibawa, da kabayang di jalanna. Nya, biasa wè, dititipkeun ka mitoha, sabari dièmbèl èmbèlan rèk dibèrè olèh olèh. Sabenernamah, meuli olèh olèhtèh, tara meuli ti Garut langsung...ahhh horèam, jaba rèbo, jaba kudu nyimpang heula....èngkè wè...na beus gè sok loba, mesing KW gè lumayan wè, mitoha bisa ngagelenyu.
Heueuh rèk teu KW kumaha, èta tukang dagang...ngan diulik wè. Sagala rupa. Ti mimiti dodol nepi ka kutang aya. Dodol picnic, jadi dodol pikpik, kurupuk dorokdok "Betul Pusaka" jadi "Betul Bersahaja", Aqua jadi Akuarin, serbèt cèlè pèdah warna beureum...diaku bahanna meunang ti Ahok,
kutang merek triumph jadi merek trampil. Jaba sok tara saropan gening nawarananatèh. Aya aturan nawaran kutang digiwing giwing bari cocorowokan. Asa èra nemponagè.
Mun ceuk urangmah nawarantèh kudu tarapti atuh, ari dagang jeroan awèwèmah. Kalah tibalik jeung tukang permèn jahè,...tukang permènmah teu loba omong, leungeun pakupis neundeunan permèn na lahunan panumpang, siga anu ngabagi...na ari tukang kutang, nya cocorowokan, nya digiwing giwing hareupeun panon panumpang. Sok waas mun anu ditawaranana aki aki 7 mulud, batan meuli, kalah mencrong kanu kutang, olohok bengong....teuing reuwas, teuing hayang jeung eusina.
Ari poe ieumah, Alhamdulillah kabagèan kènèh tempat diuk. Rejeki anak solèh siganatèh. Jok anu kosong, èstuning hiji deui...jajaran tengah, deukeut jandèla. Jok anu jang duaaneun. Saenggeus satengah disusurung, gèk wè diuk. Teu loba omong. Panumpang saribuk sorangan. Aya nu anteng jeung henpon, aya nu uplek ngobrol, aya oge anu keur sarè.
"Kosong, tèh...?"
Lamunan kagebah ku sora simpati. Halimpu tur genah didèngè. Lieuk Ceu Entin ngalieuk. Duh...ku hanjakal, sora tèh teu saimbang jeung nudibayang. Implenganmah modèl Kaharudinsyah, artis barètomah...atawa artis anyarmah modèl Jamès Sahèrtian, ari ieu asa jauh pisan.
"Tiasa teu Tèh...?" Tanyana deui.
Ceu Entin ukur unggeuk, tuluy api api ningali ka luar. Si lalaki gèk diuk sabari muka jèkèt kulitna. Seleberrrrr angin na jero jèkèt tebar pesona sabudereun tempat diuk. Lumayan leneng. Lalaunan jandela beus disurungkeun saeutik. Sup angin asup. Seger.
Keur kitu.. genjrèng genjrèng...sora pangamèn ngahitar. Pabuis jeung anu tukang mentaan sumbangan masigit. Suasana beuki kacow lantaran budak anu keur hèès jadi hudang da kagandèngan. Kocèak...budak kokocèakan. Kabeneran tempat diuk budaktèh hareupeun pisan. Bangunna budaktèh umur 4 taunan, da pas teterejelantèh, kaciri rada jangkung jeung geus rada hideng. Kèsang minuhan buukna anu mimiti lèpèt. Ku indungna diolo ngarah rèpèh. Kasempetan keur tukang coco'oan, teu sirikna atoh aya budak anu ceuriktèh, gancang sagala daganganana dikaluar luarkeun, ngolo susuganan budak kapincut. Mimiti momobilan anu disada diasongkeun...budak gideug, balon gambar si Limbad...budak ngagoak, diasongan iteuk widadari anu hurung kalah ditepak,...bangunna indungna atoheun euweuh barang anu kapakètèh, da olok duit atuh. Tapi si emang teu èlèh gèlèng, geuwat dikaluarkeun baju budak anu keur usum, baju si mermaids, baju duyung tèa. Budak jemping. Tuluy tutunjuk hayangeun.
"Oyong mah..oyong...." Cenah sabari inghak inghakan.
Tukang dagang seuri konèng. Marahmay atoh.
"Apanan gaduh di bumi ge..malah tara dianggè" Ceuk indungna budak. Bangunnamah ngawadul.
Tukang dagang nagen. Yakin konsumènna bakal kajiret. Kulaantaran budakna ceurik wae, tungtungnamah dibeuli oge. Leos tukang dagang ngaleos. Tinggal anu ngamèn, mimiti mapayan Ka panumpang mènta jatahna.
Aduh gawat, mangkaning pangamèntèh sok lain hiji dua. Reup panon Ceu Entin dipeureumkeun api api sarè. Sirahna dipapantes lelenggutan ngarah kaciri tibrana. Ceuleungkeungtèh si tukang ngamen ngomong, " Ari lagu dipentaan karidoan, ibu ibumah sok api api sarè" cenah.
Panas oge hate da memang rumasa sasarèan.... (Nyambung)
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan
Komentar