Erni Berkata

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

Ceu Entin Ngontrog Raja Salman

"Lalajo naon, Tin....eta kuat ka ting depong depong kitu?" Ceuk Mang Endut heraneun, ningali pamajikanana hokcay. "Eta, Kang...nempo anakna raja Arab, kuatka gantengtèh dibèakeun ku sorangan....gustiiiiii...ngepens Entinmah...jaba eta godeg kuatka nyèrèpèt bedog kituuuuu...." Ceuk Ceu Entin takjub. "Laaah...pan kami, gè godègan...kurang kumaha deui, atuhhh...beda jangkung jeung irung hungkul, eutikkk..." "Aduh Akang , matakannana, gera meuli eunteung anyaarrr, jauh ka Arab atuh, Akang jeung anakna haji Salmanmah" Ceuk Ceu Entin bari angger teu melong salakina, jongjon ningali Mohammad bin Salman. Salakina teu loba omong. Gek diuk gigireun pamajikannana. Gep kana emuk sèng welang hejo abri, leguk, cai entèh dileguk bangun nikmat naker. "Lain, kang, kubeunghar beunghar teuing, nya...si haji tèh..." "Haji mana, Tin?" "Si Akang gagal pokus, nya Haji Salman tea, Raja Arab...ari geus haji mana deui atuhhh..." "Bisi weeeh, atuda èta meni make "si" sagalarupa...siga anu geus loma wae...." Ceuk Mang Endut. "Heueuh ....cobaaa Akang teh aya pakakait suma, ka si Raja...meureun Entin teh bakal gaya...teu buladig teuing kieu..." Sèrèsèt, na jero hatè Mang Endut aya anu tingsèrèzèt...saeutik, jeung sakeudeung, ngan peurih...rumasa acan bisa ngabagèakeun nu jadi pamajikan. Dina kongkolak panonna, aya cipanon, semu asa asa ngeuyeumbeu. Ditahan bangunnamah. "Asa hayang ngajaran ngadu nasib di Jèdah, Kang.....baè, teu?" Mang Endut teu ngajawab. Panonna anteng kana tipi, tapi teuteup hapa. "Akaaaang...ih akangmah sok harè harè waè ari ditanyatèh...." Ceu Entin nepak pingping salakina. "Naon tea, Tin...?" "Hayang gawè ka Jidahhhh..." "Ari nyanèh, ongkoh sok remen lalajo tipi, tapi teu diregepkeun eusi beritana...kahamur hamur listrik, ning..." Ceuk Mang Endut. "Na...kunaon, kituh?" Ceu entin mencrong seukeut. "Sarieun Akangmah...nu enggeus enggeus ge, anu baralik ti Jidah tèh, ginjalna sok laleungit hiji cenah ceuk na tipimah...." "Ceuk dunya percenahan, sugan etamah...asaku piraku ujug ujug leungit ginjal teu paruguh...emang kumaha cenah ceuk na tipiteh?" Ceu Entin panasaran. Ningali salakina teu ngajawab waè, Ceu Entin ngeunah malikkeun," Ahhhh sarua wee ning, Akang ge, teu bisa ngaregepkeun eusi ingpormasi....kahambur hambur listrik Akang ..!!! Mang Endut cicing. Heueuh dipikir pikir asa bodor, ongkoh tipi teh sok digeder, sok dilalajoanan, tapi asa euweuh anu nerap. Mayaran...mayaran weh, jaba asa loba pareumna. Komo ayeuna geus tanggal 28 deui. Gustiiiiii...ti Minggu Ka senenteh, mani asa tereh tereh teuing....na ari Ti senen ka Minggu, mani asa ngemplad waktuteh.... "Kaaang...geus aya, jang mayar listrik?" "Aaaah, nyanehmah...tina raja jadi kana mayar listrik atuh....keun weh heula anan atuh,..." "Biasa we atuh, can boga mah,...tong sok babari haseum, pamali..." Keur kitu torojol nyi Kolis datang. "Ceu...keur lalajo Raja Salman, teu?" "Naon kituh, Nyi..." "Cenah masarakat Padaruum, rek diharatiskeun mayar listrikna sataun ieumah cenah....rek kaul alatan Raja kataji, rek nyieun gamis abaya na Ka kang Ojak deui...ngeunaheun cenah..." "Naha ari ka kulawarga anggota densus ngahajikeun atuh,nyaaa Raja Salmanteh, ku teu adil pisan...asa jadi teu resep kieu caranamah..." "Hayu atuh, Ceu...urang ka Kang Ojak...urang komporan, sangkan tong narima jaitan pikeun Raja Salman deui...arijid..." Leos nyi Kolis ngagidig bangun napsu ngagegedur. Maksudna rek nepungan Kang Ojak. "Nyiiiiii....nyiiiii....tungguan atuuuuuhhhh...tong sok ninggalkeun kituuuu......nyiiiiiiiii" "Tiiiiiiiin....gera hudang ari nyaneh....sok kajongjonan ari lalajo tipi kasarèanteh...tuman pisannnn!!! Mang Endut ngageuingkeun pamajikanana anu ngalindur sabari gogorowokan. "Astagfirullahaladzim...." Ceu Entin hudang. Tuluy gigisik panon sabari nempo kana jam. Geus waktuna solat asar. Jung manehna cengkat rek tuluy abdas.

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

yeee....ketemu cing Harto di sini.....horeeeee

02 Mar
Balas

Aduhhh hatur nuhun, Kang Adeeee...salam kenal, nyaaa...

02 Mar
Balas

Ora ngertos ce erni.....ane urang betawi....Hehehe

02 Mar
Balas

Mani hebring kitu caritaan teh !

02 Mar
Balas



search

New Post