Erni Wardhani

QUEEN ERNI ATAWA ERNI BERKATA...

Selengkapnya
Navigasi Web

KAMAR 307 (11)

Tantangan menulis hari ke-149

Kabéh nu araya di rohangan langsung babacaan. Kuring nyepengan sepré, bari jeung masih kurang tanaga ogé. Anu diuk ngajajar, kompak mundurkeun korsi ka béh tukang. Ukur budak leutik téa anu angger cicing, teu robah diuk. Ustaz Agus jeung Ustaz Erwan masih posisi nyembah. Panonna pareureum. Katempo késang badag minuhan sirah Ustaz Agus.

Leungeun budak leutik ujug-ujug nunjuk ka lebah gang anu rék ka WC. Ustaz Erwan cengkat. Laju mapay rohangan. Reg di hareupeun eunteung, laju cingogo. Manéhna ngodeu sangkan dibéré cai akua dina botol badag. Pa Jajang rikat nyodorkeun, bari semu ngadégdég. Gep, si akua badag dicepeng. Awakna masih satengah dongko. Tuur suku kénca keuna kana lanté. Suku katuhuna nahan awak. Leungeun katuhu taki-taki, bangun mapayan angin lebah dinya. Seeettt ka katuhu, seet ka kénca. Eureun deui. Dadana rénghap ranjug. Laju cengkat, tereleng ka témbok.

Plakkk.

Leungeunna nyabok témbok tarik pisan, teu langsung diangkat, tapi satengah digusur mapay handap. Sreeettttt, dina urut leungeunna katempo getih siga anu meunang nyusut. Ustaz Erwan nyurungkeun cai dina botol akua kana leungeunna. Ngumbah getih, tayohna mah. Geus kitu manéhna leumpang kira genep léngkah. Reg deui eureun. Sukuna nincakan lanté, laju nyurungkeun cai. Getih ngabayabah. Teu loba omong, Ustaz Erwan balik deui ka korsina. Kaayaan lir ibarat gaang katincak. Euweuh nu wani ngomong.

Ustaz Agus ngésang. Leungeunna pakupis, tapi masih bari diuk. Beuki dieu gerakanana beuki laun. Laju eureun. Napasna hah héh hoh, bangun capé pisan. Ustaz Erwan ngasongkeun cai, teu hararésé, geuwat ditampanan, leguk si cai dileguk bangun ni'mat. Katempona, kaayaan geus mimiti normal deui. Pa Rahmat jeung Pa Jajang ngésérkeun diukna. Bu Wulan masih kénéh ngagayot ka Haji Hinda. Paromanana pias pisan. Budak leutik ngadeukeutan Bapa-bapa anu diuk gigireun kuring pisan.

"Pa, hayu uih," pokna bari metot leungeun bapa-bapa téa.

Si Bapa-bapa unggeuk bari ngarangkul budak leutik. Budak leutik cicing. Nangtung di antara pingping lalaki tadi. Sigana mah, Bapana. Kuring can ngarti, naha bet aya budak leutik jeung lalaki éta. Terus naha aya Ustaz Erwan jeung Ustaz Agus. Maksudna, saha anu ngondang. Wawuh gé henteu.

"Kumaha Ustaz, tos Aman?" tanya Pa Erik.

Ustaz Agus jeung Ustaz Erwan arunggeuk bari seuri. Geus kitu mah Bapa-bapa jeung budak leutik tadi amitan. Tapi saméméh ka luar, budak leutik neuteup kuring bari nyarita sangkan kuring mun bisa nepungan manéhna. Kuring unggeuk. Na jero haté, salian ti hayang wawuh, kuring gé panasaran aya naon maké kudu nepungan sagala rupa.

Sanggeus baralik, Bu Wulan nangkeup kuring lila pisan, bari teterusan ngomong Alhamdulillah. Haji Hinda pipilueun. Kitu bdeui nu aya di rohangan éta, kabéh ngarucapkeun syukur. .

Awak beuki dieu asa beuki jagjag. Lalaunan, kuring nyarandé, maké bantal, dibantuan ku Bu Evi.

"Bu Haji, abdi hoyong uih, ih," kuring ogo.

"Tenang, Bu Rin, kin ku abdi dijajap," walonna.

"Ah, teu kedah, engké abdi miwarang pun raka ngajemput,"

"Saurna ulah wawartos ka carogé," Haji Hinda ngaheureuyan kuring.

Kuring unggeuk. Bener, sabab mun apaleun, geus pasti moal meunangeun miluan diklat deui. Hartina, kuring kudu miluan kahayang Haji Hinda. Nu di jero rohangan sareuseurian. Kuring nanya ka Haji Hinda, saha budak leutik anu tadi. Horéng manéhna budak indigo anu mimiti manggihan kaayaan kuring. Manéhna kabeneran keur nginep di hotel ieu jeung bapana. Ari ku nu indigo mah, kajadian ahéng bisa kanyahoan, kaasup kajadian anu kaalaman ku kuring salila ieu. Sedengkeun Ustaz Agus jeung Ustaz Erwan mah, Ustaz langganan anu sok dipanggil lamun aya kajadian ahéng. Kuring mimiti ngarti, ngan anu can ngarti téh, naha bet kuring anu ngalaman.

"Raray ibu sarupi sareng tunangan Tuan Andrés Jan, sami urang Indonesia," ceuk Ustaz Erwan Nugraha. Kuring olohok nalika manéhna nyebutkeun ngaran Andrés Jan. Anéh, maké apal sagala rupa.

"Danisa," Ustaz Agus jeung kuring nyarita ampir bareng.

Babaturan mah masih teu ngalarti. Maranéhanana mimiti panasaran. Hayang nanya pangalaman kuring di dunya goib, ngan kaciri watireun, mun kuring diperekpek ku pananyaan.

Salila ieu kuring teu percaya aya jurig, ayeuna mimiti sadar, yén alam goib téh, mémang bener aya, jeung kudu diyakinan yén kabéh kakuasaan Mantenna.

TAMMAT.

Penulis adalah guru SMKN 1 Cianjur

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post