KAMAR 307
Tantangan menulis hari ke-136
Ku: Erni Wardhani
Atoh teu atoh sabenerna mah, meunang ondangan diklat téh. Atohna, asa ku bagja, bisa panggih deui jeung babaturan anu geus heubeul teu tepung. Ari kitu téh, sok resep ning, gogonjakan, masing capé gawé gé. Da lain duit-duit teuing, sih ... tapi éta ogé enya kétang.
Teu atohna, asa ku pabuis sagala rupa. Gawéan jeung waktu téh asa ku heureut. Encan sirah anu sok ngadadak rieut lamun angka dina almenak ngadeukeutan tungtung bulan. Tapi, dina emprona mah, indit ogé, bari jeung satengah haté gé.
Jius mobil anu ditumpangan ku kuring ngajius manja. Bangun anu ngarti posisi kuring. Haji Hinda mah katempona téh keur bungah. Teuing karék nampa gajih anu tanggal 20, teuing naon. Sapaparat jalan kuring ngobrol ngalér-ngidul. Jarak anu kurang leuwih 7 kiloan, asa teu karasa.
Geblug, panto Avanza ditutupkeun. Gep kuring jeung Haji Hinda nyokot babawaan séwang-séwangan anu jang tilu poéeun. Nyéh kuring ngabelenyéh nempo Haji Hinda anu rébo ku babawaan. Tas jingjing badag, kantong kérésék anu metet dua siki, encan tas pribadina. Asa ku mangcapékeun. Ari kuring mah sok horéam ranggém. Papakéan digulung-gulung maké karét geulang, tuluy didedet-dedet nepi ka mahi satas badageun.
"Kamar Ibu, di bawah ruangan rapat, ya...." Sora résépsionis ngageureuwahkeun kuring anu keur anteng gigireun Haji Hinda anu keur ngabuking hotél.
"Hey, ketemu di sini," ceuk sora tukangeun kuring.
"Heeeey, asikkkk bareng deui eung." Kuring atoh nalika ningal saha anu ngomong. Bu Evi jeung Bu Wulan, babaturan ti KBB.
Kuring anteng cipika-cipiki bari nanya iber, sasakali seuseurian. Poho ka sabudeureun.
"Jadi kamarnya buat empat orang, yaaa?" tanya résépsionis bangun anu kesel nempo kuring saparakanca malah ngaharé-harékeun.
Lieuk kuring jeung nu tiluan ngalieuk.
"Bisa, nggak kalau sekamarnya berlima?" kuring inget ka Bu Yayah anu oomatan hayang disakamarkeun.
"Boleh, tapi kamarnya ada di atas aula rapat, lantai tiga," cenah mani tiis, siga ka musuh. Teuteupna kosong.
Kuring pateuteup-teuteup jeung babaturan. Geus sapuk mah, laju ménta konci kamer. Bring opatan muru rohangan anu dimaksud. Salanté, dua lanté, aya ku leukeun. Jauuuuh, jeung asa ngemplad. Sababaraha rohangan nu diliwatan paroék jeung caméwék. Tiis, bangun geus lila tara dipaké. Lamat lancah sababaraha kali katempo di juru-juru.
"Puuhhhhh."
Aya nu niup kana lebah cepil kénca, nalika kuring ngaliwatan salasar lanté ka dua. Kuring luak-lieuk. Posisi masih siga tadi. Gigireun aya Haji Hinda, laju di tukang aya Bu Evi jeung Bu Wulan. Maranéhna anteng ngobrol. Kuring teu gujrud. Puriding, bulu leungeun muriding. Tapi ku kuring ditahan, bisi matak geunjleung. Leumpang digancangan, nu tiluan pipilueun. Sora sapatu tingpatémbalan minuhan salasar lanté dua. Beurang kénéh, jam satengah sabelas, tapi kaayaan sabudeureun asa ku sieum, jempling jeung keueung.
Anéh, masalahna, padahal loba jelema anu lar sup, pilihgenti diklat. Teuing bawaan cuaca anu rada alum, bangun rék hujan. Rét kuring ngarérét ka luhur, wiati asa lungguh. Méga bangun beurat nanahan cai anu bangun rék dibahékeun.
"Hayu, ah, bisi keburu ujan," ceuk kuring rusuh.
"Téh, aku mau nyimpang dulu ke temen, ya?" ceuk Bu Wulan bari ngajak ka Bu Evi.
Tinggal kuring jeung Haji Hinda nuluykeun léngkah sangkan buru-buru nepi ka rohangan anu dimaksud.
Konci masih dicepeng. Pageuh malah. Lanté anu katilu geus satengahna kapapay. 301, 302, 303 ... na jero haté kuring nataan nomer kamer. Hartina, tinggal ngaliwatan tilu kamer deui, nepi ka kamer nu ditunjuk résépsionis.
Reg, kuringe jeung Haji Hinda eureun hareupeun kamer 307. Rét kuring ngarérét Haji Hinda anu keurw ngageberan awakna maké kipas hias. Késangna nyuruluk, padahal rarasaan teu pati hareudang. Teuing capé meureun, mawa tas anu sakitu lobana.
Konci diasupkeun. Krék ... lalaunan géréndél panto dibuka. Rarasaan asa beurat, bangun aya anu nahan di jero. Kuring ngalawan hawa ka sieun. Gep gagang panto dicekel pageuh, tuluy disurungkeun.
Gebray, panto muka satengah.
...
(Nyambung)
Penulis adalah guru SMKN 1 Cianjur.
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan
Komentar
Naha bersambung ....jadi we panasaran
Naha bersambung ....jadi we panasaran