Erni Wardhani

QUEEN ERNI ATAWA ERNI BERKATA...

Selengkapnya
Navigasi Web

KAMAR 307 (4)

Tantangan menulis hari ke-141

Ku lantaran ngaringrangkeun, Bu Wulan ngajak pindah tempat. Kabeneran aya meja kosong kahalangan Ku tihang badag. Bring opatan ngabring, laju dariuk di tempat séwang-séwangan.

"Ari nanaon téh, sok ngageumpeurkeun dunya persilatan, Ceuceu mah," Bu Wulan nyarita bari am dahar.

Kuring jadi teu museur kana barang dahar. Awak juuh ku késang. Teuing ku naon, punduk asa beurat, siga aya nu ngadaplok. Leungeun mimiti jibrug ku késang ogé. Panon asa muter, gep kuring kana taplak méja. Leungeun ngaremes taplak tarik pisan. Anu ngabeungbeuratan asa beuki karasa. Taplak anu dicekel ngerejut kadudut.

Keprééé... Water goblét bahé. Kuring beuki teu bisa nahan, leungeun beuki tarik ngadudut taplak. Leungeun nu hiji deui nahan méja.

Lamat-lamat kadéngé sora Bu Evi ngagorowok ménta tulung. Sirah asa rieut, titingalian beuki poék. Tapi dina kaayaan poék kitu, ngajorélat dedegan bapa-bapa rupa ménak téa ningalkeun kuring bari neuteup semu ambek. Siki panonna asa euweuh warna hideungan. Kerelep bumi alam poék mongkléng.

Beunta-beunta kuring geus aya di hiji tempat anu saméméhna can kungsi nyaho. Harieum jeung tiis. Sora keclak cai nambah ka keueung. Lalaunan kuring cengkat, hayang nyaho kaayaan sabudeureun. Samar-samar katempo mangkluk jarangkung badag lalar liwat. Siga noni-noni jeung lalakina, kabéh urang walanda.

"waar zijn mensen, Albert Jan?" Saurang noni anu irungna bangir jeung panonna hurung nanya ka lalaki anu keur nyekelan ontél.

"Ik was daar, Carolijn!" walon lalaki anu disebut Albert Jan ku Si Noni. Leungeunna nunjuk lebah kuring.

Kabéh mangkeluk nu araya di dinya rikat marelong ka kuring. Kuring ngahéphép. Tonggong asa napel kana témbok. Lalaunan, bring laleumpang maruru kuring. Kuring geumpeur nempo leumpangna anu semu teu napak. Awak beuki ngoléséd. Kabeneran aya gang saawakkeun. Kuring nyelenep bari teu puguh tujuan. Na ari gebros téh kuring ngagebros. Awak teu puguh rasa, ngalayang, tapi teu bisa ngocéak. Kénca katuhu mongkléng.

Teuing kumaha, rarasaan téh, awak asa aya nu ngabeungbeuratan. Tetempoan rada teu poék teuing, ngan nu jelas, kuring geus aya di kamer. Seuseungitan nu dicepeng Bu Wulan anu matak kuring jadi sadar deui téh. Rét ka gigir, Haji Hinda keur ngaji bari dimukena. Bu Evi bangun atoh kuring geus sadar. Lebah lawang katempo Pa Jajang jeung Pa Erik, bangun asa-asa asup ka jero kamer. Kuring nginget-nginget kajadian anu geus tumiba ka diri. Pandeuri téh, kajadian nempo lalaki beungeut ménak jeung ucing hideung meles, laju kapaéhan.

Teu kabayang, saha anu mangku kuring ka lanté tilu. Moal kitu, Pa Jajang jeung Pa Erik anu ayeuna aya di lawang?

Rét kana hénpon nu aya luhureun bantal, maksud téh rék ningal jam sabaraha ayeuna. Tapi teu jadi. Awak karasa leuleus satulang sandi.

"Jam dua, Ceu." Bu Wulan bangun surti.

Bu Evi hideng mawa cai akua. Tuluy diasongkeun ka kuring. Lalaunan kuring cengkat bari ngararasakeun kanyeri. Gep leungeun Bu Evi nyokot bantal, laju diteundeun tukangeun tonggong, jang ganjel kuring. Kuring narima akua. Regot, cai diregot. Késang muruluk minuhan beungeut. Haji Hinda terus ngaderes bari teu maliré ka sabudeureun. Kuring rénghap ranjug. Laju ngeukeupan bantal. Sabisa-bisa, kabéh babaturan ulah aya nu arapaleun kajadian kuring bieu. Hayang ceurik, hayang balik, tapi teu kedal.

Kabéh sakumna nu aya di dinya euweuh nu wani nanya, jeung mun aya nu nanya gé, kuring mah moal balaka. Bisi pimatakeun. Komo mun kuring balik, atawa bébéja ka salaki, alamat moal meunang dititah diklat deui atuh.

Haji Hinda eureun ngajina. Laju muka mukenana. Gep kana hénpon. Macaan WA.

"Duh, komandan tos miwarang kumpul, kumaha atuh ... Ceu rék ngiring, atawa badé di dieu waé, bobokeun?" tanya Haji Hinda.

"Duh, jaba pembukaan, nya. Kumaha atuh?" Bu Evi pipilueun bangun hariwang.

" Istirahat we, Bu, karunya bilih lieur." pa Jajang miluan nyarita.

Kuring ngahuleng, lamun milu, kabayang bisi ngariwehhkeun batur. Tapi mun teu milu, sieun daratang deui mangkeluk nu tadi.

...

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Mantap sekali ceritanya Bunda

23 May
Balas



search

New Post