Erni Wardhani

QUEEN ERNI ATAWA ERNI BERKATA...

Selengkapnya
Navigasi Web

KAMAR 307 (6)

Tantangan menulis hari ke-144

"Aww...." Bu Evi teu sirikna ngacleng kana kasur kuring.

Tiluan ngajarerit. Bu Wulan teu pati geumpeur, masing pang ngorana gé, tapi lumayan ludeungan. Léos manéhna ka kamer mandi, bangun hayang ngabuktikeun bener henteuna. Nu tiluan ngahéphép bari seuseurian. Panon kuring gular-giler, molotot ngaoconan. Haji Hinda seuseurian.

'Baku, ah, Ceuceu mah ari tos nyingsieunan téh. Sebel." Pokna.

Kuring ngésér ka juru. Bu Evi jeung Haji Hinda pipilueun. Laju cacalakatakan.

"Iya, ya ... Ini darahnya!" Bu Wulan ujug-ujug hol di lawang panto bari ningalikeun tissue anu aya getihan.

"Éy, gila ... Enya nya, di mana éta?" ceuk kuring.

"Di lebet toilétna, pan?" Bu Evi semu ngayakinkeun.

Bu Wulan unggeuk bari muter-muter tissue anu keur dicepeng. Kuring muriding. Na jero haté tatanya, moal kitu getih anu keur mandi tadi?

"Oh, Bu Wulan, piceun, aya ku uyuhan!" Bu Evi nyarita bari ngabirigidig.

Bu Wulan teu loba carita, bari masih nyeumpal tisu, awakna ngagidig muru wadah runtah. Sup, tiau diasupkeun. Laju nyampeurkeun deui ka kamer. Opatan euweuh eureunna nyaritakeun hal getih, ditungtungan ku jangjian waktu peuting, rék ngaji Yasin babarengan. Itung-itung munajat, jeung ngadungakeun kamer, bisi tara didoaan pisan. Kabéh sapuk. Pokona bérés matéri, rék langsung tadarusan. Mugia jadi bisa nulungan kaayaan. Geus papada satuju mah, kabéh bébérés, laju darangdan. Ketua diklat geus ngageroan dina grup WA, ngahiap-hiap sangkan peserta geura daratang ka rohangan anu masih kénéh molongoong. Lantaran hayang saeutik jongjon, kuring teu maké baju batik. Asa ku barosen jeung harareudang, dibabatik sapoé jeput. Gep kana gamis kaos warna bodas gambar tulisan, tapi nyopan lamun dipake dina acara diklat, ngan teu pati resmi. Batur mah, maké batik. Bring babarengan ka luar.

Nepi hareupeun rohangan diklat, karék gé rék asup, ana celengkeung téh, aya anu ngageroan. Tarik pisan.

"Bu Rinrin!!"

Kuring ngalieuk béh datangna sora. Katempo Bu Tika ngagupayan bari seuri di lanté opat. Kuring rada ngalengak. Lantaran horéam naék deui ka lanté luhur, kuring ngodeu sangkan bu Tika nelepon. Untung kahartieun, laju manehna nelepon. Eusi telepon, sangkan kuring jeung Haji Hinda ka rohangan panitia. Teu loba carita, kuring metot Haji Hinda sangkan nuturkeun. Manéhna surti. Teu kungsi tilu menit, kuring jeung jeung Haji Hinda geus aya di hareupeun rohangan panitia.

"Ka lebet, Bu...." sora Pa Rahmat di jero.

Kuring jeung Haji Hinda langsung uluk salam, tuluy dariuk.

"Bu, bantosan panitia, nya, ayeuna aya sababaraha hiji acara, kirang personil, wayahna kedah ngaMCan, sareng mimpin lagu. Saha wé éta mah. Kedap deui, ngantos kapala." cenah bari seuri.

Kuring saukur ngaheueuhkeun. Laju babagi pancén. Ahirna kuring kabagéan mingpin lagu.

"Pami tiasa mah, gentos heula acuk Ibu, supados rada resmi atuh, komo bade ka payun mah." Pa Rahmat méré pamadegan.

Bener ogé, piraku mingpin lagu Indonesia Raya maké baju anu teu resmi. Kuring melong jam anu naplok luhureun tipi LCD, mun ganti baju heula, hartina kuring kudu balik deui ka kamer. Pasti bakal kaburu kénéh. Kuring nyarita ka Haji Hinda, rék ngaganti heula baju. Haji Hinda ukur unggeuk, bari papisah méngkol lebah tangga.

Satengah lumpat kuring muru kamer. Capé teu dirasa alatan kadesek ku muru waktu sangkan kaburu. Teu kungsi kudu ka Bu Evi heula, da konci kabeneran dicekelan ku kuring. Ngaliwatan sababaraha hiji I kamer anu mimiti sepi, lumayan keueungna. Kuring sabenerna mah ngawani-wani manéh sangkan teu sieun. Rét ka kénca jeung ka katuhu, rarasaan asa angger teu nepi-nepi. Kamer nu hiji jeung nu lianna ku sararua. Matak keueungna téh, lantaran wanci kieu you mah, anu marondok téh, keur mimiti narima you materi deui. Kuring hah heh hoh ogé. Lantaran capé, gék diuk dina buruan kamer nomer 229. Rét ka lebah kolam anu aya peuntaseun kamer. Ngan kahalangan ku témbok wates. Katempo aya barudak leutik keur ngulinkeun cai kolam. Duaan. Bangun adi lanceuk. Maraké kaos konéng disaruakeun. Alakur. Ditempokeun ku Ibu;ibu anu nukangan kuring. Barudak anu dua nunjuk ka kuring anu keur anteng nempo, kuring seuri bari ngagupayan, jeung langsung cengkat. Maksud téh, rék nuluykeun ka kamer. Karék gé tilu léngkah, na atuh bet ditingalikeun hal nu ganjil. Ibu-ibu anu nukangan téh malikkeun sirahna kotka 180 darajat, awakna mah angger nyanghareup ka béh barudak leutik. Sapersekian detik kuring molohok, geus sadar mah belecir lumpat tingpaparétot.

Awak ngadégdég, bari lelembutan mah masih ngabayangkeun ibu-ibu anu murilitkeun beuheungna bari mencrong ka kuring.

Hanca

Penulis adalah guru SMKN 1 Cianjur

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Pasti menarik ceritanya. tapi sayang, saya tidak tahu artinya, hehe. Salam sukses selalu, Bu Erni.

26 May
Balas



search

New Post