inah enceu

Saya Inah Enceu lahir di Bandung 20 September 1969. Guru SDN Cibeunying , desa Cibodas , kecamatan Lembang, Bandung Barat, Jawa Barat....

Selengkapnya
Navigasi Web

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LEMBANG 2 (5-2)

Tantangan Menulis hari ke-77

Ada terjemahannya

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG 2

( Hariring Kuring carita Urang )

Bagéan ka-5

*****Naha domba kabur atau ka sasar.

DITITAH KAWIN

Sajeroning ngajingjing émbér pikiran asa teu puguh. Can pati ngarti naon maksud caritaan Kang Nanang tadi ka Momon, adina.

Di tanjakan teu panggih jeung jelema saurang-urang acan. Iwal tadi jeung Momon nu geus tinggalkeun ti heula. Euweuh pikeun pakumaha. Maenya kudu nyarita jeung tatangkalan mah. Hayang teuing geura ka imah. Bisa ngobrol jeung nu jadi adi. Da jeung Si Tétéh mah piraku. Engké bisa diomongkeun deui ka salakina.

Ngan lima léngkah deui rék nepi kanu datar. Haté atoh. Hartina téréh nepi ka imah. Kaayaan geus rék poék. Sora tonggérét mimiti kadéngé patémbalan tina régang nu hiji nepi karégang tungtung. Matak nyérédét haté.

Kuring ningali pager kembang sapatu jiga oyag. Punduk jadi muringkak. Kuring nenangkeun haté. Jigana ucing atwa hayam nu can ngampih ka kandang. Pager nu katuhueun jalan oyagna beuki tarik. Aya lini kitu? Kuring ningali pager nu kéncaeun jalan teu oyag. Naha aya domba kabur. Tuluy teu bisa kaluar tina pager hirup ieu. Ujug-ujug …

“Waaaa ….” aya sora ngagétkeun kurking.

Jajantung asa rék complok. Kuring nahan rasa kesel. Hayang nonjok kana beungeutna.

“Aduh, Mon …!” ceuk kuring bari ngécagkeun émbér kana taneuh, tuluy kuring ngepeulkeun peureup.

“Nya, hampura. Reuwas, nya? Ka dieu dibantusan nyandak émbér,” ceuk manéhna bari ngajungjungkeun émbér tuluy dijingjing.

Rasa kakeuheul leungit. Kahadéan Momon geus ngalééhkeun haté kuring. Kuring leumpang ti tukangeunana. Manéhna dianteupkeun leumpang ti heula. Kuring ngahaja tinggaleun sababaraha léngkah. Kuring geus jangji dina haté rék ngajaga jarak.

Momon geus nepi kana lawang panto dapur lanceukna. Katingali Kang Nanang sirahna ngelol tina panto. Kuring nguliwed ka pipir. Lalaunan ngurilingan dapur. Engké lamun Kang Nanang rék ka jero imah, kuring rék asup ka dapur.

Kang Nanang héran ningali Momon ngajingjing émbér biasana ditanggung.

“Mon, naha ngajingjing cai di bawa ka dieu? Ka ditu atuh ka imah Ema!” saur Kang Nanang.

“Ieu mah cai nu Ceuceu. Ngan Ceuceuna di pengker kénéh,” ceuk Momon bari ngécagkeun cai ka juru dapur.

“Naha maké dibantuan sagala? Keun wé sina ku manéhna tuman!” saur Kang Nanang.

“Ih, karunya atuh, Kang. Capéeun. Mana subuh ngala cai, enjing-enjing dugi siang sakola teras ngarit. Ayeuna ngala deui cai,” walon Momon.

“Mangsa bodo. Kumaha manéh wé. Teu beunang dipapatahan. Engké lamun Ema terangeun ngambek geura,” saur Kang Nanang bari asup ka jero imah.

Kuring langsung ka dapur. Tuluy pantona ditutup. Momon cicing di téras dapur. Kuring Cicing ngadagoan Momon balik ka imahna. Da imahna jeung imah Si Tétéh ngaréndéng.

“Naha Momon téh geus balik, acan?” ceuk haté bari noong tina bilik dapur.

Barang ngantelkeun panon kana bilik jiga aya panon ti luar diantelkeun ogé kana bilik éta.

“Hoyah! Patoong-toong,” ceuk Si Ayi ti luar bari mukakeun panto dapur.

Kuring ngagebeg, éra campur reuwas. Ngagebeg reuwas ku Si Ayi. Éra sabab Momon nyahoeun kuring keur noong manéhna.

"Héhéhééééé … . Ayi, sugan téh saha, “ ceuk Momon jiga nu éra ogé.

“Naha maké jeung silih toong? Sok wé asup ka dieu,” ceuk Si Ayi pok deui.

“Teu, ah. Harayu!” ceuk Momon bari balik ka imahna.

“Jung!” ceuk Si Ayi bari melong ka kuring.

“Ceu, Momon jiga nu bogoheun ka ceuceu. Buktina mangmawakeun cai. Tuluy bieu noong. Ceuceu ogé bogoh, nya ka Momon? Buktina noong ogé,” ceuk Si Ayi bari nyéréngéh.

“Ah, teuing. Jempé bisi ngadangeun ku Si Akang jeung ku Emana Momon,” ceuk kuring bari isarah ngantelkeun curuk kana biwir.

***

Terjemahannya :

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG 2

( Senandungku Cerita Kita )

***

DISURUH KAWIN

Sembari menjinjing ember pikiran tak karuan. Belum begitu mengerti apa maksud pembicaraan Kang Nanang tadi kepada Momon, adiknya.

