Mawar Bodas (bag 3)
#Tantangan menulis
# Minggu bahasa daerah
Senen subuh kuring miang deui ka Garut. Duh lamun seug kuring jeung Marni jadian meureun miang ka Garut teh sumanget da aya nu ngantosan.
Samemeh miang amih mekelan misting eusina sangu kumplit jeung deungeunna, teu wani nolak amih mah sok bendu lamun ditolak ngaran nu jadi indung dianggapna kuring teh budak bae najaun umur tos nincak 27 taun. Salian ti misting amih mekelan nasehat panjamg pisan pangpangna kade ulah ningalkeun anu lima waktu.Yaktos amih diestokeun pisan masalah eta mah.
Jam 7.30 nepi ka Garut.Kuring langsung muru ka imah dines nyimpen heula tas ransel tuluy ganti baju jeung sapatu da tadi mah make stelan casual.Geus saged baju beusi kumplit jeung atributna kuring sarapan bekel ti amih. Rengse tuluy ka kantor anu jarakna ngan sababaraha lengkah ti imah dines.
Barang nepi ka kantor,di rohangan tunggu aya sababaraha urang tamu anu geus daratang.Diantarana aya ibu-ibu keur ngarobrol uplek pisan sigana eta ibu-ibu aya perlu ka bagean pelayanan.Emhh dasar ibu-ibu lamun ngagibah meni sok baretah. Kuring tuluy muka komputer nuluykeun hanca pagawean anu kamari katunda.
Keur jongjon ketak ketik perhatian kuring kapancing ku datangna soara cekat cekit sihoreng sora sendal budak anu dibawa ku ibu-ibu. Si ibu norojol datang bari hariweusweus dangdanan na menor awakna weweg dina leungeun na aya urut dikuris sagede cakcak.
"ibu, ibu terang teu nembe aya kajantenan " ngomongna tarik malah kakuping ku kuring jelas pisan.
" Kajantenan naon Un? Ceuk si ibu anu kerudung koneng,
" Neng Marni bieu arek indit digawe ka puskesmas ampir weh diculik ku si Burhan, untungna kaburu kanyahoan ku kang Entis jadi dilesotkeun deui" nguping ngaran Marni disebut kuring curinghak.Tuluy ngupingkeun obrolan ibu-ibu susuganan aya warta ngeunaan neng Marni. Bari mata mah anger kana komputer.
"Naha si Burhan make arek nyulik neng Marni apan si Burhan teh tunangan na lain?"ceuk si ibu kerudung koneng ngarasa helok.
" Ih euceu na teu apal kitu? Apan minggu kamari teh si Burhan ujug-ujug narikan kawin majarkeun teh tong waka resepsi akad heula weh soalna neng Marni bade dicandak ka London malah neng Marni geus dipangnyieunkeun paspor sagala ku manehna cenah ari pek teh dua poe ka waktuna aya nu nyusul kadinya pamajikan na jeung anakna dua si Burhan teh sihoreng boga pamajikan jeung anak dua manehna tara balik ka imah geus sababaraha bulan.Terus kolot si Burhan teh sihoreng lain urang Jakarta.Indung bapana anu dikenalkeun ka neng Marni eta teh batur anu ngahaja disewa ku manehna sangkan nyanewara jadi kolot manehna.. tah, , kulantaran
kitu abah Sukanta ngadat jadi nikahna dibatalkeun si Burhan diusir ku abah bari ngabar bedog bakating ku jengkel meureun"
Deg kuring reuwas nguping obrolan ibu -ibu karunya teuing neng Marni kutan kitu caritana dua minggu anu kaliwat tiharita basa kuring ka imahna geuning aya kajadian aheng kieu gerentes hate kuring.
" Ya Allah karunya jadi neng Marni teh katipu ?"Ceuk si ibu nu baju hejo
"Ih nurus tunjung geuning si Burhan teh teu baleg paingan atuh asa beda legegna oge euceu mah teu resep.terus asa teu cocok ka neng Marni.Neng marni mah geulis solehah jaba bidan" ceuk si ibu baju hejo siga mangkeselkeun.
"Nya sarua ceu mangleubarkeun Uun oge hadena weh kaburu katohyan eta si borokokok teh teu uyahan pisan
ngaku ngaku gawe di London malah neng Marni arek dibawa kaditu arek jadi bidan diditu,ngomong namah ih kacipta da Uun mah lamun seug Neng Marni jadi dibawa sigana neng Marni arek dijual" ceuk ibu-ibu anu ngaran Uun.Kuring rada kaget sihoreng neng Marni teh bidan keur waktu kenalan kuring teu tatanya masalah pagawean sok inggis neng Marni kasinggung
Nguping obrolan ibu-ibu, kuring jadi asa teu puguh pikiran kudu sedih atawa bungah ngadenge beja ieu.Nu jelas harepan anu kungsi pareum ayeuna ngadadak ngagedur deui.
"Ari Uun beja timana meni kumplit kitu?Ceuk si ibu anu baju hejo bari kerung.
" Ih Uun mah meunang beja ti sumber anu terpercaya atuhh Uun tea lambe turah" ceuk Ceu Uun bari gulak gilek.Ceu uun ceu uun jadi biang gosip bangga tapi alus sih kuring jadi apal kaayaan neng Marni.
"Ke..ke Ari mobilna anu manehna lain?"Si ibu baju hejo nanya deui kawasna panasaran da biasana lamun sakali bohong bakal bohong sagala rupa.
" Lain ceu sihoreng mobil oge sewaan malah cenah tara dibayar jadi anu boga mobil nyusul ka imah neng Marni.
Ah poko namah neng Marni mah wiwirang di kolong catang weh gujrud salelembur ear sajajagat sararea jadi arapaleun yen tunangna nateh tukang tipu"ceuk ceu Uun bari ngaheruk.
" Ah tapi ceuk euceu mah malah alus kanyahoan ti ayeuna coba lamun kanyahoan geus beres akad kolotna moal bisa kukumaha da dibawa ku salakina. Berarti Allah masih nyaah ka neng Marni" Ceuk si ibu anu make kerudung koneng mairan.
" Heeh nya kacipta perasaan abah Sukanta mana teuing bakal ginggiapeun mun anakna jadi kawin ka si Burhan teuing dibawa kamana boa dijual " ceuk ceu Uun ngabirigidig.
*************
Bersambung....
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan
Komentar