Erni Wardhani

QUEEN ERNI ATAWA ERNI BERKATA...

Selengkapnya
Navigasi Web

Kamar 307 (2)

Tantangan menulis hari ke-139

"Assalamualaikum," kuring uluk salam, kawas ka nu aya jelemaan. Haji Hinda pipilueun.

Sup, duaan arasup. Kaayaan kamer, kotor henteu, beresih henteu. Lempeng jeung panto, aya kaca hias luhureun wastafel gedé. Gedé ogé, ieu rohangan. Sinhoréng nitah di dieu téh, kamerna cukup jang limaan. Tapi teu langsung disakamarkeun. Sarohangan aya dua kamer. Anu eusina tilu ranjang, jeung saranjang badag. Rohang tamu ukuran 2.5 ka 5 méter, dieusian Ku sofa panjang warna jok kulit kopi tutung, tipi LCD ngadaplok di gigir. Rohangan tengah we, ukuran 3 x 3, di dieu ukur aya dispénser jeung kaca badag.

Bus kuring niténan kamer. Ku lantaran kamer nu hiji deui rànjangna badag jeung bisa jang duaaneun, kuring jeung Haji Hinda milih di dinya. Kamer rapih. Simbut nilep kawas biasana di hotél. Bru, tas badag diteundeun di tunjangeun. Haji Hinda ogé sarua.

"Haji, urang kepruk-kepruk heula." Kuring langsung kekepruk ka nu ranjang.

Haji Hinda tuturut bari ngagebugan ranjang ku tas. Biwirna babacaan. Kuring gé sarua.

"Assalamualaikum."

Bus Bu Evi jeung Bu Wulan asup. Tuluy ka kamer anu eusi ranjang tilu. Duanana sarua bangun kekepruk. Émut saur Ema, mun nempatan rohang, kudu dibiasakeun dikeprukan heula, bari didoaan. Alusna mah, kekeprukna maké sapu nyéré. Boraah sapu nyéré, sapu injuk gé teu manggihan. Matakna saaya-aya wé kekeprukna gé.

"Ga apa-apa, ya ... berarti bareng sama Bu Yayah," pok téh nalika ngalongok kamer Bu Evi jeung Bu Wulan. Haji Hinda nutur-nutur di tukang.

"Iya, Téh, gak apa-apa," walon Bu Wulan.

Rét ka juru kamer, remeng. Lampu dicaangan, tapi teu nulungan kaayaan.

Léos kuring jeung Haji Hinda muru kamer deui. Keprak-kepruk deui. Laju siap-siap muru rohangan, soalna panitia nitah ngumpul heula di dinya. Bring opatan ka rohangan anu dimaksud. Lumayan ogé, lantaran rohangan téh ayana di lantai dua. Nu matak lieur, bentuk wangunan hotél téh, aya ku unik. Luak-léok kawas oray. Mapay salasar jeung tangga anu lumayan loba. Ngaliwatan kamer tamu anu sakitu lobana, jeung sararua bentuk jeung ukuranana. Kuring jeung batur tiluan kukurilingan néang rohangan anu dimaksud. Anéh, bet asa teu nepi-nepi. Mimitina mah asa lucu. Kuring cicirihilan ngaheureuyan, boa-boa dibawa sina nyasab.

Bu Evi pias. Keur mah bodas pangulitanana téh, katuturug manggih ka reuwas. Atuh beuki wé. Bu Wulan mah rada tenang, sakali-sakali ngagelenyu, tapi sorot panonna kaciri mimiti guligah. Haji Hinda, seuri mawur.

"Ceu, di mana, sih ... naha asa kukurilingan?" Haji Hinda muka obrolan.

"Duka atuh, enya, nya ... naha asa teu nepi-nepi." Walon kuring bari rét ka katuhu jeung ka kénca.

Nalika méngkol, awak kuring ampir nubruk jelema nu maké baju bodas jeung hideung.

"Awwww." Kuring satengah ngajerit.

Lalaki ngora anu ampir patubruk tungkul semu rusuh.

"Eeh, A, kalau ke ruangan rapat, ke sebelah mana, ya?" asa kaingetan.

Lalaki ngora teu langsung ngajawab. Reg awakna eureun, laju malik bari angger tungkul. Ponina nutupan panonna. Jempolna nunjuk ka lebah kalér. Teu loba ngomong manéhna langsung nuluykeun léngkahna.

"Hayu atuh, bisi ketua arep-arepeun!" ajak Haji Hinda.

"Kéla, naha éta room boy bet apal urang rapat di mana? Apan urang can nyebutkeun ngaran rohangan rapatna gé?" Bu Evi pias deui.

"Ké heula, urang tanya deui, room boy na.

Rét kuring ngalieuk ka lebah room boy, tapi geus euweuh kalangkang-kalangkangna acan. Asa ku gancang-gancang teuing leumpang téh. Kuring panasaran, laju nyusul nepi péngkolan. Tétéla geus euweuh. Kuring ngalénghoy balik deui ka nu tiluan anu masih nungguan iber kuring.

"Kumaha, Ceu?" Bu Wulan mimiti teu sabar.

Kuring gideug bari nitah nuluykeun léngkah. Bring muru rohangan anu ditunjukkeun ku room boy. Sugan wé bener. Rét kuring ka lebah handap, katempo Pa Rahmat keur anteng ngoprék léptop.

"Itu Ketua!" kuring ngagorowok bakat ku atoh.

Nu tiluan rikat nempo kana curuk kuring. Awakna narapel kana témbok nétélakeun bener henteuna omongan kuring. Belenyéh sareuri. Laju ngagancangkeun léngkah. Tapi sajajalan kuring nginget, naha room boy maké apal rohangan anu dimaksud padahal anu diklat téh, lain ngan ukur rombongan kuring wungkul. Jeung rohangan rapat téh apanan sakitu lobana. Tuluy, naha Pa Rahmat aya di handap, aturan mah, aya di lanté kadua dumasar kana caritaan résépsionis.

...

Hanca

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Sayang nggak tahu artinya, Bu. salam sukses selalu.

21 May
Balas



search

New Post