Hamidah

Guru kelas pada MIN 3 Sukabumi ...

Selengkapnya
Navigasi Web
Neng Selfi

Neng Selfi

Malem Salasa harita teh bada Isya kuring rengse narima orderan tuluy ngumpul jeung babaturan sasama tukang ojeg online di tukang bandros langgganan.

Babakunamah gunem catur bae sagala diwangkongkeun ti mimiti pangalaman hirup nepika nyaritakeun kasusah kumplit jeung sempal guyon gogonjakan.Kitu nateh bari  ngopi jeung udud caneutna bandros mang Dede anu kawentar  di kota kuring.

Maksud teh rengse ngumpul arek mulang da geus pukul 10 peuting.Tapi kuring bet poho mareuman aplikasi keur kitu tiriliiing aya orderan asup, teu dicokot leubar kapalang tuluy ku kuring dipick up.Lumayan lah hiji mah jang nambahan.

Sanggeus nepi ka tempat pick up katempo aya wanoja geus ngajentul nungguan kuring.

" Neng Selfi?" Tanya kuring 

" Sumuhun tembalna " bari kalacat manehna naek kana boncengan motor kuring.Biur weh kuring ngagas motor rek muru kanu dituju. Di perjalanan ngaliwatan tukang sate, eta penumpang noel ka kuring 

" Kang liren heula di tukang sate nya abdi bade meser sate heula" pokna 

" Euh mngga atuh" walon kuring bari  ngerem motor tuluy dikasisikeun persis hareupeun gorobag sate.

Si wanoja turun tuluy manehna mesen sate, barang rek mayar eta awewe nyampeurkeun ka kuring pok nyarita " Kang punten gaduh artos 50 rebu ? Abdi bade nambut ke tos dugi ka bumi ditawur sakantenan sareng ongkosnya ieu artos dina dompet abdi kirang " bari nembongkeun eusi dompet sidik katingali ku  kuring duitna receh  wungkul.

Lantaran karunya ku kuring tuluy weh dibere injeum..Sanggeus beres motor maju deui ka alamatna saluyu jeung aplikasi.

Teu kungsi sajam geus nepi kanu di tuju. Si wanoja turun tuluy nyarita 

" antosan sakedap nya kang abdi nyandak artos heula" pokna bari ngaleos bus ka hiji imah.

Geus aya kana 15 menitna eta wanoja teu kaluar- kaluar kuring geus mimiti kesel.Sigana pohoeun atawa neangan duit heula naha bet lila atuh?ceuk pikir kuring sigana kudu diketrokan panto imahna kaya kieu mah, kuring turun tina motor tuluy weh keketrok 

" tok tok Asalamualaikum"

Jempling teu aya anu nembalan.

Teu putus asa kuring keketrok deui kulutrak panto dibuka lol aya awewe kolotna kira-kira 60 taunan."waalikum salam bade kasaha acep?" Tanya si ibu darehdeh 

" Dupi ieu leres bumi neng Selfi?" 

Si ibu colohok geus kitu manehna nanya sumu heran

" leres ari acep saha ? 

" Abdi mah tukang ojeg nembe teh neng Selfi naek ojeg abdi teu acan nawur ongkos sareng tadi teh nambut artos 50 rebu" 

 Si ibu carinakdak " Acep mangga calik heula sakedap ngomongna kitu bari mukakeun panto kuring nurut tuluy abus gek  diuk dina korsi di rohanngan tamu.

"Acep Selfi teh leres putra ibu tapi da tos pupus sataun kapengker bilih teu percanten ieu foto-foto nuju dikurebkeun na " ceuk  siibu bari nembongkeun foto pemakaman dina album.

Kuring ngarenjag reuwas naha atuh tadi meni sakitu nyatana manehna naek ojeg nginjeum duit sarta abus ka imah ieu.

" Ya Allah ibu janten neng Selfi teh tos ngantunkeun nya?" 

" Sumuhun acep ibu mah nyalira bae ayeuna mh teu aya rencang , apana selfi tos pupus oge lima taun kapengker eh punten acep sabarha ibu kedah naur ongkosna sareng sametan na ?" Ceuk si ibu bari gep kana dompet anu ngagoler dina meja.

" Ah sawios ibu teu kedah ditawur abdi ikhlas " walon kuring tuluy pamitan asa rada kukurayeun ngadangu carita siibu 

Nepika imah kuring nyaritakeun pangalaman eta ka pamajikan. Menehna reuwas  ngadangu pangalaman aheng kuring.

Sanggeus reureuh sajongjongan, kuring tuluy nyetorkeun duit ka pamajikan hasil ngojeg poe ieu.Barang ngodok saku jaket gorehel aya duit 50 rebu padahal eta duit sidik geus dipake mayar sate anu neng Selfi  naha masih keneh aya? 

 

Cag ah !

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post