Di tanjakan tak bertemu dengan seorangpun. Kecuali tadi dengan Momon yang sudah meninggalkanku duluan. Tak ada untuk curhat. Masa harus berbicara dengan pepohonan. Ingin segera sampai di rumah. Bisa ngobrol dengan adikku. Kan dengan Si Teteh tak mungkin. Nanti bisa diomongkan ke suaminya.

Cuma lima langkah lagi sampai ke tempat yang datar. Hati senang. Artinya segera akan sampai ke rumah. Keadaan sudah hampir gelap. Suara ‘tonggeret’ mulai terdengar bersautan dari ranting yang satu sampai ujung ranting. Menambah terbesitnya hati.

Aku melihat pagar bunga sepatu seperti bergoyang-goyang. Kudukku merinding. Aku menenangkan hati. Mungkin itu kucing atau ayam yang belum masuk kandang. Pagar yang di kanan jalan bergoyangnya semakin kencang. Apakah ada gempa? Kulihat pagar yang di sebelah kiri tak bergoyang. Apakah ada domba yang kabur. Lalu terjebak di pagar hidup ini. Tiba-tiba …

“Waaaaw ….” Ada suara mengagetkanku.

Jantungku hampir copot. Aku menahan rasa kesalku. Ingin rasanya meninju pada wajahnya.

“Aduh, Mon …!” kataku sambil menyimpan ember di tanah, lalu kukepalkan tanganku.

“Ya, maaf. Kaget, ya? Sini kubantu bawakan ember,” katanya sambil mengangkat ember lalu menjingjingnya.

Rasa kesalku hilang. Kebaikan Momon telah meluluhkan hatiku. Aku berjalan di belakangnya. Kubiarkan dia jalan duluan. Aku sengaja tertinggal beberapa langkah. Aku telah berjanji dalam hatiku untuk menjaga jarak.

Momon sudah sampai di depan pinru dapur kakaknya. Terlihat Kang Nanang kepalanya ke luar dari pintu. Aku sembunyi ke belakang dapur. Perlahan mengelilingi dapur. Nanti kalau Kang Nanang ke tengah rumah, aku mau masuk ke dapur.

Kang Nanang heran melihat Momon menjinjing ember biasanya dipikul.

“Ini air Ceuceu. Ceuceunya masih di belakang,” jawab Momon, sambil menaruh ember di sudut dapur.

“Kenapa dibantu segala? Biar saja sama dia sendiri kebiasaan!” kata Kang Nanang.

“Ih, kasihan, Kang. Kecapean. Mana subuh ngambil air, pagi sampai siang sekolah lalu mencari rumput. Sekarang ngambil air lagi.

“Masa bodoh. Terserah kamu saja. Tak bisa dinasehati. Namti kalau Ibu tahu ngambek,” kata Kang Nanang sambil masuk ke tengah rumah.

Aku langsung ke dapur. Lalu pintu ditutup. Momon diam di teras dapur. Aku diam nunggu Momon pulang ke rumahnya. Rumah Momon dan rumah Si Teteh bergandengan.

“Apakah Momon sudah pulang, belum?” batinku sambil ngintip dari bilik dapur.

Begitu menempelkan mata ke bilik seperti ada mata dari luar ditempelkan juga ke bilik itu.

“Hey! Saling intip,” kata Si Ayi dari luar sambil membuka pintu dapur.

Aku terkejut, malu campur kaget. Terkejut, kaget sama Si Ayi. Malu sebab Momontahu kalau aku sedang mengntipnya.

.Héhéhééééé … . Ayi, kirain siapa,” kata Momon seperti malu juga.

“Kenapa saling intip? Sok masuk saja ke sinu,” kata Si Ayi ngomong lagi.

“Gak, ah. Mari!” kata Momon sambil pulang ke rumahnya.

“Ya!” kata Si Ayi sambil menatap kepadaku.

“Ceu, Momon seperti suka sama Ceuceu. Buktinya membawakan air. Lalu barusan ngintip. Ceuceu juga suka , ya sama Momon? Buktinya ngintip juga,” kata si Ayi sambil tersenyum.

Gak tahu, ah. Diam nanti kedengaran sama Kang Nanang dengan Ibunya,” kataku sambil isyarat dengan telunjuk ditempel ke bibir.

Bersambung …

Lembang, 27 November 2020

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Asyik ikuti ceritanya Bun. Salam literasi.

28 Nov
Balas

Terima kasih apresiasinya salam literasi juga

28 Nov

Asyik mengikuti cerita si Momon ini. Jadi penasaran bagaimana kelanjutnnya. Semangat berkarya, Bu Inah. Semoga sehat, bahagia, dan sukses selalu. Salam literasi. Barakallah.

28 Nov
Balas

Aamiin

28 Nov

Semoga berjodoh ya bund. Salam literasi

28 Nov
Balas

Aih.....udah lama ga baca. Semakin seru ceritanys

29 Nov
Balas

Momon dan ceu semoga berjodoh ya Bu..Keren ceritanya Bu...bikin penasaran kelanjutannya..salam sukses selalu ya Bu

28 Nov
Balas

Terima kasih apresiasinya aamiin

28 Nov

Waduh st..jangan orang tahu ya semakin seru ceritanya bun

28 Nov
Balas

Terima kasih apresiasinya

28 Nov

Cerita selalu menarik... Sukses bun

28 Nov
Balas

Keren ceritanya. Sukses selalu Bu Inah

29 Nov
Balas

cerpen bilingual yg keren bu, semoga sehat dan salam sukses selalu.

28 Nov
Balas



search

New Post